Kamis, 09 Juni 2011

Ti Salah Sahiji SUmber DI kaskus


5 July 2008 • 11:49PM -0400

(Serat :1) SILIWANGI & KI SANTANG
by Nonggerak


Siliwangi geus tilar dunya, henteu tilem, teu rubah jadi maung atawa nu mistik lain na. Siliwangi jalma biasa, raja pajajaran, bangsa manusa, nu pernah hirup di alam dunya, mingpin tatar sunda. Boga batur deukeut ngarana Santang, pamingpin negri sancang, bangsa jin, lain bangsa manusa, nepi ka ayeuna aya keneh, lain sakti, tapi geus fitrahna
sakabeh bangsa jin umurna leuwih panjang.

Ulah nyampurkeun dongeng jeung carita enya. Carita nu aya ayeuna ngan dongeng wungkul, di kira-kira, padahal teu sarua. Euweuh sahiji-hiji acan sesa pajajaran nu geus kapanggih nepi ka danget ieu. Mun hayang nyaho carita sabenerna nanya ki santang, ulah nanya ka jalma, loba di kira-kira.

Siliwangi, ki santang lain maung, lain turunan maung atawa robah jadi maung. Maung ngan saukur ciri. Jadikeun diri rakyat sunda jiga ka gagahan maung. Ulah kalah ngaku-ngaku bangsa maung atawa turunan maung. Jiga nagara anjeun ayeuna nu nyieun ciri nagara, Manuk Dadali. Lain anjeun turunan manuk dadali.

Kuring nonggerak, unggal poe sabenerna aya dihareupeun aranjeun.. Kuring hariwang jeung karunya aranjeun rahayat sunda ngan loba ngobrolkeun ngimpi.. geura hudang, baca... baca... baca alam jeung diri...

(Serat :2) SILIWANGI & KI SANTANG - Jangji-Amanat

Kuring lain kaiket ku jangji, ngan kaamanatan ngajaga nu beunang di jaga Ulah di udag ku akal jeung indra, sabab loba kajadian alam nu ku urang teu bisa ka baca, Tarima ku hate, asal ulah nyalenggor akidah kanu kawasa

Ayeuna geus mangsana aranjeun jadi urang sunda lain bangsa anu ngan bisa cumarita
geura narindak jiga nu diamanatkeun batur kuring harita

Kajadian nu kaalaman ku aranjeun ayeuna geus kabaca di jaman harita maka geura balik jadi urang sunda saenyana

Salila aranjeun jauh tina kamusyrikan kuring bakal aya ngabarengan sugan anu di baca ku raja aranjeun harita kajadian kuring nyaksian di dieu

(Serat :3) SILIWANGI & KI SANTANG – Tilarna Sri Baduga Siliwangi

Tilarna Sri Baduga Siliwangi

1. Harita Siliwangi panceg indit ti dayeuh.Malipir sisi gunung nepi ka kidul.Ngasruk2 leuweung geledegan.Nepi ka kuda kadeudeuhna cideka.Teu bisa ditunggangan deui.Bakating ku nyaah jeuh deudeuhna ka eta kuda.Batur kuring nitah ponggawa2na nyieun arca kuda.Titah disimpen di luhur gunung haruman.

2. Kunaon bet kudu di luhur gunung,ngarah bisa keneh nempo dayeuh nu di tinggalkeun cenah.Hulu kudana disanghareupkeun ka dayeuh…Kuda eta jumerit menta tetep diajak kajeun geus aya gantina kuda hideung oge..Nya dibawa terus bari ngan saukur ditungtun.Nepi ka hiji kampong tengtrem di kidul

3. Nepi ka kiwari eta arca tetep aya di luhur gunung haruman.Nyanghareup ka dayeuh.Ditungguan ku hiji tangkal gede.Guru kuring tetep mulasara jang pangeling2 sato kanyaah sobat dalitna.Saha ayeuna nu bisa manggihan eta arca kuda ? Nu kuat teu kagoda jang nyembah eta arca.

4. Kunaon dayeuh bet di tinggalkeun,kunaon bet sakabeh nu dipikaboga diteundeun di 25 leuit,kunaon bet anjeuna milih balangsak asruk2an ka leuweung,kunaon bet nepi ka runtuh eta karajaan gede the,kunaon bet anjeuna menta Ki Santang nyumputkeun dayeuh jeung sakabeh eusina ku halimunan ?

5. Saha nu nyangka Ki Baduga nu sakitu gagah rongkahna nepi ka ninggalkeun kadunyaan alatan haying tengtrem dunya jeung nyiapkeun akherat ? Saha nu nyangka aya jalma deukeut di karaton nu tega nganyerikeun Ki Baduga nepi kapundungna ti dayeuh ? Saha nu nyangka nepi ka ayeuna eta dayeuh ngahandeuleum ?

