Selasa, 19 April 2011

KIDUNG SUNDA (Pra Perang Bubat, Tubagus Djajadilaga, 1928)

Dangdanggula

Dangdanggula rinéngga mamanis, nutur galur sajarah baheula, metik tina kitab kahot, dirakit sekar kidung, gending Sunda jaman kiwari, medar babad sempalan, luluhur kapungkur, talapakan nu baheula, Kangjeng Prabu Maharaja, nu lineuwih, karuhun tanah Sunda.

Kacarita Maha Sunda Aji, ngalalakon ngantunkeun nagara, diiring ku balad kabéh, kersana mundut mantu, indit sirib ka Majapait, rék nohonan subaya, ratu pada ratu, angkatna ngambah lautan, pirang-pirang kapal nu ngiring Jeng Gusti, lengkep momotanana.

Tunda heula Ratu Sunda tadi, urang medar ungelna sajarah, nu jadi jejer lalakon, ngadeg ratu pinunjul, Ratu Agung di Majapait, mashur jenenganana, Ratu Hayam Wuruk, kongas binangkit binekas, pilih tanding sakti manggulang-mangguling, koncara binatara.

Ménak-kuring sami wedi-asih; hémpak cepak eusi Pulo Jawa; mantep madep ka Pagustén; malah anu jarauh, Wandan, Kotji, Tumasik, Bali; sawangkung, Tanjung Pura; kabéh ulun sujud; gumusti nadah paréntah; saban taun teu towong caos upeti; ka Ratu nu wisésa.

Lulus mulus salira Narpati, tinandingan Déwa Kamajaya, kasép anom yasa nganggo, sampulur cahya mancur, tedak ménak wedalan Keling, soméah hade basa, wantu tedak ratu, nyata wijiling atapa, luhur agung tétésing andana warih, pantes dipuja-puja.

Najan ratu sugih harta-harti, wijaksana ngaheuyeuk nagara, aya kénéh cuana téh, jinem agungna suwung, tamansari katingal sepi, lain kurang wilayat, nu ngatur nu ngurus, tapi duméh Sang Sri Nata, tacan mendak istri nu pantes keur padmi, utama keur pawarang.

Pirang-pirang istri nu gareulis, putra raja ti mancanagara, teu kamanah ku Sang Katong, katimbang kurang surup, teu nyomponan sukersa Gusti, masih kénéh ngotéktak, milih nu pinunjul, pinter geulis terah raja, samartabat sajajar jeung Sang Narpati, cindek sami beusina.

Para mantri tumenggung bupati, soson-soson pada alihtiar, nohonan kersa Sang Katong, gambar putri lalucu, beunang nekin Ki Jurutekin, dijajarkeun sadayana, di payuneun Ratu, tapi taya nu kamanah, Patih Madu, Papatih ti Majapait, kalangkung kaéwuhan.

Seubeuh nungtik nyungsi unggal nagri, malah dayeuh Palémbang Madura, putrina ditekin kabéh, tapi manah Sang Ratu, teu kapincut ku gambar putri, mundut nu leuwih éndah, nu surup jeung kalbu, kacarita hiji mangsa, aya warta selenting bawaning angin, yén Maha Ratu Sunda.

Nuju tampi nugrahaning Gusti, gerah manah ningali putrana, istri keur sedengna anom, katelah Putri Galuh, pantes lamun pangirut gailh, wanda lir Déwi Sinta, barajaning wuyung, lain éndah samanéa, matak geugeut matak teu sebeuh ningali, gumilang cahayana.

Kacarita Ratu Majapait, teu talangké ngutus ponggawana, ngadongdon nu kapiomong, Jurutekin teu kantun, sakumaha tali paranti, parabot samaktana, geus salsé tuluy jung, marangkat ka palabuan, tumpak kapal jangkarna engeus ditarik, kalasi bébér layar.

Kabeneran kapal meunang angin, teu kacatur dilautanana, caturkeun geus tepi baé, ka dayeuh nu dijugjug, Jurutekin enggeus tarapti, metakeun kabisana, nekin Putri Galuh, ceplés teu aya géséhna, jiga pisan Putri ngeunteung dina cai, tinggaleun kalangkangna.

