Minggu, 27 Februari 2011

~Tunda Talatah Rancage Hatena~

1.Weruh Semu anu Saestu
2.Ngarti Wangi anu Sajati
3.Surti Lantip Pikirannana
4.Hade Hate Laku Lampahna
5.Datang Nyawa teu Miboga
6.Mere ciri Kalamangsa
7.Pupuh Teguh Bari Nyipuh
8.Motekar Janglar Loba kadaek
9.Puji Syukur,Punjung Puja Pangabakti
10.Hurip Waras Rasa Diri anu Surti
11.Welas asih(asah-asuh) ka Sasama Manusa anu Sagusti...

Sabtu, 26 Februari 2011

BEDGE PEMKAB SUMEDANG

SIMBUL atawa lambang Sumedang teh dijieun ku tim peneliti,ti Dewan Pemerintah Daerah(DPD) nyaeta Suparno,Moh Sulaeman,Sustinea,R.S.Sulaeman,jeung R.Gumilar Prawiranegara(Nu Nulis).Tim peneliti dijejeran ku R.Mahar Martanegara(Almarhum)hiji ahli simbul,anjeunna netepkeun yen simbul Sumedang teh "LINGGA" insun-medal,
Lambang Sumedang teh ngandung palasifah jatidiri manusa,
Panghandapna,

nomer 1 ngalambangkeun sumber tanaga magnetik anu dipiboga ku sakur manusa,

nomer 2 tangga nu lobana lima,ngagambarkeun pancaindra,

nomer 3 tihang dalapan siki,kenca-katuhu,ngagambarkeun dimensi alam,

nomer 4 pasagi 4 ngagambarkeun papat kalima pancer,

nomer 5 buleudan ngagambarkeun sajatining,nyaeta manusa nu geus ngahontal marifat,nu geus nyaho ka sajatina.

jalma nu milampah palasifah lambang ieu bakal miboga watek satria tandang tanding;ludeung teuneung taya katineung,pertentang taya karingrang;teu gedag kaanginan,moal murag buuk salembar;wisesa lir tiwikrama,bleg nambleg nandingan gunung;janggelek sajatining jisim,nu nyumput jeroning jirim;weruh sadurung winarah,waspada permana tinggal,sampurna pancaindra,huri warasing isun,asal sia asal aing,ucap nyata kalimusada;raga nyawa teu miboga,anging keresaning nu Kawasa,hirup kaula sawawa,nya aing sajatining manusa.

Tulisan dina segi 4;
"KITA SEKALIAN BERSAMA-SAMA UMATNJA TUHAN LAGI SEASAL DAN SETURUNAN KALAU DIPIMPIN OLEH JANG PALING SEMPURNA JANG BERHATI SUTJI DAN BIDJAKSANA AMAN TENTERAM KEADAAN NEGARA",
dina kaayaan nagara urang kawas ayeuna kudu diTAFAKURan...

"urang sadaya sami tunggal
kawulanging Allah.saasal
satedak keneh.upami dikapalaan
ku nu sampurna,wening galih
sareng linuhung,ayem tengtrem
sadayana"...

Peuting Ayeuna

lain Bohong rasa ieu rasa enya kuring
Rasa tresna kuring , rasa dedeuh kuring
Tapi sanajan ieu rasa ...endah mun di lakonan
Tapi sanjan cinta ieu endah mun di jalakeun


Moal genah mun aya nu sakit saencan na
Moal genah aya koraban endah diditu
Nu motah codeka ku cinta urang duaan
nu nyeri alatan cinta urang duaan


Kuring pernah ngarasa codeka
Kuring pernah ngarasa raheut alatan korban cinta
Tapi kuring embung batur ngarasa sarua
rasa nyeri
jeung nyeri

sina jadi batur panyimut sare

Rabu, 23 Februari 2011

Ti Anjeun Nu keur Kuring

Itungan poe. . . . . .itungan jam … itungan menit. . .  . Itungan detik . . . . .


Gening teu karasa geus nincak sataun maneh na ninggalkeun kuring
Gening geus nek sataun ieu rasa nyeri geus nyicingan ati. . . . . .
Teu ilang ku wanci teu kahapus ku mangsa . . . . . . . . . .  . .
Sataun lilana di teundeun lain di palire tapi teu nyaho kumaha cara ngaleungitkeuna
Rasa nyeri nu kumanehna di ukir nu dididmitian kurasa cinta nu ngesian ati nu garing kurasa cinta
Mere rasa endah mimitina . . . .  .  ,mere jangji amis ti awalna di amparan guratan – guratan bagja dianggana  . . . . .  .
Teu nyangka bakal ngukir jadi pait tung – tungna
Sulaya ninggalkeun jajina miceun kuring didieu nyoranga
Di simpe peuting . . . . . . .  . . .


