Rabu, 14 November 2012

NARATAGAN GOYONG

Gunung gunung dibarubuh, 
Tatangkalan dituaran
Cai caah babanjiran,
Buana marudah motah.

Sakapeng mah bawaning ku pusing,
Sok neneda ka Anu Kawasa,
Gunung Gede jeung Pangrango, geuwat geura arurug
Dayeuh abdi basmi sing leungit,
Gegek rame ge cumah, teu aneh teu lucu
Da pinuh ku tukang cidra,
Salamina tukang jalir tina janji, sulaya tina subaya

SUNDA MEKAR #CACANDRAN

Cacandran para luluhur,...ciri bumi dayeuh pancatengah
ciri dayeuh pancatengah,...lemah duwurna,
lebak lengkobna,....tanah padataranana

Nagara wibawa mukti,....perlambangna congkrang kujang papasangan
Yasana para Dewata,....teu sulaya dinyatana

Pasundan tanahna subur,....gemah ripah ma'mur loh jinawi
gemah ripah loh jinawi,....gunung gunungna,
cur cor caina,....makplak pasawahanana


subur sugih pangebonna,...karaharjan mencar mawur kajauhna

nagri nanjung panjang punjung,....murah sandang murah pangan

Sunda surup kana tangtung,....sunda sieup ninggang kana wanda
sieup ninggang kana wanda,...adeg adegna,
budi basana ,...teu nandakeun wawanenna

someah narima semah,...matak betah anu ngadon bubuara
taraebreh pangartina,......teu nembongkeun kabisana 


Cacandran #mamah Dasimah

Selasa, 28 Agustus 2012

SAHADAT SUMEDANG

Asyhadu Sahadat Sumedang, Dangiang kala wangi Titi mangsa nu tiheula, lain tandang tara tanding, lana manjang laa haola, Geusan ulun kumawula, lahir tumeka ning batin, lahir kawula ning Gusti, batin kawula ning Maha Agung, agungna mahi ku diri, Hurip Gusti waras abdi, dibabar kalimusada, Laa Ilaaha illaah-Huu ~ Muhammadan Rosuulullaah-Hii...
Hirup-Hurip Pada Jati, Hyang Tunggaling awaking...

Jumat, 24 Agustus 2012

Longkewang Ati......

Hareudang bayeungyang, longkewang rasa, pinuh kakeueung mangsa diri nyukcruk jalur mapay laratan. Na saha ari diri? ... Gunung luhur dijugjug, lamping gawir disorang, teu jerih ku pati teu gimir ku kanyeri da rasa mokaha (pohara) teu katahan hayang "ngabalur" hate nu keur tunggara kadungsang-dungsang milari narpati sajati geusan ngabahudenda na ieu rasa...

Emh, Gusti. Diangken kudisim abdi yen kadar diri teh teu daya teu upaya, estuning teu walakaya kalayan rakhmat, kudrat sareng irodat Salira mah, geuning eta poek mongkleng angger "mongkleng" hideung ngagebleg basa Salira "can widi" masihan obor , nuhurung beureum angger ngalingkung mawa panasna hawa dunya mangsa salira can widi "ngipaskeun" lalangse hate, ... tuh pikir jeung niat masih keneh "pasalia" patunggang tonggong "ngabarung" hejo konengna ieu pulas alam dunya nu mawa eungap jeung beurat kana ieu lengkah pikeun "ngadeuheus" kasalira.......

Ampun, Gusti.
Rumaos ieu diri teu acan sayakti gilig ngaping raga jasmani nepi ka rasa rohani pikeun teteg panceg ngadeuheus kasalira, ampun Gusti...rumaos seueur keneh liwarna....

Alhamdulillah, ngahaturkeun puji syukur ka Salira....
Najan lapat-lapat, najan hawar-hawar, najan rentang-rentang ....panggero teh aya walonan, panggupay teh aya nu mairan, paningal teh aya nu nyaangan.....