Matak hémeng sakur nu ningali, bubutan Arya Prabangkara, Jurutekin nu kasohor, kakasih Kangjeng Ratu, istu pituduh ti Mahasuci, tina pasal ngagambar, nyata unggul punjul, henteu aya sasamana, anéh ahéng matak pahili jeung bukti, tina alusna gambar.

Sanggeus enggeus nekin Rajaputri, buru-buru tumpak deui kapal, rék mintonkeun ka Sang Katong, tunda nu keur lumaku, kacarita Maha Narpati, Sang Ratu Kahuripan, ngantunkeun kadatun, sareng rai Raja Daha, sasarengan ngajugjug ka Majapait, sumelang ka kang putra.

Raja Sepuh tumorojog sumping, sareng rai Sang Ratu Daha, kagét Maha Prabu Anom, jut lungsur ti kadatun, hatur bakti ka nu sarumping, sot nguculkeun dodotna, nu ngambay ka pungkur, lésot ti nu nyarekelan, Prabu Anom ngadeuheusna ngabuligir, geus deukeut cong sembahna.

Dua tamu nu nembé sarumping, dilinggihkeun dina palinggihan, cong deui nyembah Sang Katong, saur Sang Raja Sepuh, “Hidep ogé sumangga linggih, di dieu babarengan”, sampoyong Sang Prabu, méméh linggih cong sembahna, dua Raja sami ngarangkul pribumi, mésem bari ngusapan.

Prabu sepuh tuluy pok ngalahir, “Naha hidep katingal ku ama, siga kembang layu baé, naon anu diangluh, jeung salira wét rada langsip, siga anu teu damang, ama milu bingung, jeung ieu rama ti Daha, pangna bareng jeung ama ka dieu sumping, bawaning banget melang.

Panasaran hayang terang sidik, anu jadi lantaran teu damang, cing mangga énggal nyarios”, Sang Ratu Daha nyaur, “Duh kang putra mugi tingali, pangna kang rama dongkap, sareng rama Prabu, jabi ti lami teu tepang, rék tumaros duméh banget buta tuli, marganing kasesahan.

Mun diémut kirang naon deui; kanugrahan menggah di salira; pinter, sugih, anom, kasép; mashur Ratu pinunjul; kakongaskeun ka mana-mendi; karaos ku urang Kang Rama; menggah Putra Prabu, lir Déwa ti kahiangan; malih warni tumurun mariksa bumi; buana panca tengah.

Hanjakalna istu teu kajudi, ku Kang Rama weléh teu kapendak, bet putra teu acan hoyong, kana rasmining hirup, kénging ogé didamel misil, kumbang di kebon kembang, keur ngayunkeun napsu, meneran bulan Kartika, mangga beukah sesekaran tamansari, nyambuang wawangina.

Tapi héran wet wangining sari, séwu warna sesekaran taman, ngan ukur diambung baé, teu purun nyeuseup madu, aya kumbang anéh téh teuing, tah kitu upamina, pangna rama bingung, iraha atuh mangsana, hayang ningal babarna asih birahi, naha Putra keur tapa?”.

Prabu Anom ngawangsulan aris, cong sembahna mésem pok ngandika, “Ngunjukkeun sembah pangbaktos, ka pangkon Rama Prabu, mugi-mugi sami ngaksami, sugri kaluluputan, dupi nu saéstu, jadi marganing lantaran, lami pisan Kang Putra teu gaduh padmi, sanés Kang Putra tapa.

Atanapi nuju ngandung sedih, mung teu acan dugi ka mangsana, aya kénéh nu diantos, nyaéta Putri Galuh, kakongaskeun istri pinilih, putra Sang Ratu Sunda, wartosna pinunjul, henteu aya sasamana, malah Putra prantos ngutus jurutekin, hayang terang gambarna.

Henteu kirang gambar para putri, putri raja ti mancanagara, namung teu aya nu cocog, katingal tina semu, tina wanda martabat putri, tacan pantes direngga, dipayungan agung, jadi ratuning wanita, ngéréh puri di karaton Majapait, nu sakieu ageungna.

Prabu Sepuh mésem pok ngalahir, “Sukur pisan mun kitu jalanna, ama banget bungah haté, jeung Ama arék kaul, lamun tulus kagungan padmi, pangantén duanana, rék terus dilahun, sabadana akad nikah, tanda bungah lipur kasedihan ati”, gumujeng Prabu Daha.