                                                                   Sumedang – 05 – Februari- 2010

Selasa, 22 Februari 2011

SAJARAH SUNDA JEROEUN KABUDAYAAN SUNDA


Dumasar titinggal tinulis anu mangrupa prasasti jeung naskah, dina abad wewelasan urang Sunda geus katembong gede kasadaran sajarahna. Sababaraha prasasti anu dikaluarkeun ku raja Sunda disebutna sakakala. Eta istilah ngandung harti pangeling-ngeling; pangeling-ngeling ka mangsa katukang. Jadi, prasasti sakakala hartina prasasti anu dikaluarkeun atawa eusina pikeun mieling hiji hal (kajadian, kaayaan) anu geus kalakonan. Beda jeung prasasti piteket, nya eta prasasti anu dikaluarkeun pikeun mutuskeun hiji hal atawa anu eusina kaputusan raja ngeunaan hiji hal. Eusi prasasti sakakala nyaritakeun kajadian atawa kaayaan mangsa katukang, ari prasasti piteket ngembarkeun hal anu kajadian harita. Kukituna prasasti sakakala leuwih eces nembongkeun kasadaran sajarahna tibatan prasasti piteket, sok sanajan duanana oge ngandung ajen dokumen historis. Prasasti Batutulis anu aya di kota Bogor ayeuna bisa dijadikeun conto prasasti sakakala. Ieu prasasti anu ditulis make basa Sunda (kuna) dikaluarkeun ku Prabu Surawisesa (raja Sunda nu marentah taun 1521-1535) taun 1533 pikeun mieling ramana, Sri Baduga Maharaja (raja Sunda nu marentah taun 1482-1521), anu pupus 12 taun kalangkung (1521) bari sakalian ngayakeun upacara srada, nya eta upacara pikeun nyampurnakeun arwah luluhur. Dina ieu prasasti dicaritakeun ngeunaan gelar Sri Baduga Maharaja anu sababaraha kali gentos luyu sareng kalungguhanana, luluhur Sri Baduga, jeung hasil garapanana. Unina awal eta prasasti kieu. “Wan na pun. Iti sakakala Prebu Ratu purane pun. …” (Mugi-mugi salamet. Ieu tanda mieling haturan Prebu Ratu almarhum. …). Conto prasasti piteket nya eta prasasti Sanghiyang Tapak anu dikaluarkeun ku Sri Jayabhupati, raja Sunda taun 1030-1042. Ieu prasasti ngabewarakeun kaputusan Sri Jaya bhupati ngeunaan wates daerah kabuyutan (daerah kaagamaan) Sanghiyang Tapak, larangan ngaganggu eta daerah kabuyutan, larangan ngala lauk di walungan nu aya di eta daerah, jeung ancaman hukuman ka sing saha anu ngalanggar larangan-larangan kasebut.
Luhurna kasadaran sajarah urang Sunda harita katembong oge tina amanat Rakeyan Darmasiksa, raja Sunda taun 1175-1297, ka putra-putuna, jembarna ka sakumna urang Sunda sapandeurieunana. Eta amanat kaunggel dina naskah Amanat Galunggung anu ditulis dina daun lontar make aksara jeung basa Sunda (kuna). Unina kieu.
Hana nguni hana mangke, tan hana nguni tan hana mangke.
Aya ma beuheula aya tu ayeuna, hanteu ma beuheula hanteu tu ayeuna.
Hana tunggak hana watang, tan hana tunggak tan hana watang.
Hana ma tunggulna aya tu catangna.
(Aya bareto aya jaga, lamun teu aya bareto moal aya jaga.
Aya baheula aya ayeuna, lamun teu aya baheula moal aya ayeuna.
Aya iteuk aya dahan, lamun teu aya iteuk moal aya dahan.
Lamun aya tunggul tangtu aya urut tangkalna.)
Hiji cecekelan hirup manusa anu sifatna historis, ngandung tilu dimensi sajarah: mangsa katukang, mangsa ayeuna, jeung mangsa nu bakal datang. Yen dina ngalakonan hirup alam ayeuna perlu nyoreang jeung ngaca ka alam tukang sarta seukeut deuleu jeung teteg hate dina nyanghareupan alam nu bakal kasorang. Sabab, saur Ayatrohaedi oge, sajarah teh nya eta tapak lacak nu kasorang, cecekelan urang leumpang, enggoning ngudag tujuan.
Atuh babaran sajarah anu luyu jeung eta kasadaran sajarah aya contona, seperti babaran sajarah nu aya dina naskah Bujangga Manik (disusun memeh taun 1511) jeung naskah Carita Parahiyangan (disusun teu lila ti saruntagna Karajaan Sunda). Bujangga Manik nyaritakeun pangalaman pangarangna (Prabu Jaya Pakuan) nalika ngalalana ngurilingan Pulo Jawa jeung Bali. Sacara ringkes Carita Parahiyangan nyaritakeun sajarah Karajaan Sunda jeung Karajaan Galuh ti mimiti ngadeg nepi ka runtagna. Raja-raja Sunda jeung Galuh ditataan saurang-saurang bari disebutkeun lilana nyekel pamarentahan.
Hanjakal pisan kasadaran sajarah jeung cara nyusun sajarah kitu teh henteu lana, da sabadana mah sajarah teh dihartikeunana meh sarua jeung legenda, malah sarua jeung mitologi. Atuh carita-carita sajarahna oge disusun dumasar eta harti nepi ka eusina pacampur antara sajarah jeung legenda atawa mitologi. Tegesna, sajarah meh taya bedana jeung dongeng. Gambaran sajarah kitu teh babakuna lamun nyaritakeun zaman Karajaan Sunda, Karajaan Galuh, jeung sumebarna Islam di Tanah Sunda. Katembong pisan saruntagna Karajaan Sunda jeung Karajaan Galuh urang Sunda ngagungkeun eta dua karajaan. Zaman harita dianggapna, malah dipercaya, sabage zaman ideal urang Sunda. Katelahna zaman harita teh zaman subur ma’mur loh jinawi, rea ketan rea keton, tata tengtrem kerta raharja. Tapi ngagungkeunana ku carita anu sifatna legendaris atawa mitologis boh dina wangunan tradisi lisan boh dina wangunan tradisi tulisan. Tradisi lisan ngawujudna dina carita pantun, carita legenda hiji tempat, kapercayaan sabubuhan masyarakat, saperti carita pantun Mundinglaya di Kusumah, Ciung Wanara, Lutung Kasarung, legenda leuweung Sancang, kapercayaan kana maung kajajaden anu asalna rayat Pajajaran. Tradisi tulisan ngawujud dina naskah, saperti Babad Pajajaran, Carios Prabu Siliwangi, Wawacan Kean Santang, Sajarah Banten, Carita Dalem Pasehan. Mundinglaya di Kusumah, putera raja Pajajaran, bisa ngapung nyaba ka langit padahal henteu jangjangan sarta bisa ngelehkeun mahluk gaib raksasa (Jonggrang Kalapetung) ku kakuatan gaib. Ciung Wanara keur mangsa orokna dipalidkeun ka walungan, terus nyangsang dina badodon (alat paranti ngala lauk) Aki Balangantrang, tapi henteu kua-kieu, salamet. Guruminda, putera (dewa) Sunan Ambu, ti kaindraan turun ka dunya bari nyamar jadi lutung (Lutung Kasarung) sangkan patepung jeung putera mahkota, Purbasari. Ku kakuatan gaib Guruminda bisa ngayakeun karaton nu singsarwa endah jeung ngabendung walungan masing-masing dina waktu ukur sapeuting. Kean Santang, putera raja Pajajaran Prabu Siliwangi, bisa napak rancang dina beungeut cai laut nyebrang nepi ka tanah Arab. Di Arab Kean Santang tepang sareng Bagenda Ali, oge Nabi Muhammad. Kean Santang lebet Islam, alatan eleh jajaten teu mampuh nyabut iteuk Bagenda Ali anu ditanclebkeun kana taneuh. Sunan Burung Baok, putera Prabu Siliwangi, bisa nerus bumi ti Pakuan (Bogor) ka Suci (Garut) bulak-balik.
Harti jeung gambaran sajarah kitu teh di kalangan tertentu masyarakat Sunda masih keneh lumangsung nepi ka ayeuna. Nepi ka taun 1984 hiji tokoh Sunda di Bandung sok ngadatangkeun roh Prabu Siliwangi anu ngajirim dina awak anak buahna. Sacara teu sadar eta anak buahna nembangkeun kidung anu pikasediheun bari gerak-gerikna siga maung. Dina hiji pajumuhan ilmiah sim kuring kungsi medar sababaraha urang raja Sunda anu hengker tur goreng adat jeung laku-lampahna nepi ka ngabalukarkeun karajaan jadi nyirorot kakuatanana, malah ahirna mah runtag samasakali (1579). Teu lila ti harita muncul komentar-komentar anu sifatna emosional ti sababaraha tokoh Sunda. Aranjeunna nganaha-naha sarta henteu nampi eta pedaran kalawan alesan anu teu jelas. Ringkesna mah, aranjeunna henteu suka raja Sunda digogoreng kitu. Padahal pedaran sim kuring dumasar kana informasi tina naskah Carita Parahiyangan anu disusun ku pangarang warga keneh Karajaan Sunda. Minangkana mah eta pangarang manghanjakalkeun ka raja-raja Sunda anu talajakna kitu.
Harti jeung gambaran sajarah Sunda saperti dipedar di luhur teh mimiti muncul dina awal abad ka-18 sanggeus kabudayaan Jawa asup ka jero kabudayaan Sunda. Asupna kabudayaan Jawa ka Tanah Sunda di mimitian ku asupna kakawasaan Kasultanan Mataram ka Priangan (1625) jeung ka Cirebon (1650). Saenyana dina ahir abad ka-17 nepi ka awal abad ka-18 masih aya keneh tulisan sajarah (historiografi) anu sifatna historis dihasilkeun di Tatar Sunda, nya eta ti Cirebon jeung ti Banten anu geus ngajanggelek jadi karajaan Islam (kasultanan). Bisa jadi eta tulisan sajarah teh, di sagigireun masih keneh aya pangaruh alam pikiran zaman samemehna, oge dipangaruhan ku konsep sajarah nurutkeun paham Islam. Asupna kabudayaan Islam ka Tatar Sunda dimimitian ku kagiatan buniaga jeung mukimna para sodagar Islam di palabuan-palabuan Karajaan Sunda. Eta kaum muslimin ditangtayungan ku Kasultanan Demak (1475-1546). Tapi sanggeus kakawasaan di Tanah Sunda aya dina cangkingan pamarentah kolonial Walanda (ti wangkid 1800) harti jeung gambaran sajarah anu miboga sifat legendaris/mitologis teh beuki ngandelan tur nerekab ka meh sakumna masarakat Sunda. Sigana mah eta teh perlambang kaayaan sabenerna yen urang Sunda geus teu boga kakawasaan deui di lemah caina, anu nyampak ngan kakawasaan nu aya di awang-awang atawa dina lamunan. Pikeun ngabeberah hate nya digambarkeun yen urang Sunda bisa hirup kumbuh pacampur jeung mahluk gaib, malah bisa ngelehkeun maranehanana.
Aya dua masalah anu sajalan tur pikatajieun upama dibahas dina raraga ieu pedaran. Kahiji, masalah Pajajaran sabage jenengan karajaan. Kadua, masalah identitas Prabu Siliwangi. Dina meh sakumna tradisi tulis jeung tradisi lisan anu disusun sabada asupna pangaruh kabudayaan Jawa jeung kakawasaan Walanda, karajaan di Tanah Sunda samemeh asupna Islam make jenengan Pajajaran. Eta tradisi miboga sifat jeung ajen sastra. Padahal dina sumber-sumber sajarah mah (prasasti, naskah primer, beja ti mancanagara) di Tanah Sunda teu aya nagara anu jenenganana Pajajaran. Istilah Pajajaran atawa lengkepna Pakuan Pajajaran dina eta sumber sajarah dipake pikeun nyebut jenengan puseur dayeuh, lain ngaran nagara. Ari jenengan nagarana mah nya eta Sunda, Karajaan Sunda.
Timbulna Pajajaran jadi jenengan nagara, bisa jadi ngaliwatan proses luyu jeung perjalanan sajarahna. Ti taun 1579 Karajaan Sunda taya wujudna deui, sabab geus runtag. Nu masih aya keneh wujudna iwal ti titinggalna (prasasti, arca, batu tahta, benteng, jalan, makam, tatangkalan, tradisi lisan) nu dumuk di patilasan puseur dayeuh karajaan. Eta titinggal kasaksian keneh ku urang Walanda nu datang ka eta tempat taun 1687, 1690, 1703, 1704, jeung 1709. Sababaraha titinggal kasebut masih bisa disaksikeun keneh nepi ka kiwari. Bisa kaharti lamun zaman harita jenengan puseur dayeuh Pakuan Pajajaran mindeng disebut-sebut. Ahirna fungsi istilah Pakuan Pajajaran jadi robah. Anu tadina sacara gembleng sabage jenengan puseur dayeuh, saterusna pecah jadi dua. Pakuan pikeun jenengan puseur dayeuh sarta Pajajaran pikeun jenengan nagara. Memang istilah Pakuan Pajajaran asalna tina dua kecap anu miboga harti sewang-sewangan. Pakuan asalna tina kecap paku (ngaran sabangsaning tutuwuhan palm) atawa kecap akuwu (tempat padumukan raja), ditambah ahiran an atawa awalan pa jeung ahiran an anu nuduhkeun harti katerangan tempat; tempat anu loba tangkal pakuna atawa tempat padumukan raja. Pajajaran asalna tina kecap jajar, ditambah awalan pa jeung ahiran an anu nuduhkeun kaayaan tempat; kaayaan (tangkal paku atawa patempatan) nu ngajajar. Aya nu nafsirkeun Pakuan Pajajaran teh nuduhkeun loba tangkal paku anu ngajajar di sabudereun karaton atawa sabudereun puseur dayeuh. Aya oge tafsiran Pakuan Pajajaran teh nuduhkeun lima wangunan anu ngajajar di kompleks karaton. Dina Carita Parahiyangan eta lima wangunan karaton disebut jenenganana Sri Bima Punta Narayana Madura Suradipati.
Istilah Sunda sabage jenengan nagara kaluli-luli, lila-lila robah dipake jenengan wewengkon, penduduk, katut kabudayaanana, nya eta Tanah Sunda (oge Selat Sunda, Sunda Besar, Sunda Kecil, jeung Dataran Sunda), urang Sunda, jeung kabudayaan Sunda. Kituna mah memang aya kabiasaan di kalangan masarakat yen jenengan puseur dayeuh, malah jenengan karaton, sok dipake pikeun nyebut jenengan nagara, saperti Surosowan di Banten, Ngayogyakarta jeung Surakarta di Tanah Jawa.
Teu aya deui raja Pajajaran anu pangkamashurna iwal ti Prabu Siliwangi. Tegesna, Prabu Siliwangi teh raja Pajajaran anu taya tandingna. Waktu dimasalahkeun, naha Karajaan Pajajaran ngan boga hiji-hijina raja anu kamashur? Sacara tradisi jawabna teh, kusabab sadaya raja Pajajaran jenenganana Prabu Siliwangi. Kukituna aya Prabu Siliwangi kahiji, kadua, katilu, jeung saterusna, saperti oge raja Majapahit di Tanah Jawa, aya Prabu Brawijaya kahiji, kadua, katilu jeung saterusna. Samemeh jadi raja Pajajaran, Prabu Siliwangi ngalaman heula hirup prihatin kulantaran dipikangewa ku dulur terena. Memang anjeunna putra raja Pajajaran, nuju alit kakasihna Sang Pamanahrasa. Kasieunan mahkota karajaan ragrag ka Sang Pamanahrasa, anu memang hakna, dulur terena kungsi rek nandasa, tapi sacara gaib teu mempan. Saterusna Sang Pamanahrasa dibalur kulitna nepi ka rupana jadi hideung sarta dijual ka sudagar, tapi dijual deui ka raja daerah Sindangkasih nu perenahna di wewengkon Cirebon ayeuna. Kusabab laku lampahna hade tur loba kabisa, Sang Pamanahrasa dipulung minantu ku raja Sindangkasih, malah teu mangkuk lami diangkat jadi raja Sindangkasih ngagentos mertuana. Sanggeus identitasna kabuka sarta ku kamotekaran jeung kasantikaanana, ahirna Sang Pamanahrasa dijungjung lungguh raja Pajajaran. Ti harita jenenganana digentos jadi Prabu Siliwangi. Anjeunna kongas raja wijaksana, nyaah ka rayat, gede wawanen, loba akal tarekah, sareng sifatna adil palamarta. Cindekna, pribadi Prabu Siliwangi mangrupa tokoh manusa, pamingpin, sareng raja nu ideal. Eta anggapan, malah kapercayaan, hirup keneh di kalangan urang Sunda nepi ka kiwari.
Kiwari jenengan Karajaan Pajajaran jeung Prabu Siliwangi dipake pikeun ngajenenganan rupa-rupa hal, saperti lembaga pendidikan, jalan, majalah, organisasi. Basana teh ngalap berkah tina nanjungna Karajaan Pajajaran jeung seungitna Prabu Siliwangi sarta itung-itung ngalanggengkeun sajarah luluhur. Pajajaran diantarana dipake jenengan hiji universitas utama di Tanah Sunda, organisasi kasenian, jalan, majalah, teks lagu, jeung sajaba ti eta. Kitu deui siliwangi dipake jenengan kasatuan militer di Tanah Sunda, universitas, organisasi pamuda, bioskop, jalan, majalah/suratkabar, jeung sajaba ti eta.
Taun 1966 Moh. Amir Sutaarga ngumumkeun hasil panalungtikanana ngeunaan identitas Prabu Siliwangi ditilik tina jihad sajarah. Dumasar perbandingan rupa-rupa sumber boh anu miboga ajen sastra boh anu mibona ajen sajarah boh ajen sejenna anjeunna nyindekkeun yen Prabu Siliwangi sabage tokoh sastra identik sareng Sri Baduga Maharaja sabage tokoh sajarah. Eta tokoh teh luhung elmuna, loba hasil garapanana, gede wewesenna, sarta dipikaserab kapamingpinanana. Tapi nurutkeun Ayatrohaedi, tokoh sastra Prabu Siliwangi teh identik sareng tokoh sajarah Prabu Niskala Wastukancana, akina Sri Baduga Maharaja. Prabu Niskala Wastukancana (1371-1475) kongas wijaksana, nanjeurkeun hukum, hirup sederhana religius (satmata), sarta ngutamakeun kapentingan rayat. Pamiangan eta kacindekan dumasar kana katerangan naskah Sanghiyang Siksakandang Karesian yen taun 1518 jenengan Siliwangi geus jadi ngaran lalakon carita pantun. Kukituna mustahil raja anu nyangking kalungguhan keneh jenenganana parantos dianggo ngaran carita pantun anu sifatna sastra. Tapi deuih Ayatrohaedi henteu nolak kacindekan Moh. Amir Sutaarga. Saurna, bisa jadi duanana disinugrahan gelar Prabu Siliwangi ku rayatna, lantaran duanana raja agung tur populer. Saurna deui, jenengan Prabu Siliwangi asalna tina Prabu Wangi, gelar almarhum Prabu Maharaja, ramana Prabu Niskala Wastukancana, anu kawangikeun alatan gugur di Bubat (1357) nuju ngabela kahormatan nagara katut lemah caina.
Ahir Karajaan Sunda digambarkeun oge di jero kabudayaan Sunda. Gambaranana henteu negatif, lain aib, tapi sabage parobahan anu sifatna alamiah. Prabu Siliwangi keukeuh mageuhan agemanana (zaman heubeul), tapi henteu nyarek putrana (Walangsungsang, Rarasantang, Kean Santang) lebet Islam (zaman anyar). Prabu Siliwangi nutup lalakonna ku cara ngahiyang ka alam kalanggengan, putrana nguniang hudang nyieun sajarah anyar.
Kukituna, kaayaan urang Sunda katut lemahcaina dina mangsa Karajaan Pajajaran, nurutkeun kabudayaan Sunda mah mangrupa kaayaan ideal, mangsa Sunda jaya. Prabu Siliwangi digambarkeun sabage pahlawan kabudayaan Sunda. Timbulna gambaran kitu teh, jigana, kulantaran sabadana mangsa Karajaan Pajajaran, urang Sunda katut lemahcaina terus-terusan pinanggih jeung kaprihatinan, salilana aya dina kakawasaan deungeun (jati kasilih ku junti), tapi bari terus ngarep-ngarep tandangna deui Prabu Siliwangi kiwari sarta ngalaman deui zaman Pajajaran anyar. Dina sabagian teks lagu mah digambarkeun yen Prabu Siliwangi ngungun ningali ti alam kahiyangan kaayaan Tatar Sunda katut rayatna paburantak tur lara balangsak.
Hasil meleng hasil ngimpleng, anjogna semet ngahuleng, Tatar Sunda paburantak, paburantak, rahayatna lara balangsak.
Beak taun beak windu, ngabandungan nyerangkeun ti kaanggangan, lampahna pra seuweu-siwi, Pajajaran.
Edi S. Ekadjati
Gurubesar Tamu Research Institute for Languages and Cultures of Asia and Africa Tokyo University of Foreign Studies

UKUR DINA PANGIMPIAN PEUTING

Sarangege di baturan bait - bait cinta
Nyimutan kuring ngubaraan hanaang na ati
Hanaang kurasa cinta nu geus lila teu kacaian
Ayeuna datang deui nyimutan ati nu keur codeka

Lila geus teu ka ubaran eweh nu enteup sanajan maturan
Maturan dimana kuring keur nyorangan
Maturan Tiisna peuting jeung panas na poe
Nyanding dina bale cinta