6. Dayeuh,hiji tempat luhur gunung.Dijieun pasagi lima.Dihijikeun ku 5 segi tilu.Bisa nempo ka 5 tempat.Aya 5 jalan ka luar.Aya kalapa sarebu tangkal,25 jajar,25 leuit tempat panyimpenan urut taman karajaan,kaputren..Ngan saukur aya sesa batu nu digurat ku curuk Ki Baduga saencan hijrah..

7. Ngan hiji batu eta titinggal Ki Baduga nu ka cirri..Ngan Ki Santang nu nyaho dimana eta batu nangtungna.Sawareh ka keueum cai nyusu,herang,tengah dayeuh nu geus jadi leuweung geledegan…Saha nu bisa manggihan..? Budak leutik tukang ngagigigring kalakay jeung tutunggul.. Dimana ? Dihareupeun aranjeun.

8. Ki Baduga netep di hiji tempat ,nekunan ibadah nu anyar pinanggih nepi ka tilarna.Diceungceurikan ku sakabeh nu mikanyaahna. Ku batur dalitna. Ki Santang.

9. Dina rek tilarna Ki Baduga nyalukan Ki Santang nu satia nungguan.."Kuring rek titip ka Akang"…"Naon Yi," cenah."Teruskeun tugas kuring ngadegkeun akidah ka Gusti Allah…Kuring rek mulang ka manten-Na"."Duh Gusti," cek Ki Santang,ulah nyarita kitu…Kuring kumaha ?" Ki Santang reumbeuy ku cipanon.

10. Bari ngalengis Ki Santang nyarita,"Iraha deui kuring boga dulur jiga Ayi." Ceurik,duanana ceurik.Dua mahkluk gagah rongkah tina dua bangsa jumerit hatena kapisah ku takdir makhluk. "Duh Gusti,"Ki Santang ngarenghik deui,cipanona tambah ngarembey…Ki Baduga teu kawawa,milu muragkeun cipanon…

11. Ragrag cipanon kanyaah…Kanyaah nu leuwih ti dulur sakandung…Dulur tina sobat dalit,ti dua jalma (makhluk) nu beda bangsa…Turutaneun aranjeun…

12. "Ulah kitu Ki…Akang kudu ikhlas," Ceuk Ki Baduga bari dadana sesek nahan cipanon."Kuring rek nitip,handeuleumkeun dayeuh jeung eusina,sakur pakaya kuring di mana wae ayana,bawaan teundeun di dayeuh.Kuring geus nyadiakeun salawe leuit.Jaga ku Akang sabisa-bisa. Kadua ulah hariwang,ke dina mangsana…

13. …aya manusa jiga kuring nu boga hate jiga kuring…Ke datang ka ngimpi akang…". "Yi,ulah ninggalkeun akang…Duh Gusti…akang kumaha ?".."Ulah hariwang kang,anggur mundut ka Nu Kawasa kuring sing salamet nyanghareupan hisab kubur."… Der duanana pa ungku-ungku inget kana dosa-dosana.Cipanon dua prabu ragrag ka dunya.

14. "Kuring nitip rahayat kuring,nu bakal kaleungitan cepengan nepi ka bijil nu tiluan…Nu Saurang bakal dibarengan ku akang,mantuan nu tiluan…Lempengkeun akidahna…Bantuan ku akang…Nitip kuring…Engke dina mangsana bikeun bekel ti kuring…Nyanghareupan hiji jaman nu rusak…

15. Jaman nu rusak ku kahayang…". Saung butut jadi saksi sobat dalit nu rek kapisah ku takdir…Ajal…Saung butut nu jadi saksi…Nepi ka tilarna…Ki Santang ngalenyap…Di usap tarang baturna…Euweuh nu nyaksian (makhluk hirup lain salian ti Ki Santang)…Ngan duaan…Ki Santang ngalenyap…

16. ( Tos heula…) Assalaamu'alaikum Wr.Wb.

[Baraya_Sunda] (Serat :4) SILIWANGI & KI SANTANG - Pesen Ka Nu Tiluan

Pesen Ka Nu Tiluan :

• Aya maksud nu nyulusup dina ati,nepikeun naon nu jadi harti,ngarepkeun ngoreh nu bakal jadi bukti. Sing saha nu geus dijeujeuhkeun ngariksa,sakabeh titinggal nu jadi sesa,kudu geura netepkeun hate bari teu kudu di paksa. Anjeun aya di dunya,pasti aya
maksudna,geura ngaca kana hikmahna,ulah nyumput tina kodratna. Kalakay geus paburantak,euweuh harti pabalatak,lain maksud ka alam calutak,tapi sing geura wani nindak.