Arya patih ngiring bingah galih, cong sembahna bangun hégar pisan, Sang Prabu Sepuh ngarérét, “Kumaha Patih rempug, lamun Ratu kagungan padmi?”, Ki Patih ngawalonan, “Nun Gusti Parabu, bingah teu aya hinggana, siang wengi neneda ka Mahasuci, mugi énggal laksana.

Abdi Gusti banget nyandang sedih, tacan mendak baé titingalan, nu surup kanggo Pagustén, ngajajah ngalér-ngidul, hésé-capé tara katampi, malah mandar ayeuna, hasil nu dimaksud, nyuhunkeun hibar Naléndra, kitu deui Kangjeng Prabu Daha nagri, “Prabu Daha ngandika.

“Ayeuna mah urang masing-masing, ngadudu’a supaya laksana, katampi Putri Galuh téh”, salsé nu gunem catur, tuluy sareng lebet ka puri, taruang berjamaah, pribumi tatamu, langkung-langkung gumbirana, sanggeus peuting nu ngadareuheusan baralik, kacarita isukna.

Tunda heula anu keur ibur tagiwur, eusi nagri Majapait, nu rék kasumpingan tamu, kocap nu dianti-anti, nya éta Sang Sunda Katong.

Nu keur ngalun sukan-sukan tengah laut, ngan heuleut sapuluh peuting, ti sajolna Patih Madu, ka nagara Majapait, aleutan kapal geus anjog.

Anépaken geus ngadeuheus ka Sang Ratu, nguningakeun téréh sumping, “Malah kapal nu ti payun, keur tata-tata sayagi, moal lami deui méngkol”.

Saur Ratu, “Di mana urang geus asup; ka bangawan Majapait; leuwih hade urang nunggu; pamapagkeun Sri Narpati; néangan tempat keur ngaso.

Milih baé tempat anu rada iuh, engké ogé sugan manggih”, gancangna Patih geus mundur, ngemban dawuhan Narpati, henteu lila kapal méngkol.

Geus badami Patih jeung para pangagung, ti muhara terus mudik, ngaleut lalaunan maju, kacarita enggeus nepi, ka Bubat kapal geus anjog.

Urang Bubat tagiwur lalajo tamu, heurin usik sisi cai, nongton kapal ratus-ratus, Ki Kuwu Bubat caringcing, gancang lapor ka Sang Katong.

Kabeneran Prabu Daha Prabu Sepuh, sareng Ratu Majapait, nuju lalinggih ngariung, gendu raos bab Nyi Putri, anu keur diantos-antos.

Tilu Ratu barang ngadangu Ki Kuwu, geus aya di pancaniti, rék lapor perkara tamu, énggal disaur ku Gusti, dipariksa, “Aya naon?”.

Kinanti

“Dawuh Gusti kaulanun, mugi aya widi Gusti, bade ngunjukkeun pamendak, réh tatamu prantos sumping, nyandak ratus-ratus kapal, di bangawan heurin usik.

Sumpingna Sang Sunda Prabu, nyata sareng Rajaputri, baladna tanpa wilangan, pangkat agung pangkat alit, dicandak katut garwana, dikerid peuti sanagri.

Ibur guyur sisi laut, heurin usik di basisir, muhara pinuh ku kapal, sampan parahu pabeulit, dongkapna aleut-aleutan, ti énjing dongkap ka burit.

Parahu paburu-buru, milih tempat sisi cai, ditingal ti katebihan, ngabrul lir siraru jadi, sapalih layar ka girang, ku bawaning hayang nyisi.

Parantos dugi ka Canggu, aleutan parahu alit, ngajajar sisi walungan, dupi kapal Sri Narpati, sareng kapal para ménak, lebah Bubat prantos nyisi.

Teras ngadamel tatarub, masanggrahan sisi cai, unggal ménak séwang-séwang, diatur dibaris-baris, teu tebih ti pasanggrahan, palinggihan Sang Narpati.

Pasanggrahan Kanjeng Ratu, négla garenah tariis, kénging tempat saé pisan, dina handapeun caringin, bérés rédés bandérana, ngélébét katebak angin.