Peuting tadi datang hiji widadari
Mere seuri nu endah mopohokeun kuring kana codeka
Peuting tadi manehna ngajak kuring ngalaynag ka awang - awang
Make saledang tresna di bulen ka asih

Mawa kuring ka alam endah nu can kasaba kukuring
Mawa Kuring ka taman surya kancana
Mawa kuring ka wahangan tujuh warna
Mawa kuring kumalayang jeung cintana

Tapi .... Geuning ukur ngimpi
Geuning ukur kembangna sare  kuring
Geuning ukur dina peuting harita
Teu kumalayang ngajadi dina nyatana

Ukur dina pangimpian kuring

Sabtu, 19 Februari 2011

Ukiran Peuting Kuring

Peuting ieu bakal kawas peuting nu sabiasana
Simpe jeung jempling di baturan tiisna angin
Peuting ieu bakal kawas peuting - peuting kamari
Neuteup jero langit nungguan caangna bulan
Peuting ieu bakal kawas peuting - peuting katukang
Nyorang alam sorangan neteup pang hareupan

Tapi da bagea kuring dimana alam maturan kuring
Tapi da tenang kuring nungguan tutup peuting
Tapi da bagea kuring ngadagoan datangna panonpoe isu
Dibaturan angin nu nyieun birah ma alam nu endah

Sanajan eweuh tresna nu nyanding gigireun
Sanajan eweuh asih nu maturan di sisieun
Peuting ieu bakal lewih endah kuring bisa deukeut jeung nu kawasa
Ngabagi asih ukur jeung anjeuna dina layeut ku kalam - kalam na

Ati nu tenang maca ayat ka ayat beuki nambaahan tiisna peuting
Kalamna maturan peuting kuring asa hayang terus gegeut jeung anjeuna nu kawasa
Asa hayang terus dekeut jeung Anjeuna nu nyipta kabeh kaendahan ieu
Ya Rabb Ya Rahman Ya Rahim Pamugia kuring janteun umat anjeun nu lempeng dina jalan nu dipikarido kuanjeun

Jumat, 18 Februari 2011

Sore Tadi

Sore tadi tampomas teu nyrengeh seuri ...     katutup ku mendung mapag hujan masehan sumedang     sariak layung ge teu nembongan wanci tunggang gunung tadi     ukur kuring jeung hujan     ayeuna ati nu nyorangan neangan patempatan tresna nu ngadatangan  asa cik keneh manehna ngahaleang asih ngadalingding tresna din ceuli  asa kamari manehna maturan metikan kacapi tresna ngigelan dalingding asih  tempat pakumah kuring .....tempat nebrah keun ka susah nu ngarandapan     ayeuna duka kamana tresna nu maturan kuring  ayeuna duka kaman asih nu nyimutan kuring  ayeuna duka kaman cinta nu mayungan kuring  sesana kasedih... kanyeri .... jeung raheut nu ngabolekak di jero dada...     tapi mun hirup dikalangkangan kamari iraha kuring bisa hudang  mun hirup ka payungan kamari iraha kuring bisa beunta  kuring kudu hudang sanajan codeka dina dada can cageur bener  sanajan rahet na ati can garing ....kuring bakal mapag panon poe nu nyaangan     hudang jalu - hudang.... sakilas aya sora eta .... dina sajeroning panglamun kuring  nungtun tina poek ... ngagandengan dina simpe ... ngahantena dina simpe peuting ayeuna  isukan kuring bakal ngudag tresna ... isukan kuring bakal nungtun asih  duka jeungsaha ... sok sanjan can aya tapi pangimpian nu nguat keun kuring     iraha wanci nu di dagao dimana tresna abus deui na kahirupan kuring  iraha aya datang tresna nu teu ukur ningali kalewihan kuirng tapi narima kakurang kuring ngadatangan  iraha mangsa eta datang iraha.. ukur bisa ngadunga jeung ngadunga kanu kawasa  kuring ukur bisa nga gambarkeun anjeun na nu bakal ngajadikeun

Seuri Kuring

Ukur seuri ieu nu kukuring di pi boga
Ukur serengeh ieu nu kukuring di pi boga
Eweh nu lian ... da ukur ieu nu kukuring di pi kaboga ,,,,

Nutup sedih nyimutan kapeurih
Nutup bungah nyimutan bagea
Nya ukur ku seuri ......

Tapi da syukur kuring bisa seuri
Tapi da alhamdulilah seuri ieu ngandung ibadah

Kamri , Ayeuna, Isukan, Pageto Nu Ngajadi

Kalamangsa nu geus kaliwat sena jadi barisan carita
Kamari barisan carita Jadi pustaka jeroning ati
Kamari rundaian carita Jadi buku nu bakala kabuka
Kamari tulisan carita Jadi guretan - guretan pangalaman

Ayeuna ukur pangaherupan nu bakal ku urang di lenyepan
Ayeuna ukur cita jeung impian nu datang maturan tibrana peuting urang
Ayeuna ukur catur tapi catur nu najeur dina ati
Ayeuna ukur dunga nu di pancatkeun di simpena peuting di man urang tumebrah kamantena

Tapi isukan urang gawean
Tapi isukan urang mimitian
Tapi isukan urang bukti keun
Tapi isukan Urang tanjeur keun ku wujud

Pageto Panghareupan jadi kanyataan
Pageto teu saukur cita jeung impian tapi wujudan
Pageto lain ukur teu bukuran
Pageto teu saukur dungan tapi ijabahna gusti hyang widi nu mah tunggal

Sumedang, Februari 2011

URANG NYANDING

Kalam - kalam cinta maturan kuring 
Dalinding hariring asih nyimutan kuring
Tepi engke sariak layung patanda tutup poe
Tepi engke panon poe nutup lembaran berang nu endah

Asa hoream nempo sore
Asa hoream nutup ieu poe
Poe endah dimana urang duaan ngabagi asih
Poe endah dimana urang duaan gegeut nembrahkeun tresna

Endah geus karasa ...
Mengkeut pageuh dua asih ....
Ngucap janji nu urang duaan
Urang tilaman ku dunga ka hyang widi

Tepi sariak layung nembongan
Tepi poe nutup di ganti ku peuting
Tepi dimana urang kuduna pisah ......
Tepi bale nyungcung jadi tujuan urang ngikrarkeun janji hareupen mantena

Nyanding asih
Nyanding tresna
Nyanding cinta
Dina jalana

SUMEDANG, Februari, 2011

PANINEUNGAN PAANGGANG

Guratan - guratan tulisan nu di serat ku mangsi tresna
Make ampran Kertas asih
Nu di amplopan ku kanyaah
Di kirim ku dunga nu mustajab

Ayeuna kukuring di tendeun di na lengkob ati
Di simutan ku ka asih
Di iringan payung ka cinta

Moal dek di leungitkeun
Moal dek di ilangkeun
Da ieu mah keur kuring
Nu ku anjeun di tulis keur kuring saurangeun

Jadi seneu nu bakal nyaangan poek kuring
Jadi haneut nu maturan tiisna peuting
Jadi Angin nu nyejukeun panas na beurang
Jadi tanaga dimana kuring keur lemah

Raga urang nu paanggang mah
Da hate urang duaan paanjang - anjang dina pangimpian
Jungjunan tong salempang ....
Didieu kuring nangtung nungguan anjeun datang ti pangumbaraan

Sisi Gunung Tampomas, Februari, 2011

Kamis, 17 Februari 2011

PEPELING TI KOLOT

anom :mungguh kitu ari hirup,mudu leumpang nyorang leuweung hurip
na.halangan harungan,taya towongna,megatan di jajalaneun.urang mudu
eling,kumelendang teh hanteu nyorangan,dina harti asa aing
pangpunjulna.dia mudu inget,di beh ditueun langit teh apanan aya langit
deui.legana awun-awun,legana jagat buana panca tengah,rempeg ku hurip
jeung kahirupan nu teu kajeujeung ku mata lahir.mangkeluk-mangkeluk
jirim jisim nu lalemes,nyaraksian sabudeureun kahirupan urang.

manusa leuwih punjung,sabab dibere akan jeung pangabisa.

pangabisa eta gumantung kumaha lantipna pamuhit urang..

urang mudu apal reujeung lilinggeranana.mudu nyaho hirup jeung kahuripan
nu kumeling di ieu buana,nyaho kalawan jero-jeroanana.jampena,ajenan
sakabeh nu kumelip,ti mimiti tongo tepi ka gajahna,ti mimiti lukut tepi
ka tangkal kiara na,ti mimiti nu teu kajeueung tepi ka nu teu
kajeueung.eta teh kabeh ge ciciptan nu diancokeun pikeun maturan hirupna
urang,maranehna teh babagian tina kahirupan urang....

Di Sumedang

Di dieu hejo karasa keneh
Di dieu Angin ngadalinding mawa hawa nyulusup kanu dada
Di dieu tampomas nu ngadeg rongkah
Di dieu cipeles nu ngebat panjang

Di dieu di Sumedang
Najan kota leutik
Najan di lingkung ku gunung nu jadi bentengna
Najan di kuriling ku sawah keneh

Da ieu lembur kuring ...
Lembur nu di pika cinta kukuring
Di mana mun wanci tunggang gunung
Di mana mun sariak layung nembongan

Barudak ulin balakecrakan di buruan
Kolotna ngarobrol di saweran
Di Sumedang tempat kuring di lahirkeun
Di Sumedang tempat kuring di jadikeun

Lembur nu jauh dina raga tapi di anjangan ku hate
Lembur nu jauh teu katingali kahalangan ku sagara tapi kaeujud dian impian
Lembur kuring Sumedang
Moal ilang dina lamunan

SIMPE PEUTING DINA LAMUNAN

ALAM URANG ENGKENA
Simpe peuting ayeuna ukur lamunan
Sora alam ayeuna ukur rekaman
Hejo lemok dangdaunan ukur dina pangimpian
Cur - Cor cai teu katingal ... Ukur Hideung

Manuk ge teu nembongkeun sorana deui
Angin ge teu sangenah angin kamari ieu
Sajeroning pikir
Sajeroning lamunan

Dimana alam hejo
Dimana alam endah
Diman .... Kamana...
Isuk jaga ning geto ukur carita

Guratan Ati

Di mana aya rasa tresna nu bakal maturan kuring
Maturan simpe peuting jeung tiisna
Niisan di panas beurang jeung ngajemplingkeun dina gandengna
Nu teu serab ku kaleuwihan kuring tapi narima kakurnagan kuring

Di mana manggihan asih nu sajati nu moal cidra
Nu teu kudu di imutan amis mimitina
Tapi bakal mere warna nu endah engkena
Mere rasa cinta, Asih nu sajti .........

Sagara geus di lewatan
Gunung geus ditaekan
Lewi geus di kojayan
Leweng geus di babad

Nu kapanggih ukur cidra cinta
Nu kapanggih ukur kapeurih
Tilam kanyaah mimitina
Beak di hakan Wanci

Iraha kuring manggihan cinta sajati
Keur naympurna keun hirup kuring
Keur nyampurna keun iman kuring
Ya Rabb... Buakkeun jalan na ....

Ya Rahaman Timu keun kuring jeung anjeuna dina jalan nu ku anjeun di pikahareup
Ya Rahim Timu keun kuring jeung panyampurana hirup kuring
Dimana manehna nu bakal maturan kuring
Dimana manehna nu bakal jadi mak'mum kuring

Dimana isuk jaga ning geto manehna ngalahirkeun putra - putri keur kuring
Kalayan ati nu hening kalayan simpena peutng kuring menta ka anjeun
Kuring teu daya teu upaya ....
Ukur jeleman nu keur neang hiji Cinta nu dipikarido ku anjeun

Sumedang, 17- Februari - 2011

Kaji DIri Jeung Kaji Rasa Na


Teuteup beungeut ku ati sanubari jangelek nemblek jisim sajeroning jirim kaula gusti malih wani manunggalig ingsun

1 Ngenteung ka tangtung jadi ludeung teuneung
2 Ngaji rasa loba karisi ka taji jadi sabasa kawasa
3 Silsilah hirup jadi martabat hurip manusa sajati
4 Budi luhung luhur panemu ku caturkasuhun
5 Titimangsa anu ti heula karasa teu cidra kalamangsa nu baheula jadi cocoba
6 Curuk nunjuk mawa pituduh tapak lacak indung/bapa mawa bagja
7 Dangiang sepuh nu pupuh punjung / puja - puji kagusti sawiji
8 Ragap diri bisa mandiri ngajadi bukti sugih mukti
9 Guru mursid anu pasti surti, guru tuduh matuh geusan jadi wawuh
10 Welas asih kasasama manusa kudu tigin janji pasini ngolah alam mustari