Mugi Gusti, netepkeun ieu lengkah geusan deuheus kasalira. amin

KURING

Neda suci na Hyang widi neja jembarna Batara
Wanci geus ngadudut metot nambahan umur ngurangan uga
pancen di dunya can ka saba
tapi berang terus ngagilir hirup teh teu isuk wae
wanci serab na sang surya geus metot ka sorena keun
tuh tungtung gunung tampa emas sariak layung nembongan

pancen hirup can kasawang  loba cumagog ngadago
teuing atuh ngadago naon
uga hirup siga nek tereh nutup uga dir,i lain uga bihari
tapi da Sang surya mah teu ngalieuk deleu tetep ngalaju nutup berang

Wanci jeung wanci pa udag - udag teu karasa
di dayeuh pating jorowok
di mandala pating karoceak
diri nu ngarasa eweuh kabisa ukur cumagog bari sasakali ngilu aub
bari jeung teu ngajalur

rumasa taya pangabisa rumasa jelema biasa
ngan boga uga sajalanen hirup neang jalan ka pangwenangan
neang jalan kamanunggalan
hayang wawuh jeung nu ngacikan diri ...

dageuning caah mawa palid dagening angin mawa hiber
da gening seune ngadon ngalentab da gening taneh ngadon ngaurug
balueng nu dirasa ceuk ieu nidak ngaler
ceuk itu nindak ngidul nu ka kulon jeung kawetan mah silih betot


 Rampes

Malati Linggarna Ati

Hariring asih kumalendang ngebrak caang di pangwenangan
Haleang tresna pating haleang di baturan jentreng kadedeuh bujangga
Mandala asih ngancikan diri mendal tresna ngacikna rasa padungdengan urang duaan ....

Duh eius kembang hareupan malatina ati
nu marengan berang jeung peting
marengan di pangimpian
maturan di panglamunan

Tampomas linggana ati

15092011

Senin, 05 September 2011

SUMEDANG NGADAUN NGORA PART II


Sampurasun....
Seuweu siwi Hibar Bhuana...
Sewu putu buyut Putih...

Ayeuna geus waktuna salaku Urang
Sumedang Anyar,geura HUDANG tur MIDANG,lain jaman-lain wayah cicing dina sagara teu eling,nyumput buni dinu caang haranghang bari luut leet ku kesang ka sangsaraan Ra-hayat..

Ulah meungpeukan beungeut ku saweuy,lamun geus ngarasa sawawa jeung geus nincak wiwaha,urang kudu geura TANDANG tur MAKALANGAN sangkan komara ngadangiang nyaangan alam pawenangan di Bhuana Panca Tengah..

Keur misahkeun hideung jeung bodas,
Bener jeung salah,
Hade jeung goreng,
Sangkan Ra-hayat ngarasa miboga jeung dipiboga,
Mika asih jeung dipika asih...

SUMEDANG TANDANG LAIN REK TANDING,
TAPI TANDANG AREK MIDANG,
NGARUWAT NAGARA URANG,
SUMEDANG NANGTUNG LAIN REK TARUNG
TAPI NANGTUNG REK NGAJUNGJUNG
TRADISI BUDAYA LUHUNG....

HUNG AHUNG..
PRUNG..AH....
 ·  · Bagika

PADARINGAN

RERENCANGAN

Simkuring

Foto saya
Sumedang, Jawa Barat, Indonesia
Sampurasun Salam pangwanoh kasadayana ... teupangkeun simkuring sibudak angon ti sumedang sanes agul ku payung butut sanes oces ku karung soek ngan ukur nyimpenan arsip kolot urang bahela teungarasa asa pangpinterna teu ngarasa asa pangnyundana... tpi ngaraos nyaah kana kasundaan nana bilih aya catur nu teu matut hapunteun da simkuring mah nuju di ajar Cag Pun Budak Angon Rampes