Ngemplong mun ningal ka kidul, awas kanu tebih-tebih, sakuriling pasanggrahan, pinuh ku parabot jurit, tumbak binang teu kabilang, bedil naranggeuh ngabaris.

Ki Kuwu gemet nunjuk, kaayaan di basisir, teu aya anu kaliwat, malah pasal para istri, cacandakan Ratu Sunda, diunjukkeun ka Narpati.

Yén gareulis tur lalucu, tinglalénghoy di basisir, lir wanita kahiangan, tarurun ti luhur langit, rék sariram di sagara, ameng ngabeberah galih.

Kangjeng Ratu bingah kalbu, ngadangu tatamu sumping, jeung sakitu tétélana, laporan Ki Kuwu tadi, tuluy barempag tiluan, rék mapag nu nembé sumping.

“Patih kudu buru-buru, kumpulkeun kabéh perjurit, joli jampana karéta, nu ditabur emas manik, dikeput sutra déwangga, papayonna kajang resmi.

Bésan kula enggeus cunduk, di Bubat keur nganti-nganti, datangna pamapag urang, kula geus hayang papanggih, jeung piminantueun kula, jeung bésan pon kitu deui.

Jeung hayang ngantunkeun Ratu, hoyongeun tepang jeung Putri, pék gancang geura sadia, para mantra suka ati, mirengkeun timbalan Raja, sami unjukan ka Gusti.

“Laksa bingah séwu nuhun, abdi Gusti seja ngiring, mapag Kangjeng Ratu Bésan, bawi raos abdi Gusti, éstuning utami pisan, menggahing keresa Gusti.

Ngagem pituturing sepuh, nu asih dipulang asih, nu keras dipulang heuras, ayeuna Sang Sunda Aji, sumping nohonan subaya, saé dipapag dipusti.

Tangtos Maha Sunda Ratu, moal bénten sareng Gusti, palayeun énggal patepang, nyakséni pangangken Gusti, sareng Sri Maha Naléndra, anu mangkon Majapait”.

Kangjeng Ratu Hayam Wuruk, mésem ngadangu pramantri, arunjukan ka ramana, bangun gumbira téh teuing, Prabu Sepuh Prabu Daha, arimut lucu ningali.

Langkung bingah lebet kalbu, raos saniat sapikir, sakasuka sakaduka, anjeunna jeung abdi-abdi, cindekna mangsa harita, nuju raos suka seuri.

Kocapkeun hiji pangagung, Patih Agung Majapait, katelahna Gajah Mada, taméng dada Sri Narpati, patarosan sadayana, minangka tutunggul nagri.

Banget teu milu panuju, kana kersa Sang Narpati, teu cocog jeung kahayangna, henteu rujuk teu sapikir, pageuh keukeuh Gajah Mada, salia jeung kersa Gusti.

Patih Gajah Mada kerung, tungkul di payuneun Gusti, kabéh nu keur galumbira, para mantra jeung bupati, nénjo ulat Gajah Mada, bangun nu salia pikir.

Balakrama Kangjeng Ratu, gulang-gulang kitu deui, ngintip ti carangcang kawat, tapi taya nu kaciri, ngan nénjo ku juru mata, rérét deui rérét deui.

Nu geus nyaoheun tarungkul, barina teu kendat mikir, héran ku Ki Gajah Mada, naha salia pamanggih, béda pisan tinu réa, naon sabab teu kaharti.

Para bupati tumenggung, nu calikna rada tebih, silih toél jeung baturna, nganaha-naha Ki Patih, wet siga nu teu mupakat, boa aya pasal muskil.

Jep jempé nu keur karumpul, nénjo Patih ngésér calik, cong sembahna Gajah Mada, unjukan ka Sri Narpati, “Nun Gusti Maha Naléndra, mugi aya widi Gusti”.

Sumeja nyundul pihatur, sanés pisan abdi Gusti, teu tuhu kana dawuhan, teu ngiring bingah ka Gusti, namung awon teu unjukan, bilih lepat abdi Gusti.

Nyembaheun séwu bebendu, hal perkawis Kangjeng Gusti, ngersakeun angkat ka Bubat, mapag Sang Sunda Narpati, saé kaséréhkeun heula, réh émutan abdi Gusti.

