Selasa, 28 Agustus 2012
Jumat, 24 Agustus 2012
Longkewang Ati......
Hareudang bayeungyang, longkewang rasa, pinuh kakeueung mangsa
diri nyukcruk jalur mapay laratan. Na saha ari diri? ... Gunung luhur
dijugjug, lamping gawir disorang, teu jerih ku pati teu gimir ku kanyeri
da rasa mokaha (pohara) teu katahan hayang "ngabalur" hate nu keur
tunggara kadungsang-dungsang milari narpati sajati geusan ngabahudenda
na ieu rasa...
Emh, Gusti. Diangken kudisim abdi yen kadar diri teh teu daya teu upaya, estuning teu walakaya kalayan rakhmat, kudrat sareng irodat Salira mah, geuning eta poek mongkleng angger "mongkleng" hideung ngagebleg basa Salira "can widi" masihan obor , nuhurung beureum angger ngalingkung mawa panasna hawa dunya mangsa salira can widi "ngipaskeun" lalangse hate, ... tuh pikir jeung niat masih keneh "pasalia" patunggang tonggong "ngabarung" hejo konengna ieu pulas alam dunya nu mawa eungap jeung beurat kana ieu lengkah pikeun "ngadeuheus" kasalira.......
Ampun, Gusti.
Rumaos ieu diri teu acan sayakti gilig ngaping raga jasmani nepi ka rasa rohani pikeun teteg panceg ngadeuheus kasalira, ampun Gusti...rumaos seueur keneh liwarna....
Alhamdulillah, ngahaturkeun puji syukur ka Salira....
Najan lapat-lapat, najan hawar-hawar, najan rentang-rentang ....panggero teh aya walonan, panggupay teh aya nu mairan, paningal teh aya nu nyaangan.....
Mugi Gusti, netepkeun ieu lengkah geusan deuheus kasalira. amin

KURING
Neda suci na Hyang widi neja jembarna Batara
Wanci geus ngadudut metot nambahan umur ngurangan uga
pancen di dunya can ka saba
tapi berang terus ngagilir hirup teh teu isuk wae
wanci serab na sang surya geus metot ka sorena keun
tuh tungtung gunung tampa emas sariak layung nembongan
pancen hirup can kasawang loba cumagog ngadago
teuing atuh ngadago naon
uga hirup siga nek tereh nutup uga dir,i lain uga bihari
tapi da Sang surya mah teu ngalieuk deleu tetep ngalaju nutup berang
Wanci jeung wanci pa udag - udag teu karasa
di dayeuh pating jorowok
di mandala pating karoceak
diri nu ngarasa eweuh kabisa ukur cumagog bari sasakali ngilu aub
bari jeung teu ngajalur
rumasa taya pangabisa rumasa jelema biasa
ngan boga uga sajalanen hirup neang jalan ka pangwenangan
neang jalan kamanunggalan
hayang wawuh jeung nu ngacikan diri ...
dageuning caah mawa palid dagening angin mawa hiber
da gening seune ngadon ngalentab da gening taneh ngadon ngaurug
balueng nu dirasa ceuk ieu nidak ngaler
ceuk itu nindak ngidul nu ka kulon jeung kawetan mah silih betot
Rampes

Malati Linggarna Ati
Hariring asih kumalendang ngebrak caang di pangwenangan
Haleang tresna pating haleang di baturan jentreng kadedeuh bujangga
Mandala asih ngancikan diri mendal tresna ngacikna rasa padungdengan urang duaan ....
Duh eius kembang hareupan malatina ati
nu marengan berang jeung peting
marengan di pangimpian
maturan di panglamunan
Tampomas linggana ati

15092011
Langganan:
Postingan (Atom)
PADARINGAN
Ku Budaya Urang Napak Ku Budaya Urang Ngapak
RERENCANGAN
Simkuring
- KASUNDAAN
- Sumedang, Jawa Barat, Indonesia
- Sampurasun Salam pangwanoh kasadayana ... teupangkeun simkuring sibudak angon ti sumedang sanes agul ku payung butut sanes oces ku karung soek ngan ukur nyimpenan arsip kolot urang bahela teungarasa asa pangpinterna teu ngarasa asa pangnyundana... tpi ngaraos nyaah kana kasundaan nana bilih aya catur nu teu matut hapunteun da simkuring mah nuju di ajar Cag Pun Budak Angon Rampes