BARIS KASAKABEH BUDAK SUNDA

Kuring neneda ka Gusti Nu Maha Kawasa muga-muga ati maneh dibukakeun kana panemu (elmu); lamun maraneh ngadenge papatah nu hade supaya tereh ngaharti sumawona kana papatah-papatah nu geus sababaraha taun di papatahkeun supaya diimankeun wanti-wanti pisan.
Paneda aing ka Gusti Allah supaya maneh pinaringan kabungahan jeung rejeki di dunia ieu tepi kana poe bungsuna (ajal), sarta dijauhkeun tina bahla jeung pinaringan umur panjang,
kitu deui masing runtut rukun jeung baraya maraneh, muga ulah aya saurang oge maraneh nu eureun mikaheman sakabehna nu maparin ganjaran ka maraneh.
Cekel papatah aing ieu, supaya ulah aya saurang oge tina antara maraneh nu boga ati bingung lamun matak manggih bahaya nu kasebut didieu, karana papatah aing ieu nyaeta buktina nu dipaparinkeun kaurang sarerea. Sarta lamun aing nerangkeun ka maraneh buktina tea, nyaeta saestu-estuna mah didatangkeunnana ku Nu Maha Kawasa.
Puguh maraneh di kawasakeun pikeun narima isarat nu didatangkeun ku Gusti Allah ka maraneh.
Maraneh bisa maksa ngereunkeun kalakuan nu goreng, karana Gusti Allah Nu kawasa nuduhkeun kana jalan nu mulus ka maraneh di pilampah di dunia ieu. Tangtu maraneh jadi conto pikeun di turutan ku sasama maraneh jeung tangtu sakabehna manusa sarukaeun ka maraneh.
Sarta beh dituna ngarasa bagja tepi ka anak incu. Maraneh sarerea nu saendengna pada ngarimankeun kana maksud aing tea, aing nyerenkeun eta papatah aing nu panungtungan satekah polah, karana aing ngarasa geus kolot moal sabaraha deui nya umur.
Kulantaran tulisan aing ieu supaya mangke dimana urang geus papisah, muga-muga maraneh jadi jalma pinter, bisa ngaji jeung nginget-ngingetkeun carita ieu; dipikir beurang jeung peuting.
Jeung beh dituna muga-muga maraneh bisa nurutan karuhun maraneh muga-muga bisaeun mindahkeun naon kakurangan diri maraneh muga salawasna diriksa.
Lamun maraneh geus ngarasa ka papatenan dulur cara aing ka papatenan ku karuhun aing, poma maraneh ulah rek poho ngahormat, nulungan jeung nurut nu wajib pikeun maraneh narandakeun jalan kabeneran sanajan ku jalan sejen.
Eta panghormat aing di akherat moal era ku bangsa sasama aing, yen aing geus ditakdirkeun ku Gusti Allh dilantarankeun pitulung Kanjeung Gouvernement di jadikeun purah mapatahan jeung ngajak kamaraneh sarerea.

Sakitu eta pamenta aing ka maraneh sarerea supaya diturut

UGA WANGSIT HYANG PRABU SILIWANGI

SAMPURASUN....!!!
SEUWEU - SIWI Padjadjaran anyar kula datang tinu angggang ngalongok barina sono lantaran ariyana rea nu geus paroho nu mantak teu marahi da sok di mumurah ka silih ku wadah luis jeung ginding, ti belat ku adat semah nu ngadon bebetah ngarajah kebon jeung sawah, ngarajah barina mela kcampuh ngipuk jeung tandur tapi lain melak kapas jeung kalapa, tapi ngipuk tandur musuh jeung dulur melak ranggang baraya.
Pribumi sina teu areling ka purwadaksina sina linglung kaluluhurna, sina benci ka tali paranti ku basa kapir jeung musyrik ku basa kufur jeung takhayul nuduh cenah sesa hindu.
Sok rajeun aya nu eling, bari mapay - mapay lacak luluhurna Wangsit! Uga! katut Pusaka.
Saha?
nyaeta budak angon nu imahna di birit leuwi. Nu miskin Barina sugih tur tumaninah lumantung beurang jeung peuting.
Ngangon naon?. 
Lain ngangon sapi lain munding. Lain embe lain soang tapi ngangon kalakay daun jati, ngasuh tutungggul nu saestu, nu wawuh kana semu nu mukit kana wawangi, nu sajati nu rancage hatena, nu alus laku lampahna nu mitutur ka batur salembur, nu miwulung ka baraya sauyunan.
Naon bawaana ?
Bawana teh....... Amparan tegal si awat - awat, terus jalana kabale aray. Nanggung kaneron butut, eusina panglai geus nahun beunang nginum tujuh taun.
Naon karesepna ?
Ngelingan kanu keur linglung nu asa geunah na sabar, dina amparan di babar, da hayang mahi sarerea, ngorehan reujeung manggihan, nyungsi jeung di ampihan
Ngahormat kanu gaduhan wiiwtan
DI teundeun dihandeulemeun
Di tunda di hanjuang siang
Ngajangan nu bakal di ala
Saha?
Nyaetan nu boga hakana. Tuluyna budak angon jeung budak janggotan
Regeupkeun! tuh langit belah kulon geus beureum di barengan kunu saliduru, sadulur saturunan, bari dititah batur parebut eusi dapur.
Salah, nu sok ngawur kasintu, nyiuhkeun hayam. Ngajak ngaguar sajara, nu kusemah jero ratusan taun di gadabah jeung di beslah. Ngelingan tenpa buruhan da lain urang sabrang nu ngadon daragang carita nu di ukir di reka sangkan pri bumi kabita ngelingan yen jati kasilih ku junti!
Dayeuh maneh meuweuh kumanganeh. Taman endah reujeung subur geus kaliput ku situ nagara beunghar ku hutang/ Nu pinteur ngomong cowong, hahaok hareupeun corong. Tapi bari baredegong tur hareras beuheung teu beda ti bedul jeung bagon. Teu daek ngaliek kanu euweuh da pinterna ka balinger. Teu awas ka ajag jeung monyet nu ngarajah kebon jeung sawah bari ngawut dapur batur buta - buta nu baruta, lain buta duru wiksa tapi dahar taya seubeuhna kadedemes hawek carerama, buta sagala beuki.
Nu hejo bari molotot. Panona nongtot, teu awas kanu dipincuk ku daun garut di semat ku merang awi sabab gede mata batan pincuk, samaruk kupat tahu.
Ayeuna budak angon!!! jongjon ngoreghan teu hiding kanu ngalarang, nyarekan jeung nyingsieunan nu mitnah tur nyangka setan teu didenge teu dilawan, di tampa ku iklas jeung jaman riweuh beuki maceuh, pacamuh ketir jeung keueng.
Kabeh pada neangan budak angon. Nu imah na do birit leuwi, pantona batu satangtung hateupna handeuleum sieum, tihangna hanjuang siang, babarengan jeung Budak Janggotan, beja nggeus nindak di leubak cawene bari buburak ku panglay menang nginum tujuh taun.
Bisi aya nu katumpang
Reugepkeun!!!


Catetan > ieu teh naskah dokumentasi tina pabukon Ibu Hj. Neti Medina (alm)
(prabu seda paman eyang sadim . Ciburial )  

Rabu, 16 Februari 2011

MILANGKALA

Milang taun lir milang kalangkang
Ngonci wanci ku ingetan nu limpeuran
Gurudug diudag guludug umur
Nyangsaya kasura cucuk hirup
Sakapeung sasar ku hawar, Gusti,
Sakapeung geumpeur ku pati

Milang taun lir milang kahayang
Mun lampah wegah tinangtu palid ku caah
Abus ka taun anyar, janji can katebus
Hareudang rumingkang, anggang diteang
Antukna pasea jeung diri sorangan
Pasea jeung kaaayaan

Milang taun lir milang kamelang
Melang rek miang, melang rek mulang
Hariwang ku kalangkang nu can kasorang
Peurih ku kaasih nu teu junti kana ati
Peurih ku lampah nu salah

Hayu mulung kaduhung, ngulang kahayang
Girimiskeun kesang di kebon harepan nu garing
Maca nu liwat ngahanca nu ngolebat
Anteur kuring, Gusti, ambeh tetep eling

hehe mung ieu kanggo salira teu aya deui

Mantera Darmapamulih

Sasakala Sangkuriang

Sasakala Sangkuriang nyaritakeun kahirupan manusa nugumelarna ka dunya mangrupakeun papasten ti Nu MahaKawasa ngaliwatan cukang lantaran indung jeung bapa.Ingsun ngumbara di dunya ngagunakeun raga nu asal tinasaripati dunya, nyaeta acining bumi, acining cai,acining angin/hawa jeung acining seuneu ngaliwatankadaharan jeung inuman nu dikonsumsi, napas jeungpanas nu diserep. Kulantaran raga asal tina saripatidunya, nya tangtu timbul napsu-napsu dina diri manusanu asal ti dunya, sedengkeun gumelarna ingsun ka dunyaoge ngaliwatan raga nu ngabogaan napsu, sabab mun teuaya napsu tangtu moal aya kahirupan di dunya,kulantaran eta teu meunang maehan napsu, tapi kududikadalikeun sangkan teu kabetot ku kadunyaan. Elmu Sunda teu ngajarkeun manusa pikeun tatapa ninggalkeunurusan dunya, sabab eta hartina sarua jeung nungaleungitkeun hakekat kamanusaanana.
Keur kahirupan di dunya ingsun kudu motekar nempa dirisangkan luhung ku elmu jembar ku pangabisa, tapi kuduinget Ingsun lain urang dunya sabab asal ti Nu MahaSuci nu tangtu ngabogaan kawajiban pikeun ngapingjeung ngajaga diri sangkan sagala tekad, ucap jeunglangkah teu ingkar tina papagon kamanusaan jeungkasucian (kawin/manunggaling kuring jeung kurung).Dina raraga ngawulaan kabutuhan raga/kurung,ingsun(kuring) ngagunakeun tujuh Pangawasa Gusti nungancik dina dirina, nyaeta pangawasa, pengersa,hirup, pangrungu, pangandika, awas jeung pangangseu(guriang tujuh).
Kade masing taliti, yen dina diri manusa teh aya tilukakuatan nu bisa marentah diri, nyaeta akal-pikiran,rasa-napsu jeung jati ingsun sorangan. Dina perkaraieu, ingsun nu kudu jadi nahoda ngadalikeunakal-pikiran jeung rasa-napsu pikeun kaperluan ingsunngalakonan kahirupan di dunya, sabab lamunakal-pikiran jeung rasa-napsu geus miheulaan ingsunbakal timbul kasombongan adigung-adiguna nungabatalkeun manunggalna kuring jeung kurung pikeunngahontal kahirupan di dunya nu didumasaran kamanusaanjeung kasucian. Mun nyana kitu lir ibarat parahunangkub anu balukarna bakal kaduhung jeung ngarasahirup euweuh hartina, tungtungna hate ngarangrangannalangsa saendengna. Kulantaran kitu, mangkahade upamacan bisa kawin, ingsun ulah eureun ngudag-ngudagkurung sangkan bisa manunggal.
Kitu intisari harti nu kasungsi tina legendaSangkuriang, ku kituna mugia bae pedaran ieu tiasanambahkareueus parawargi urang Sunda, yen bukti geuningkalinuhungan luluhur urang Sunda teh. Nu leuwihpenting deui sanggeus harti, hayu atuh urang nyungsika diri sorangan, naha tekad, ucap jeung lampah uranggeus tepi kana ”kawinna Sangkuriang ka Dayang Sumbi”?.Sumangga atuh.

Hatur nuhun, rampes.

LAYANG CAANG NA HIRUP (ka-II)