Kersa Ratu Sunda Agung, tina perkawis Sang Putri, matak sesah ka sadaya, réh ngamaha tata-titi, ngarempak tata nagara, pulitikna Majapait.

Séwu bebendu kasuhun, upami sarujuking galih, saé diantosan heula, wangkid opat-lima wengi, Jeng Gusti lintang uninga, menggah mapag tamu Gusti.

Hartosna Gusti mupunjung, nyatana Gusti mupusti, ku émutan matak cambal, ka salira Dampal Gusti, matak pupul kaagungan, matak surem Majapait.

Sareng upami diémut; kaagungan Dampal Gusti, disembah ku para raja; Palémbang, Wandan, Tumasik, Koci, Sawangkung, Madura; Tanjung Pura sareng Bali.

Tangtos manah para ratu, sugri nu sujud ka Gusti, babakti dunya barana, anu ngadeuheus buligir, diboboréh atal punar, sadaya sami nyungkelit.

Margi bénten ti kapungkur, menggahing panampi Gusti, sanés mapalangan kersa, nyembahkeun agung aksemi, sumerah sadaya-daya, kumambang ka kersa Gusti”.

Kangjeng Hayam Wuruk, tumungkul ngadangu Patih, boa bener-bener enya, manah Sang Ratu gumingsir, ku piunjuk Gajah Mada, énggalna ngalahir.

“Jadi Patih téh timburu?”, “Kaulanun dawuh Gusti”, Timburu nu mawa salah, jeung hal kaagungan Kami, jembar pinuh jagat raya, moal leungit ku kaciwit”.

Pok deui Ki Patih matur, “Duh Gusti panutan abdi, yaktos rupina mokaha, raos teu matak balai, namung karisi karempan, menggahing di abdi Gusti.

Wuwuh lami wuwuh nyusun, inggis batan maut hinis, awit karaos misobat, nanging keukeuh dina ati, moal lana misobatna, engké gé tangtos katawis.

Di COpi ti Halam Resmi Mang Koko 

Sabtu, 02 April 2011

ceuk bas indung keur urang ..... nu nyaah kabasa indung sorangan

Anak king Poe ieu ema keur mialng kala Di ajaka nyurupan kecap jeung papada ema di jero dunya 
Milang kala keur ema mantak honcewang  sapoe ngejageun lungse 
Tapi naha anggeur ngungen katorekan  malik geunjleng di renyomkeun 
majar ema tereh paeh 
majar ema pangkiruk ku simlebu
majar ema seseut enteup dina gawe 
Anaking ema teh remen ngahuleng geus rusras ka mangsa lawas basa ema di pake ku unggal letah 
Ari ret kanu ayeuna nikelan kerung sorangan 
ema teh aya dimana ???.....
Sihoreng geuning ema teh di sebut geuring katukangna geus ceda mang alam - alam 
Kunu ieu di tambahan, kunu itu di parnaan 
kunu itu salah ieu, kunu ieu salah itu 
da geuning ema teh langka di dangdangnan di surudkeun dianggap urang sisi 
kukolot sasat di kecapkeun 
ku budak di aneh - aneh 
ema teh asa di kurung
ku ema ku bangsa lian nu gerelis nu laleuis, nu nyakola nu intelek nu micuk jaman anaking 
naha enya ema teh ngalandu sekar.....
boa ukur sangkaan anaking ...
lamun haben di papantes ema ge mo burung keos ema bisa nyaba kajauh na mapay kota jeung langit na 
ngalanglang ka dayeuh deungeun 
iraha atuh anaking ema di ajak ngejat ti lembur buhun bari ulah di leuleuwang majar ema rek dismapakeun pasaran 
anaking naha hidep nek cicingeun mun ema nek pasti di tandasan ku bangsa lian .........


PADARINGAN

RERENCANGAN

Simkuring

Foto saya
Sumedang, Jawa Barat, Indonesia
Sampurasun Salam pangwanoh kasadayana ... teupangkeun simkuring sibudak angon ti sumedang sanes agul ku payung butut sanes oces ku karung soek ngan ukur nyimpenan arsip kolot urang bahela teungarasa asa pangpinterna teu ngarasa asa pangnyundana... tpi ngaraos nyaah kana kasundaan nana bilih aya catur nu teu matut hapunteun da simkuring mah nuju di ajar Cag Pun Budak Angon Rampes