***LANJUTAN***

"PAMUKA"
SAMEMEH AYA ITU JEUNG IEU
ETA TEU AYA NANAON IWAL TI AYANA HIRUP
HIRUP AWALNA LAIN WUJUD LAIN JASAD
HIRUP MAH HIRUP BAE TANPA AYA ITU JEUNG IEU
AYANA HIRUP NYAETA AYANA DINA ALAM KALANGGENGAN
KU LANTARAN MAKNA HIRUP TEH LANGGENG
TEU KATUNGKUL KU PATI, TEU KENA KU RUKSAK
TEU KEUNA KU LAPAR, TEU KEUNA KU DAHAGA
TEU BOGA KABUTUH ATAWA PANGABUTUH
TEU KACAMPURAN KU ITU JEUNG KU IEU.
HIRUP TEH MANGGIH CAANG DINA NU POEK
MANGGIH POEK DI NU CAANG
MAKSUD POEK DIDIEU, NYAETA NYUMPUTKEUN SAGALA KANYAHO
SAGALA KAHAYANG
ATAWA NYUMPUT BUNI DI NU CAANG
NGUBUR SAGALA KAHENDAK
NU LAIN BIJIL TINA KAHENDAK HIRUP ETA SORANGAN
HIRUP TEH SIFATNA MANDIRI SIFATNA OGE BISA DISEBUT RAHASIA
ATAWA NGARAHASIAKEUN DIRINA
MANGKA DISEBUTNA HIRUP TEH RAHASIA DIRI
NU TEU BISA DICARITAKEUN
ATAWA DIDONGENGKEUN
KU SALIAN KANU HIRUP DEUI
HIRUP BOGA MAKNA WUJUD
JEUNG BOGA MAKNA MAWUJUD
HIRUP BOGA MAKNA SYAREAT
OGE BOGA MAKNA HAKEKAT
HIRUP SORANGAN DISEBUT HAQQ
NU SAUKUR DI KANYAHOKEUN KU DIRINA
NU BOGA HIRUP
HIERUP EUWEUH RUPANA
HAL IEU JADI PANDANGAN HAKEKATNA
HIRUP TEU BOGA BAU
HIRUP OGE, TEU BOGA WARNA
HIRUP GE TEU BOGA BENTUK
TAPI HIRUP PRIBADI
BOGA RASA NU NGAWALIAN DIRI
HIRUP TEH BISA NYAKSIAN DIRINA
HIRUP GE SAUKUR NGADENGE
NAON KAHAYANG DIRINA
HIRUP TEU BISA DIATUR KU ITU JEUNG KU IEU
HIRUP BOGA KABEBASAN NU PENUH
PIKEUN NGATUR DIRINA
HIRUP EUWEUH UCAP EUWEUH BASA
HIRUP TEH NGAN SAUKUR RASA JEUNG CAANG
SAHA NU WAUHJEUNG HIRUP MAKA BAKAL NYAHO ETA HIRUP
JEUNG BAKAL JADI BIBIT HIRUP ETA SORANGAN
USIK MALIK HIRUP SAUKUR DIWALIAN KU RASA
JEUNG DI CAANGAN KU DIRINA
KU CAHAYA SARI DIRINA, NU SAJATI
ASAL HIRUP NGAWUJUD KU AYANA OPAT PERKARA
CAI NU JADI CIRI, SILOKANA BADAN HIRUP
SEUNEU NU JADI CIRI, SILOKANA RUH ATWA NYAWANA HIRUP
ANGIN NU JADI CIRI, SILOKANA SIFAT HIRUP
TANEUH NU JADI CIRI, SILOKANA RASA HIRUP
TAPI SING KAHADE
ULAH SALAH NGAHARTIKEUN
HIRUP LAIN CAI, LAIN SEUNEU, LAIN ANGIN, LAIN TANEUH
ETA NGAN SAUKUR PERANGKAT
PIKEUN NGAWUJUDKEUN HIRUP
HIRUP GE BISA DIHARTIKEUN CICING, TEU KEUNA KU OWAH
MAKA YA SILOKA NU NYEBUTKEUN
YEN HIRUP TEH IBARAT CAI, TEU BISA DIBEULAH
HIRUP IBARAT ANGIN, TEU BISA DIPAPAS
HIRUP IBARAT SEUNEU, TEU BISAL DIBESLAH
HIRUP TEH RASA
TEU BISA DIHALANGAN KU NAON BAE
KAKUATAN RASA HIRUP MOAL BISA DIUKUR KU TAKERAN
LEUTIK TAPI GEDE
HURUNG MONCORONG DINA TIAP TIAP MANUSA
NU HIRUP JEUNG DIRINA
SAKALI DEUI YEN HIRUP TEH DINA POEK TEMPAT KALUARNA CAANG.
JEUNG DINA CAANG NYUMPUTKEUN DIRI DINA SAMARNA CAANG
IEU BAB HIRUP NU KUDU DI HARTIKEUN
DI LENYEUPAN
SUPAYA LEUWIH KAHARTI
YEN HIRUP TEH SIGA DAMAR
HIRUP TEH ZAT
TEU BISA DISARUAKEUN JEUNG AYANA JASAD
HIRUP TEH HAQ KAMULYAAN PRIBADI
DINA KAMANDIRIAN HIRUP
HIRUP SARUA JEUNG KASAJATIAN NU RASA
SAJATINING HURIP
ENING DZAT
MANGKA HIRUP GE SOK DISEBUT ROBB
ANU NYEKEL TILU SULUK HIRUP NYAETA
NUR RASA
NUR SARI
NUR SAJATI
PENGARUHNA KANA
SIRNA RASA
SIRNA SARI
SIRNA JATI
HIRUP HIJI KANIKMATAN PRIBADI
ANU LAIN DATANG DINA NU DI DAHAR
JEUNG NU DI INUM
KADAHARAN HIRUP NGAN DUA PERKARA
KU AYA NA CAANG
KEUNG KU AYANA RASA
HIRUPNA ROBB ATAWA DZAT
SAUKUR BISA DITARIMA KU RASA DIRINA
RASA ETA BAKAL NGAWUJUDKEUN CAHAYA ATAWA CAANG
KANA JERO DIRINA
ETA RASA PRIBADI
KATINGALI TI LUARNA
BAKAL SIGA CAHAYA ATAWA SINAR ANU NGABERSIT
KALUARNA TINA DZAT ETA PRIBADI
SIGA BENTANG NU NGAN SAUKUR BOGA CAHAYA NU KALUAR TINA DIRINA
LAIN CAANG KU LANTARAN AYANA CAHAYA ANU NYOROT KANA ETA BENTANG
GUGUSAN DZAT ATAWA BENTANG NU PANGGEDENA
SAPERTI AYANA PANON POE
NGAN KAHADE
ETA HIRUPNA DZAT ATAWA ROBB ETA LEUWIH SAMPURNA
TIBATAN AYANA BENTANG JEUNG PANON POE
ETA SAUKUR JADI PERLAMBANG ATAWA GAMBARAN SILOKANA
SING WASPAOS TINA NGARTIKEUN JEUNG NGAHARTIKEUN IEU BAB
SUPAYA ULAH KAJEBAK
KU RUPA RUPA PERLAMBANG ANU DI TAMPILKEUN
KU LANTARAN SAKABEH ANU AYA
NGAJADI LAUTAN SIMBUL
PIKEUN MUKA KANA HIRUP NU SAJATINA
ULAH SAMAR JEUNG KASAMARAN
HIRUP TEH NGEUSI KANA SAKABEH RUANG,TEMPAT, JEUNG WAKTU
SABAB HIRUP TEH HIJI
ANU TEU DI SABABKEUN KU ITU JEUNG KU IEU
HIRUP OGE BISA BOGA KAHENDAK
ATAWA KAHAYANG
HIRUP AYA TAPI EUWEUH WUJUDNA
TAPI HIRUP ETA SORANGAN BISA NGAWUJUDKEUN DIRINA
KU SABAB HAQ NA ETA SORANGAN
ETA DISEBATNA KAWENANGAN ETA WUJUD
NGAN DINA SAGALA PERWUJUDANNANA
HIRUP BAKAL NYAMARKEUN DIRINA
KU LANTARAN HIRUP DZAT MAH TERSEMBUNYI
ATAWA NGARAHASIAKEUN DIRINA
NGAN MAUJUDNA MAH PASTI AYANA
TIASA DITINGALI
SEDENGKEUN WUJUD ASLINA MAH
TETEP DISAMARKEUN
SAUKUR TIASA DITINGALI
DISAKSIAN KU DIRINA SORANGAN
MAKA JELAS MUN DISEBUT DZAT MAH EMBUNG DISARUAKEUN
JEUNG SAKABEH NU NGAWUJUD
JEUNG KEUNA NU RUKSAK
HIRUP BISA NAMPILKEUN RUPA RUPA WARNA DIRINA
HIRUP BISA NAMPILKEUN MANGRUPA BENTUK WUJUD
HIRUP BISA MINTONKEUN MANGRUPA RASA DINA DIRINA
HIRUP BISA NGAWUJUDKEUN RUPA RUPA BABAUAN JEUNG WAWANGIAN
SERTA RUPA RUPA ALAM DIRINA
HIRUP ETA SORANGAN BOGA MANGRUPA RENCANA PIKEUN DIRINA
KULANTARAN HIRUP GE KADANG KATINGALI KU DIRINA
JEUNG NYAKSIAN DIRINA SERTA NGAWALIAN DIRINA
MAKA HIRUP KADANG AYA KADANG EUWEUH
KADANG NGAWUJUD KADANG MAUJUD
KADANG BISA JADI SYAREAT
KADANG SAUKUR JADI HAKEKATNA
MAKA HIRUP TEH TEU KENA KA WATES KU RUPA RUPA HAL
ANU BAKAL NGABEURATKEUN DIRINA
HIRUP SAUKUR WAUH JEUNG DIRINA
ATAWA ANU WAUH JEUNG DIRINA
NYAETA CAHAYA JEUNG RASA
HIRUPNA DZAT BOGA SIFAT HIRUP
HIRUPNA ROBB BOGA NGARAN
HIRUP GE BOGA SIRR
BOGA AF’AL
HIRUP TEH BOGA BEBENER KANA DIRINA
SERTA JUJUR KANA DIRINA
HIRUP TEH BOGA TEKAD JEUNG LAKU LAMPAH
HIRUP TEH HAQ NGAWAUHAN DIRINA
NGAN RUMASA KANA DIRINA
JEUNG NGAWALIAN RASA DIRINA
MAKA HIRUP TEH BAKAL NGAHIJI
JEUNG JATINING HIRUP DIRINA
NUNGGALNA
TUNGGALING DIRINA
NYAKSIAN SAGALA BENER DIRINA
NYAKSIAN SAGALA LAKU LAMPAHNA
TEKAD DIRINA
RENCANA DIRINA
NYAKSIAN KANA HARKAT DARAJAT DIRINA
DINA TANGTUNGAN DIRINA
ANU TUNGGALING DIRI
MAKA BENER MUN DISEBUT YEN HIRUP TEH AYANA DINA
ASMA, SIFAT, DZAT, SIRR AF’AL
ANU NGAJADI MAUJUDNA
LAISA KAMISLIHI SAI’UN
KUN FAYAKUN
TEU AYA DEUI HIRUP SALAIN HIRUPNA PRIBADI
TEU AYA DEUI ANU DISAKSIAN SALAIN TI NYAKSIAN RASA TUNGGALNA PRIBADI
MANDIRI TINA SAKABEH TEKADNA
UCAP DIRINA
LAKU LAMPAH DIRINA
JUJUR JEUNG BENER PIKEUN DIRINA
NGARAKSA NGARIKSA DIRINA
DINA KALANGGENGAN DIRINA NU SAJATI
SAMPURNA KU SAJATINING HAQ NA
MAKA HIRUP MUN GEUS KAPANGGIH JEUNG HIRUP
BAKAL MANGGIH KANA SAESTUNA DIRI
BAB LAIN AYA OGE ANU MUKA KANA HARTI
YEN HIRUP TEH NU SABENERNA MAH TEU NGABOGA BOGA
HIRUP TEU BOGA NGARAN
DA HIRUP MAH TETEP HIRUP
TEU BUTUH KU NGARAN
NGAN HIRUP GE BUTUH KU SALAMET
PIKEUN NYAMPURNAKEUN SAKABEH RASA DIRINA
NGAWALUYAKEUN DIRINA
HIRUP OGE NGAWICAKSANAKEUNKANA DIRINA
ASIH KANA DIRINA
NGASUH KANA WUJUD JEUNG MAUJUDNA
NGASAH SAKABEH RASA DIRINA
BISA NGAMUMULE JEUNG NGABAGJAKEUN KANA DIRINA
HIRUP GE WAUH KANA AWALAN JEUNG AKHIRAN DIRINA
HIRUP GE WAUH JEUNG QODHO JEUNG QODAR DIRINA
DZAT HIRUP GE BOGA JINIS
BOGA JISIM
JIRIM DIRINA
JINISNA ROBB
JISIMNA CAHAYA
JIRIMNA RASA
SANAJAN YEN DIRINA TEH LEBUR DINA SAKABEHNA
JADI HIRUP TEH TETEP HIRUPNA
LEBUR DINA SAKABEH NU AYA
JEUNG LEBUR DINA SAKABEH NU TEU AYANA
TAPI HIRUP TEA TADI
TETEP AYA DINA HIRUPNA
SAJATINA PRIBADI HIRUP
DINA POEK TETEP AYA NU HIRUP
DINA CAANG OGE TETEP AYA NU HIRUP
TEU AYA NU NGAWATESAN DIRINA
SALIAN TI KAREP DIRINA
DA SAKABEHNA AYA DINA PIKIRANNANA HIRUP ETA PRIBADI
AYA DINA TANGGUNG JAWABNA PRIBADI
JEUNG SAKABEH IJINNA PRIBADI
LEBUR DIRINA MUSNAH DIRINA
DINA ALAM HIRUP JEUNG KALANGGEUNGANNANA PRIBADI
MAKA HIRUP TEH DISEBUT SANG PRIBADI
HAQ TINA SAKABEH SAJATINING HAQ
DA HIRUP TEH BISA NGUKUR KANA TUNGTUNG RASA DIRINA PRIBADI
TEU SIEUN KU ITU JEUNG KU IEU
DA KABEH GEUS KA CEKEL
JADI RAHASIA DIRINA PRIBADI
SAKABEHNA OGE GEUS KA EUNTEUNG KU DIRINA
MAKA JUSNURNA HIRUP TEH SAMPURNA
TEU KENA KU ROBAH
MAKA HIRUP YAKIN KANA WAJIBUL WUJUDNA
DIRI ATAWA JASAD
AENUL YAKIN KANA WAJIBUL GOIBNA
MANUSA, NYAWA, RUH
HAQUL YAKIN KANA GOIBUN GOIB NA
SAJATINA RASA ATAWA BATIN
PIKEUN NYAKSIAN JEUNG NGAWALIAN CAHAYA RASANA
CAHAYA RASA IEU AYA DINA TEMPAT ANU POEK BUTA RAJIN
AYA DINA ALAM KEUEUENG NU NGADANGDEUNG
DI DINGDING KU RUPA RUPA KELIR
NYACAS DI ALAM MUKAHA
NITIS DINA SARI
NIRCA DINA RASA
MANCALA PANCASONA SAJATI
NUNGGALNA NAFS
DINA NAFAS NU SAJATI
HIRUP LANGGENG SALALAWASNA DI ALAM RAHASIANA
HIRUP SANG MUKAMIL
LEBUR SAKABEH KUBUR
LEBUR PAPAN LAN TULISNA
BERSIH SUCI TEU AYA CORAT CORET DEUI
MUSNAH ILANG TANPA KARANA
KA ALAM KANIKMATAN ANU TANPA KIRA KIRA
ILANG RASA
ILANG CAHAYA
HIRUP DINA KALANGGENGANJEUNG KANIKMATAN NU SAJATI
------------
HONG MUNAH
SING KARI MUNAH
MUNAH LEMAH MUNAH LANGIT
BAYU PUNAH BAYU KAPUNAH
RAHAYU SWASTI ASTU
NIRMALA SEDA MALILANG
JISIM LANTIF KANG SALAMET
KUBUR KANG ALLAH
MANUSA NGANDEG
ALAM PADANG POE PANJANG
NAGARA TUNJUNG SAMPURNA
SAH JERO SAMPURNA JASAD
SYIR DZAT LES
KUSUMA JATINING SAMPURNA
SUCI DUNYA AKHERAT
SIRNANING JINAGAD GUSTI
MENYANG TUJUH LAPIS BUMI
TUJUH LAPIS LANGIT
LES ANGLES
PANGLIMUNAN GUSTI
NURBUAT DZATINING HIRUP
HIRUP MANUSA SUNDA
--------------
PERBAWA TEU PUGUH DUMUK
TARA TANJRUH KUNU BUKTI
BALUKARNA HEJO TIHANG
MUN PASILINGSINGAN ATI
NYIAR KENEH SUSUGANAN
NU ENYA DI LAIN LAIN
HIJI CIRI MANUSA NI WAUH KADIRI
BAGJA HURIP BARENG GUSTI
SAJERONING HIRUP IWAL TI PASRAH
NEDA PARENTAH GUSTI JEUNG ROSULNA
HIRUP HURIP MANUSA PASTI
LAIN HIRUP OWAH GINGSIR
TAPI TEGUH MAWA BAKTI
LAMPAHNA JADI TAULADAN
BUDI PANRANGINASIGA NU ELEHAN
TAPI HATE CADU ELEH
KANU SALAH
KALAWAN PATOKAN URANG
CICING DINU BENER
NANGTUNG DINA SAHADAT
MANUSA NU PASTI
TEU NYIAR PRIBADI
KALUAR TI DIRI
MANGGIH PASTI
WATES HAQ NA DIRI
GUSTI NGANCIK DINA ALAM MANUSA NU TUNGGAL
NGAJADI SAKSI DIRINA
SAKSI GUSTI NU HAKIKI
RIDO TUR IKHLAS
SUMERAH KANA NAFSIAHNA… GUSTI
RENGHAPNA NAFAS ETA MANUSA
DIHAMPURA SADAYA DAYA
KUSOROTNA NUR CAHAYA RASA
GUSTIAN NU SAJATI
HURIP TUNGGAL

....***HANCA***

*** KENGENG  TI KANG JALU JATI MERKALA .. MUGIA AYA MANGPAAT NA ***
(BOGOR PANCASONA: ABAH RAITA, DR. NURSIDIK. DITIK ULANG KU SANTANU MULIAWIDI)

KALAMANGSA: "LAYANG CAANG NA HIRUP"

KALAMANGSA: "LAYANG CAANG NA HIRUP"

"LAYANG CAANG NA HIRUP"

BAB IEU PIKEUN SAKABEH MANUSA ANU BUTUH KANA DIDIKAN JEUNG ATIKAN HIJI ELMU PIKEUN NGANYAHOKEUN MAKNA-MAKNA JEUNG OMONGAN ANU NGANDUNG HIKMAH JEUNG PANUNTUN SUPADOS ETA MANUSA TEH BISA PAHAM KANA KABENERAN JEUNG CERDAS.
GUNANA OGE PIKEUN NANGTUNGKEUN KAADILAN JEUNG KAJUJURAN KANA DIRINA. MUKA KANA KACERDASAN DIRI PIKEUN MANUSA NU PINUH KU PANGALAMAN JEUNG PANEMU JEUNG NGAJARKEUN KABIJAKAN PIKEUN ANU NGARORA.
MUDAH MUDAHAN NGAJADI HIJI KAHADEAN, DIMANA NU ARANOM GE DIAJAR KANA BAB KABIJAKAN DIRI JEUNG MEUNANG BAHAN PERTIMBANGAN ANU SAE PIKEUN NGARTI JEUNG NGAHARTIKEUN BAB PERJALANAN HIRUP ANU PINUH KU RUPA-RUPA MASALAH.
MUDAH-MUDAHAN PARIBASA JEUNG SILOKA MANUSA NU BIJAK BISA NUNGTUN URANG BALAREA KA JALAN ANU DIPIKA RIDHO KU DIRINA JEUNG GUSTINA, SIEUN KANA SALAH JEUNG HAYANG MANGGIH BENER.
ETA MODAL URANG MIMITI MUKA ATAWA NINCAK KANA BAB IEU. MANUSA NU BODO BAKAL MOAL BEUKI KANA MIKIR JEUNG NGAHINAKEUN KANA JALAN NU BENER. NYELA KANA DIDIKAN DIRI. SARUA JEUNG MOHOKEUN KANA NU AYA DINA JERO DIRI NA NYAETA HIJI RASA NU MULYA. PINUH KU LAUTAN ELMU JEUNG MA’RIFATNA DIRI NU HAKIKI.
SAEUTIK KUDU MAHI
LOBA KUDU NYESA
MUN MAHI PIKEUN DIRI
AYA NYESA PIKEUN SASAMA
NYANGGAKEUN SADAYADAYA
TEU REK NGAKU
TEU REK NGABOGA-BOGA
NGAN…
MUN DEKIL SING MANGGIH CAI
LAPAR SING MANGGIH DAHAREUN
GALAH CEDEK PAPAS RUNCING
MOAL REK LEULEUWIHEUN
MUN ALA KADAR NA
CAANG DAMAR SING JADI PANGGEUING
KUNDANGEUN URANG SAREREA
ULAH NAFSU DIAKHERATNA
ULAH NAFSU DI ALAM DUNYANA
SALAMET SAKAWASANA
LANGGEUNG SALALAWASNA
ATINING HURIP
"PAMUKA"
MUJI SYUKUR URANG BALAREA KA DIRI URANG PRIBADI NU MASING-MASING MASIH KENEH TIASA NGARASAKEUN HIRUP WAKTU POE AYEUNA.
MUJI SYUKUR KHUSUNA ABDI NARIMAKEUN HIRUP KU HIRUP KIWARI DINA KAAYAAN SEHAT SANTOSA KUCAANG HATE, CAANG PIKIR, SEGER BUDI PAKARTI, HERANG MANAH, KU NGAYOGANA HIRUP NU SAJATI.
DINA KANDUNGAN TIAP-TIAP MANUSA NU PERYOGA KANA DIRINA, MUNJUNG KANA RASA HIRUP NU ASLI NU PARANTOS WAUH JEUNG NYAKSIAN KANA JERO HIRUP NU HAQ.
CUNDUK KANA WAKTU NINGGANG KANA MANGSA.
KA JURUNG KU JOROJOYNA HATE.
MEDARNA MANAH.
ABDI NIAT MUKASAFAH MAKNA HIRUP.
NU KU ABDI KAHARTOS.
KATINGALI.
KAREUNGEU.
KAAMBEU.
JEUNG KABUKTOSKEUN.
HAPUNTEUN SATEUACANA BILIH TINA MUKA BAB IEU AYA KENEH ATANAPI MASIH SEUER KAKIRANGAN TINA BAHAN NU AYA DINA MANAH ABDI.
JEUNG KIRANG IMEUT NA AKAL ABDI DINA NAMPI RASA NUNTUN ABDI.
DUGI KANA SALSENA IEU BAHASAN.
HAPUNTEUN SAKALI DEUI TI PRIBADI.
KA PARA SESEPUH NU LANGKUNG SEUER PANGALAMAN DINA MUKA ATANAPI NYERATKEUN SAGALA ANU KA SIRAT DINA JERONING ATI.
MEDARKEUN SAGALA LALAKON KULUHUNGNA ELMU JEUNG JERONA PANGARTI.
HATUR NUHUN KA SADAYADAYA.
MUGI NAON ANU BADE KU ABDI DI BUKA AYA MANFAAT KA DIRI.
DEUNGEUN PIKEUN EUNTEUNG BAE
NU LIAN PIKEUN TAULADAN
NYANGGAKEUN.
AYEUNA KANTUN BADAN SAKUJUR
BADE NYANGGAKEUN KA GUSTI
REK DIHIDEUNGKEUN, ABDI LUAS
REK DIBEREUMKEUN, ABDI NAMPI
UPAMI REK TEURAS
ABDI HIRUP, NEDA HURIP
SANAOS SATUNGTUNG BUUK
NEDA SAHURIP SADAMI
CAANG PADANG NARAWANG
HIRUP TEU KATUNGKUL KU PATI
TAPI HIRUP
HURIP TUNGGAL
TUNGGALNA ABDI DI GUSTI
TI LUHUR SAHIBAS RAMBUT
TI HANDAP SAHIBAS DAMPAL
ADEG-ADEG ABDI GUSTI
TANGTUNG NA GUSTI ABDINA
ABDI TUNGGALING GUSTI
GUSTI NU DI AHUB TANJUNG
ABDI NU WEDI WIDI
WIDI NAPAAN ANJEUNNA
DA KU DUNYA TEU KA TEUPI
KU BADAGNA SOK BENGBATAN
SUGAN TEUPI LAHIR BATHIN
REP SIREP SA KUJUR TANGTUNG
REP SIREP DI SANUBARI
REP SIREP SINUKU TUNGGAL
KABEH TUNGGALING PRIBADI
YAIKU SANG NGAWE PADANG
TEKA MARING SUN SAJATI
LAA ILAAH HA ILLALLAHU
GUSTI KURING NU SAJATI
ORA ANA KANG SINEMBAH
ANGING INGSUN KANG DUMADI
SIRA INGSUN
INGSUN SIRA
SAPADAMAIAN NGAJADI.
PANGAJEN AJI WIJI
WIKU WASTU KANCANA
"PANGULAS"
HIRUP.
NAON ETA HIRUP ?
AYA NU NYEBATKEUN YEN HIRUP TEH EUSI.
HIJI KANYATAAN YEN HIRUP EUSIAN SAKABEH RUANG TEMPAT JEUNG WAKTU
HIRUP NGEUSI KANA SAKABEH KAHIRUPAN NU AYA
HIRUP TEU AYA RUPANA TEU AYA BAUNA
JEUNG TEU AYA WARNANA
HIRUP GE TEU AYA SORANA
HIRUP ETA MANDIRI
TEU KEUNA KANA RUKSAK
TEU BISA DICABAK
TEU BISA DIGAMBARKEUN
ETA GAMBARAN SAJATINA HIRUP
AYA ANU NYILOKAKEUN YEN HIRUP ETA
HI……. HIJI
RUP.… RUPA-RUPA
JADI DIMAKNAKEUN YEN HIRUP TEH HIJI
NGAN NYURUPNA HIRUP ETA KANA HIJI WADAH
NGAJADI RUPA-RUPA
JADI TIASA DIHARTIKEUN YEN HIRUP BOGA KAHENDAK
PIKEUN NAMPILKEUN ATANAPI NINGALI DIRINA
MAKA HIRUP BUTUH KU WADAH KASAR
KU LANTARAN HIRUP ASLINA MAH HALUS ATAWA LEMES PISAN.
BENER UPAMI KITU MAH, UPAMI AYA NU NYEBATKEUN
YEN HIRUP TEH NYAKSIAN DIRINA
KU HAKEKAT DIRI PRIBADINA SORANGAN
SUPAYA TETEP DINA HAKIKINA ATANAPI KALANGGENGAN SAJATINA DIRI.
HIRUP OGE DI HARTIKEUN TEU KEUNA ATANAPI TEU KA TUNGKUL KU PATI
SABAB LAMUN HIRUP KEUNA KU PATI ETA LAIN HIRUP.
DI DIEU MAKNA HIRUP LANGGENG SALALAWASNA
TEU KENA KU ROBAH, KU POLAH, KU MISAL,
JADI HIRUP TEH KUDU PASTI
HIRUP GE DI MAKNAKEUN BOGA RASA
JADI AYA HARTI YEN WUJUD HIRUP NYAETA RASA
ATAWA PANCARAN DINA HIRUP TEH NYAETA RASA HIRUP
IBARAT RASA, GEDE TAPI LEUTIK, LEUTIK TAPI GEDE
HIRUP, RASA, JEUNG WADAH TEU KAHALANGAN KU WAKTU
NGAN SUPAYA EUSI JEUNG WADAH ALUS ATAWA SAMPURNA HIRUP
BAKAL NGAROBAH WAKTU , NGAROBAH CUACA, NGAROBAH KAAYAAN
NU LEUWIH ALUS, LEUWIH SAMPURNA.
REP SIREP SAKUJUR TANGTUNG
REP SIREP DI SANUBARI
REP SIREP SINUKU TUNGGAL
JERONING ATI NU SUCI
JERONING ATI NU MUKAHA
KUMELIP BINTANG DI LANGIT
MARARAY BULAN OPAT WELAS
NYAROROT CAHAYA PANON POE
NYURUP DINA CURUGAN
BRAY CAANG NARAWANGAN
KATUMBIRI PINUH KU WIDADARI
RUPA-RUPA CAHAYA RUPA RUPA WAARNA
KABENGBAT KU WELAS ASIHNA DIRI
DIRI MANUSA NU SAJATI
LAT… HILANG BUANA SAJAGAT
DAT.. NGANCIK JERONING CUPU MANIK
LES… SAKABEH ALAM CORENGCANG
BARARAY, BURIYAL,BUNCEULIK NUR SAJATI
SING NGAIT KANA ATI
GUSTI NU TEU JAUH JEUNG DIRI
SING KAPI ATI KU DIRI
EMUT TEGUH KANA JANGJI
JADI SAKSI NU SAJATI
--
TUNGGAL TAN TINGGAL
LAWAN ING PASTI
RORO PAN TAN RORO
LIR JIWA TINON LAWAN RAGANE
KATON TUNGGAL KE TINGGAL KE KALIH
MANGKE ANA MAMI
LAWAN GUSTI NING SUN
TAN KENA NING PISAH
SYANG LAN RATRI
TAN SYAH AWOR WINOR
ANGEMBAN INGEMBAN SALAWASE
AMURUKI OSIK ENENG MAMI
AWISIK…AWISIK
AKEH BEKTI LULUT
ADEPNA MUKANIRA IKU
MARANG ING SANG KATON
HIYA IKU KABEH RARAHINE
ANGALINGI RAHINING DUMADI
RARAHI KANG LUWIH
SANG KATON SA WEGUNG
PENGETINING SUN
ING SIRA RA
WUJIL
DEN DAT NA
URIP INANENG DONYA
JIWA
SUMAMBARANGE
GAWE
KAWERUHNA DEN ESTU
SARI RANTA PON DUDU JATI
SING SAPA PUN IKU
WERUH REKEH ING SARIRA
MAKA SANGSAT
WERUH SIRA
MARING HIYANG WIDI
IKU MARGA UTAMA
SERAT CENTINI
RA…. WUJIL
"RAHASIA DIRI MANUSA"
SAMEMEH URANG MUKA KANA HIJI PANGARTI
NU BAKAL NUDUHKEUN KAN AEUSI JERONA MANUSA URANG MIMITIAN KU HIJI SILOKA,
TEANGAN TAPAK MERI NGOJAY DI CAI
TAPAK BANGO DI AWANG-AWANG
BEBEK NGEYEPEK, SOANG TITEULEUM
BANCET RARECET, BANGKONG NGAHEUMHEUM DI JERO LIANG
MASIH LOBA SILOKA NU NUDUHKEUN KANA NU BENER
NGAN HANJAKAL
MANUSA AYEUNA LEUWIH RESEP KANA RARAMEAN
SAMAR KU DEDENGEAN
SAMAR KU TETEMPOAN
HAL IEU TEH KAKARA SAEUTIK PITUDUH
NU MUKA KANA JALAN PIKEUN MUKAKEUN RAHASIA DIRI MANUSA
LAIN SAEUTIK MANUSA NU TEU MERHATIKEUN KANA HAL IEU
SABAB MEMANG GEUS KITU AWALNA
MOAL WAKA BEUKI LAMUN CAN NGASAAN
MOAL WAKA HAYANG LAMUN CAN DITUDUHKEUN
MOAL WAKA MUKA MUN CAN KAPIKIR
HAYAM JAGO KONGKORONGO DINA JERO ENDOG
PILEULEUYAN, SAPU NYERE PEGAT SIMPAY
PILEULEUYAN, PATURAY PATEPANG DEUI
HAYAM HIDEUNG ENDOGNA BODAS
CING NAON TAH SILOKANA ETA KALIMAH
URANG KUDU MIMITI DIAJAR MIKIR KANA PIHARTIEUN ETA KALIMAH
HUDANGKEUN RASA KANYAAH, RASA BOGOH, RASA DEUDEUH, KANA DIRI URANG PRIBADI
EUWEUH NU NYAAH KA DIRI URANG SALAIN DIRI URANG
EUWEUH NU DAEK HOOK KA DIRI URANG SALAIN DIRI URANG PRIBADI
PERTAHANKEUN ETA SIFAT ASIH KA DIRI KU SAKUAT TENAGA, SAKUATNA NYAWA, SAKUAT JIWA
SUPAYA KALUAR ETA HIJI RASA NU SAJATI NU ASLI DINA JERO DIRI MANUSA NU SEBUT AL HAQ.
NYAETA BENERNA DIRI MANUSA NU PASTI
ATAWA DISEBUTNA SARI SARINING RASA NUR SAJATI.
MAKSUD DINA SILOKA NU DIBABARKEUN DI PAYUN
TIASA DIGAMBARKEUN KU MANG RUPA-RUPA GAMBARAN
NGAN URANG HARTIKEUN KANA NU PANG GAMPANGNA BAE.
TAPAK MERI NGOJAY DI CAI
ARI TAPAK TEH LALAKON
ARI MERI TEH URANG
NGOJAY TEH MENTAS
CAI TEH ASALNA MANUSA ATAWA CIRINA MANUSA
JADI MAKSADNA TEH ASAL MANUSA TEH TI MANA? TI SAHA? TI MANA KALUARNA?
SAHA NU MEDALKEUN?
KU KERSANA SAHA ETA MANUSA NGAWUJUD?
SAHA KUDRATNA MANUSA?
SAHA MAWUJUDNA MANUSA?
JEUNG SAJABANNA, RUPI-RUPI PIPIKIRAN TEH MIMITI TATANYA KA JERO DIRI PRIBADI.
TAPAK BANGO DI AWANG-AWANG
MAKSADNA NYAETA
TEANGAN ASALNA KECAP, DONGENG JEUNG CARITA.
SUPAYA URANG NGELINGAN KA DIRI TEH ULAH SAUKUR CEUNAH JEUNG SAUKUR BEJA TI BATUR.
TI MANA ASALNA SORA TEH
APA BISA DITEWAK ATAWA DICEKEL ETA SORA TEH?
CING SAHA NU BISA NGALUARKEUN SORA TEH
CING SAHA NU BOGA SORA DINA JERO DIRI MANUSA TEH
AYA NAON DINA DIRI MANUSA TEH MANGKANA BISA SORAAN
BISA NYARITA, BISA NGUCAP KITU, BISA NGUCAP KIEU
BIJIL SORA TEH TI SAHA
BEBEK NGEYEPEK
ETA TEH USIK JEUNG MALIKNA DIRI URANG KU SIFAT BADAN
SOANG TITILEUM TEH ETA SIFAT JEROAN URANG NU MIMITI NINGALIAN KA JERO DIRINA
PIKEUN NGAWAWUHAN JERO DIRINA PRIBADI.
NAHA BET AYA URANG TEH ?
AYANA DIRI URANG TEH KU AYANA JASAD ATAWA NYAWA
ATAWA KU AYANA JIWA
ATAWA KU HAYANGNA ZAT
ATAWA KU RASA
ETA PERTANYAAN MULAI MINUHAN ALAM PIKIRAN MANUSA
NU BERPIKIR KANA DIRINA
NGARAGEMKEUN ELMU JEUNG PANEMU DINA DIRINA
MEUNANG TATANYA MEUNANG NGALA TI DULUR JEUNG BABATURAN
TAH KITU GEUNINGAN ASAL MUASALNA URANG NGAMIMITI DI AJAR KANA WAWUH JEUNG DIRINA.
BANCET RARECET
MAKSUDNA CARITA JEUNG LALAKON MAH RAME JEUNG DEUI PANJANG
EUWEUH TUNGTUNGNA
BANGKONG NGAHEUMHEUM DI JERO LIANG
MAKSUDNA SAKABEH ASAL MUASALNA CARITA NYAETA TI JERO DIRI MANUSA KENEH
NGAN PASTINA NU GEUS WARAUH KANA DIRINA
KU RAGEMNA AKAL NU PINUH KU PANGARTI
JEMBAR KU PANGABISA
MERE MAWEH KU PITUAH ATAWA PITUDUH NU ALUS
PIKEUN SAKABEH MANUSA NU HAYANG WAUH
SOAN KAJERO DIRINA SUPAYA KAPANGGIH JEUNG HIJI KAMULYAAN DIRI
KAPANGGIH JEUNG KAMULYAAN DIRI SAJATI
BAB IEU BAKAL DIBUKA KAPAYUNNA
SUPADOS LANGKUNG ECES DINA NERANGKEUN PERIHAL BAB MANUSANA
HAYAM JAGO KONGKORONGO DINA JERO ENDOG
TATARUCINGAN ATAWA SILOKA PIKEUN MUKAKEUN DIRI
HEULA MANA HAYAM JEUNG ENDOG
HEULA MANA SIRR ATAWA HEULA RASA
HEULA MANA WADAH ATAWA HEULA ISINA
HEULA MANA WUJUD ATAWA HELA MAUJUDNA
HEULA KERIS ATAWA HEULA SARANGKANA
HEULA BATU ATAWA HEULA TANEUH
HEULA CAI ATAWA HEULA ANGIN
HEULA KORAL ATAWA HEULA HEULA PASIR
HEULA LANGIT ATAWA HEULA BUMI
HEULA NYAWA ATAWA HEULA JASAD
HEULA CAANG ATAWA HEULA POEK
HEULA SIKI ATAWA HEULA BUAH
HEULA AKAR ATAWA HEULA TANGKAL
HEULA RUH ATAWA HEULA JIWA
HEULA NAGARA ATAWA HEULA RAKYAT
CING PIKIRAN SING BENER
ETA TATARUCINGAN NGAHAJA DI KAHAREUPKEUN SUPAYA URANG BENER BENER DAEK MIKIR
ULAH CEUK BATUR, ULAH CEUK BEJA
SOK URANG BABARENGAN PEDARKEUN SAKABEH NU JADI GERENTES DINA HATE SANUBARI URANG
REGEPKEUN TINA MANAH JEUNG NURANI NU JUJUR
APA BENER URANG TEH GEUS PERNAH MIKIRAN KANA ETA PERKARA NU KACIDA ENTENG
SIGA NU DEET, SIGA NU HEUHEUREUYAN JEUNG SAJABANA
PILEULEUYAN PILEULEUYAN, SAPU NYERE PEGAT SIMPAY
MAKSUDNA SABARAHA LILA URANG TEH GEUS MOHOKEUN DIRI
POHO KANA NGELINGANKA DIRI, MOHOKEUN KANA NGAMUMULE KA DIRI
IBARATNA GEUS TEU WAUH KA DIRI
NGARAKSA NGARIKSA KA DIRI JEUNG GEUS NEPI URANG KANA NGALALAKON
KAPANGGIH CAN JEUNG SALSENA ?
GEUS BERES ACAN URANG TEH NGABEBENAH, NGABEBETAH DIRI
CUKUP CAN PAMANGGIH URANG TEH PIKEUN NGABEDAH DIRI URANG
SUPAYA DIRI URANG KAPANGGIH JEUNG EUSINA MANUSA
PILEULEUYAN PILEULEUYAN PATURAY PATEPANG DEUI
MUDAH-MUDAHAN SING AYA DINA WAKTUNA URANG BISA NGEDALKEUN SAKABEH RASA
NU GEUS JADI KAPANASARAN DINA DIRI URANG NU KEUR DI BERE HIRUP
DIBERE NAFAS NU PANJANG PIKEUN MAPARKEUN JALAN ANU YAKIN BENERNA
HAYAM HIDEUNG ENDOGNA BODAS
MAKSADNA URANG TEH KUDU HIDEUNG PIKEUN NGANYAHOKEUNNANA
SUPAYA MANGGIH BUAH NU JELAS
NYACAS ECES NGEBREH DINA PIKIRAN NU BERSIH
HATE NU CAANG DIREGEPKEUN KU RASA JEUNG SANUBARI ANU SUCI
NYACAS DINA NURANI ANU NARIMAKEUN KANA SAGALA KAKURANGAN
JEUNG KALEUWIHAN MANUSA
LAIN LUHUNG KU ELMU LAIN LUHUR KU AJI
ETA MANUSA WAUH KANA DIRINA
MAKA BAKAL MANGGIH KANA BENERNA DIRI
JEUNG LAIN KU LEBER WAWANEN
ATAWA KU JEMBAR PANGABISA, MANUSA BAKAL BISA WAUH KANA DIRI TEH
TAPI KU RASA RUMASA NU MURNI NU KALUAR TINA ATI SANUBARI NU BERSIH
LAIN PINTER NU BAKAL NGAJAMIN URANG WAUH KANA DIRI
SAKABEH MANUSA BOGA HAQ PIKEUN WAUH KANA DIRI
MUNG NGAN SAEUTIK NU KAPILIH
NYAETA NU DARAEK MIKIR DARAEK TATANYA
TAH AYEUNA URANG MUKA KANA BAB LANJUTANNANA
SING KAHADE
SAMEMEH EUNTEUP, KUDU DIINTIP HEULA
SING TALITI KADIRI DINA NALUNGTIK KANA JEROANNANA DIRI
SUPAYA MANGGIH PANGARTI NU BAKAL JADI MUSTIKA JEUNG JIMATNA HIRUP
ELING ELING MANGKA ELING
RUMINGKANG DI BUMI ALAM
DARMA WAWAYANGAN BAE
RAGA TAYA PANGAWASA
LAMUN KASASARNA LAMPAH
NAFSU NU MATAK KADUHUNG
BADAN NU KATEMPUHAN
JISIM NU NGARASA NYERI
HATE NU NGARASA CAPE
HAREUDANG NYANDANG WIWIRANG
PURBA PERBAWA HAWA
UJUB SUMAAH TAKABUR
REA KU PANGGODA SETAN
ULAH SYIRIK KA PANGAMPIH
ULAH NYACAD KA NU LIAN
DENGEUN PEIKEUN EUNTEUNG BAE
NU LIAN PIKEUN TAULADAN
HADE GORENG KASAWANG
UKUR KU TANGTUNG SAKUJUR
SING TAPIS NGAWISIK DIRI
AWAK NGARAKSA SALIRA
TOTONDEN HADE JEUNG GORENG
MUN PERYOGA SOK TURUTAN
ANU NISTA DI SINGGAHAN
ANU RUKUN KA NU UMUM
NYORANG LAMPAH KA LUMBRAHAN
ANU MANGFAAT KA DIRI
TAYA BATAN KAHADEAN
HADE UCAP HADE HATE
HATE SABAR TAWAKAL
PINUJI KINASIHAN
TEU NUNJUK KA LUHUR ADIGUNG
NYAETA JALMA BUDIMAN
HIRUP HURIP

....***HANCA***


*** KENGENG  TI KANG JALU JATI MERKALA .. MUGIA AYA MANGPAAT NA ***
(BOGOR PANCASONA: ABAH RAITA, DR. NURSIDIK. DITIK ULANG KU SANTANU MULIAWIDI)

HIJI coretan Ti Rosyid É. Abby

(Milang léngkah ti mangsa ka mangsa ngitung umur waktu demi waktu ngijir-ngijir wanci ti bihari ka kiwari. Ki Sunda cenah mah leungiteun dangiang leungiteun tapak leungiteun lacak Nu aya ukur kari ngaran ukur kari ngaran!)



Sakséni tuh langit nu paul, sakabéhna paul atra walatra dipapaés ngeplak bodasna méga Sakséni tuh tanah angar nu ngan kari saheureut di gédéngan ku imah-imah beton ngajungkiring mapaésan dayeuh Bandung  Di gédéngeunana deui villa-villa alagréng masieup lemah sarakan

Bihari

karuhun ngawariskeun kanyaah Tanah nu héjo ngémploh sagara pulas paul langit lénglang, méga bodas

kapan nu urang

Kiwari urang kari nyawang tanah nu héjo ngémploh tinggal saheureut sagara kelirna rupa-rupa kacampuran mangpirang kokotor langit lénglang bet jadi ngemplong dirogahala ozon Kapan éta gé geus jadi milik urang

Baringsupagi tanah, sagara, langit biheung kumaha jadina biheung kumaha engkéna



2



Duh, si miskin jadi kaom terusir si kaya bisa mungkir Si miskin dibuligir si kaya jadi kafir Duh, si miskin jadi kaom terasing si kaya ngabaheuhay di menara gading Si miskin jadi maling si kaya teu ambil pusing



(Lawang si kaya lawang si miskin ngajega jungkrang nu lungkawing)



3



Mangsa pangawasa nagri raos-raos calik na korsi gilang kancana aya nu gupuy-gapay néang puntangeun pabeulit reujeung eusi beuteung nu taya kendatna melas-melis ménta eusi Ari di ditu, nu raos-raos calik teu engeuh dunya nu di handap



(riceuw-riceuw sual démo sual undakna bahan-bahan poko, rékening listrik jeung telepon sual milih pikadéseun jeung pigubernureun pabaliut jeung sawatara katugenah rayat kaom cacah kuricakan)



Di dieu urang leungiteun beungkeutan rempug jukung sauyunan saukur sloganismeu anu cumah kecap “menjalin persatuan dan kesatuan” ukur payus mapaésan layar télévisi



4



(Ki Sunda nu ti mangsa ka mangsa pinuh dangiang Geus dicatet ‘na lambaran sajarah Geus dicutat ‘na lambaran lontar ti jaman raja-raja bihari tug tepi ka jaman konglomerat kiwari tétéla masih kénéh poékeun ngararampa jalan sorangeun)



Ka mana Ki Jurupantun ngapung-ngapung ngaprak méga ngabaladah buana Ka mana ronggéng-ronggéng makalangan da geuning kasilih héab ti kulon mangsa rock, slowrock, heavy metal, rap geus teu nyemah deui di tanah urang



5



Tuh, pasawahan, balungbang, pasir jungkrang nu lungkawing geus keuna ku héabna pangwangunan



(Pangwangunan! Pangwangunan! Cenah mah demi karaharjaan?! Cenah mah demi ma’murna nagri?! Di pakaleran Bandung kuring mireungeuh kebon-kebon sugih jadi wangunan alagréng Di tegalan upluk-aplak kuring mireungeuh lapangan golf dibudayakeun Di mana-mendi kuring mireungeuh pabrik-pabrik dug-deg Di langit nu geus kahéaban ozon kuring mireungeuh parapangawasa nagri bentik curuk balas tutunjuz Di satukangeun méga kuring mireungeuh diri gupuy-gapay muntangan méga



6



Barudak seunggah ulin di buruan sab buruanana ngan sacangkéwok Barudak seunggah rék ulin mangsa bulan keur béngras Ucing sumput ditéma bancakan jeung bébénténgan atawa oray-orayan reujeung slépdur sab di puseur-puseur pertokoan sadia kaulinan ti kulon Tamiya, vidéo games, games-watch, pé-és mahabu di mana-mana Basa rumaja Sunda geus jadi basa nu mandiri Basa Batawi elu-gué pacampur basa gogog direumbeuy basa Inggris little-little younkey

Laju, Ki Sunda di mana? Dangiangna kumaha?



(Geus béakeun dangiang cenah Ki Sunda téh geus leungiteun tapak geus leungiteun lacak alaguanana gé cenah geus béakeun wirahma béakeun wirahma; Rék kumaha ketak Ki Sunda Rék ka mana nya lampah kudu ngaléngkah?)



7



Ki Sunda Ieu kuring urat nu manteng jeroeun awak anjeun Ieu kuring balung kadeudeuh nu nganteng na lelembutan Ieu kuring getih kaasih nu ngamalir saawak-awak Rék di mana nya kudu ngarereb? Rék kumaha nya pilampaheun? Kuring katambias di tanah ciciptan parapohaci kiwari Kuring ngalungsar di tanah nu ngan kari saheureut  Kuring leungiteun lacak Kuring leungiteun tapak di jaman kiwari Sajarah bihari nu kacaturkeun léndo ku cai ma’mur ku tatanén kiwari ukur jadi catur tanpa bukurukur aya dina dongéng-dongéng ukur aya dina seminar-seminar ukur aya dina sawala-sawala parabudayawan



(Ema, dikamanakeun tanah sacangkéwok nu baheula dipaké ngubur bali?)

(Bapa, rék di mana barudak urang mun rék mulan?)



8



Hyang karuhun, hyang batara-batari tutunggul kamerdékaan geus ditanjeurkeun di ieu nagri tapi bulan pias angger ngaririwaan luhureun langit tapi béntang bet teu nembongan saendeng-endeng



(Boa ngan ukur ririwan mangsa urang pules ku rupaning katugenah Boa ukur ririwan mangsa kaadilan méhong ku mangsi hideung kakawasaan)



9



Geus! Teu kudu deui nyarita perkara bulan jeung béntang da langit geus nyakséni getih hangru jeung bugang nu patulayah ukur jadi saksi jaman nu pireu ngabigeu

Tuh! Bulan jeung béntang mah ukur papaés mangsa urang keur lindeuk ku katunggara cinta

Teu! Teu kudu deui nyarita perkara; langit nu lénglang, bulan nu béngras, atawa béntang nu baranang da saksi jaman réa kénéh nu kudu dipaliré dipiroséa



(Sakséni tuh geus sabaraha metér-kubik cimata nu sakeclak-sakeclak dipaké tumbal nyeungceurikan saksi-saksi jaman nu teu kapaliré teu kapiroséa!



Bandung, 21 Januari 1995

KALAMANGSA: RAJAH SUNDA PAMUKA NUSANTARA

KALAMANGSA: RAJAH SUNDA PAMUKA NUSANTARA

KALAMANGSA: TETEKON SUNDA

KALAMANGSA: TETEKON SUNDA

TETEKON SUNDA

Gunung teu meunang dilebur
Lebak teu meunang diruksak
Larangan teu meunang dirempak
Buyut teu meunang dirubah
Panjang teu meunang dipotong
Pondok teu meunang disambung

Nyaur mudu diukur
Nyablama mudu diunggang
Mulah ngomong sagete-gete
Mulah lemek sadaek-daek
Mulang maling papayungan
Mulah jinah papacangan

Mudu ngadek sacekna
Nigas saplasna
Mipit mudu amit
Ngala mudu menta
Ngeduk cikur mudu mihatur
Nyoke jahe mudu micarek
Ngagedak mudu bewara
Weduk teu kalawan diajuk

Bedas teu kalawan dimomoton
Nu lain mudu dilainkeun
Nu mulah mudu dimulahkeun
Nu enya mudu dienyakeun
Mulah cueut kanu beureum
Mulah ponteng kanu koneng

karana lamun dirembak bakal:
matak burung jadi ratu
matak edan jadi menak
matak pupul pangaweruh
matak hambar komarana
matak teu mahi juritna
mata teu aya perangna
matak sangar ka nagara na..

-CAG-

RAJAH SUNDA PAMUKA NUSANTARA

Pun Sapun
pun amit pun
pun tabe pun, amit sun Sampura Sun.........'
Neda Agung nya paralun, neda jembar panghak sami.
ka sanghyang Ruh muhun, ka luluhung agung pamunjung.
Nu di luhur nu manyungan Bapa kaula agung, nu linggih di 7 lapis langit legana....
Ka Indung kaula agung, nu linggih di 7 lapis bumi sapta pertala legana.
Ka Bapa kaula peuting nu moekna salebah dieu.
Ka Indung kaula beurang nu nyaangan salebah dieu.
Ka Indung kaula agung nu ngandung, nyi lambut kasih tunggulna karahayuan.
Ka Bapa kaula agung ingkang kamajaya, nu ngajadi catang na darajat.
Ka saderek papat kalimah pancer, nu marengan tatapak nunggal sajati.
Sang wadi wetan batara wiwitan.
Sang mani kulon batara wekasan.
Sang maningkem kaler batara Aji suci.
Sang pituah kidul hing medal kang batara wisnu.
Muga pangbukakeun ka rahayuan ka salametan Nagara.
Pun ka
Nununggal di bibit leuwi ya ingsun tangkaling hurip. Nu medal di alam hirup, muga ngadeg titis tulis, wawaris ti alam suci,
nu kawasa, nu di kawasa, nu nga wasa diwasana muga ngadeg sasaka'na.
Aki sakti nini sakti buyut lembur mangun sari ya ingsun manung sajati, eusina manusa pasti.
Saha du saha dat tunggal
Kudrat pasti jati suci.
Saha du saha dat badan, tunggal sari powah aci, sampurna nyahaya raga.
Jirim raga nu salira gumulung tunggal wujud suci hing sampurna.
Pun ka nu ngusik sajero ning cicing, ka nu ngobah sajeroning rasa, rahyang murba hing wisesa, nu miboga pangawasa, ya ingsun banda nu wasa.
Pun ka nu nguliwed di tatapakan.
Ka nu ngilo dina ti koro.
Kanu ngancik dina diri.
Kanu masket dina hate. Nu mareng maring sumanding.....

Ahuuuung......

Ahuuuung......

Ahuuuung......


"Muga seja ning pang dunga ka tampa.
Mugi saji ning pangaji katampi.
Dihin pasti ka hyang widi.
Mugia sadaya
mulus rahayu berkah salamet.
Waluya bangsa na,
walagri Nagarana.
 
Nusantara Baheula, Ragana cageur, ayeuna menta cageur.
Nusantara Baheula, Garana bageur, ayeuna menta bageur.
Nusantara Baheula, nagara bener ayeuna menta bener.


Geura bukti, jangji Gusti, tanjeuran Nagara Pageuh.........


Jalan gede sasapuan,
Caang padang narawangan.
Ngadeg nagara tunjung sampurna.
Teuneung ludeung reugreug pageuh.........
Konci gedong kabagjaan......


"SUNDA PAMUKA NUSANTARA".

Cag....... Rampes.......Sampura suhun..............Kai Sunda Kawangi........
Rahayu.....Rahayu.......Rahayu.


Babar Kecap Panyipuhan Alam Panyundaan


PADARINGAN

RERENCANGAN

Simkuring

Foto saya
Sumedang, Jawa Barat, Indonesia
Sampurasun Salam pangwanoh kasadayana ... teupangkeun simkuring sibudak angon ti sumedang sanes agul ku payung butut sanes oces ku karung soek ngan ukur nyimpenan arsip kolot urang bahela teungarasa asa pangpinterna teu ngarasa asa pangnyundana... tpi ngaraos nyaah kana kasundaan nana bilih aya catur nu teu matut hapunteun da simkuring mah nuju di ajar Cag Pun Budak Angon Rampes