• Nu niliktik nulungan jalma leutik,loba nyanghareup manusa loba banda,bari kudu nepikeun aturan ti Nu Kawasa. Bari awak loba kasiksa,jadi pamuntangan jelema loba,teu meunang ngarumas nu geus jadi garisna. Anjeun aya jang jalma loba,ngadegkeun akidah titah Nu Kawasa,geura maca geura walaya.

• Budak gede beuteung badag,sakabeh karusakan di udag,ulah nepi korban loba murag. Leumpang di jalan pinuh ku batu,ngasruk alas teu make baju,milu satia nuturkeun waktu. Anjeun aya jang muka mangsa,dikudukeun hirup di lingkung murka. Tapi hate teu meunang kagoda. Geura muka geura ngariksa,lawan murka.

(Serat :5) SILIWANGI & KI SANTANG_- Prasasti Batu Tulis

Prasasti Batu Tulis ?

• Kunaon Prasasti Batu Tulis aya ? Sabab dijieun saenggeus Ki Baduga
maot. Saenggeus menta sesa Pajajaran dihandeuleumkeun. Surawisesa nu
indit ka kulon,lain nu balik ka dayeuh. Jadi saenyana dayeuh teh lain
di tempat Batu Tulis. Prak pikiran,prak baca ku hate.

• Dia nu marisah ka kaler ( kaler di tempat terakhir Raja Pajajaran
),darengekeun ! Dayeuh ku Dia moal kasampak…

16 July 2008 • 12:01AM -0400
(Serat :6) SILIWANGI & KI SANTANG - Ki Santang Jeung Bangsa na.


Ki Santang Jeung Bangsana

• Santang,pamingpin ti salah sahiji bangsa jin,hiji nagari nu dipikanyaho ku bangsa Ki Baduga. Ka iket ku jangji. Jangji sosobatan. Lain jangji nu diharamkeun ku Qur'an. Ulah dibolokotan ku kapercayaan nyimpang. Nu matak ngarusak kaimanan. Anggur geura buru teangan,Katerangan Nu Bisa Jadi Puntangan.

• Hiji mangsa,salah sahiji nyarita. Kunaon bet bangsa kuring nu kerep disalahkeun ? Bangsa kuring jeung anjeun sarua. Boga anak,boga kulawarga. Dahar, nginum, nyeri, gering, bungah,neangan rejeki,maot… Naon bedana jeung aranjeun ? Teu pantes ngan ukur disalahkeun,digogoreng,difitnah…

• Kawajiban kuring sarua,ibadah,nu daek ibadah…Ulah ngamulyakeun bangsa kuring, nyembah,atawa ngagantungkeun nasib, nanya mangsa kahareup…da bangsa kuring ge sarua teu nyaho. Mun aya nu mere nyaho ti bangsa kuring (nu jiga tadi disebutkeun),ngan ngabobodo,ulah di denge…Anggur urang babarengan muntang ka Allah SWT.

• Kuring jeung anjeun beda alam,lain goib. Ngan kuring teu eces katingali. Tapi lain teu bisa panggih. Bangsa kuring jeung anjeun nu bener akidahna moal sagawayah manggihan atawa cumarita,da teu meunang cuek agama. Saha nu sagawayah ? Nyaeta jin atawa manusa nu teu milu aturan agama.

• Umur urang sarua,pondok. Ngan kusabab beda alam kuring jiga hirup leuwih lila. Keur tapakurankeuneun meureun. Kuring gancang mun ngalengkah ? Enya mun di alam anjeun. Di alam kuring nya saayana. Sakali deui kuring menta aranjeun bangsa manusa ulah loba kapengkolkeun kayakinan. Ulah kabobodo.

• Teu sakabeh bangsa kuring bisa atawa kungsi manggihan bangsa anjeun. Kitu deui sabalikna. Saha nu bisa ? Urusan Nu Kawasa.

• Euweuh kadaharan anjeun nu bisa didahar ku kuring. Kuring cenah dahar tulang ? Atawa kuring dahar manusa hirup da aya tulangan. Henteu pisan. Jadi jang naon anjeun mere sajen ka kuring ? Da moal dihakan. Teu bisa. Nu aya musyrik,doraka paling gede. Kalah meunang murka.

17 July 2008 • 9:54PM -0400
(Serat :7) SILIWANGI & KI SANTANG_- Maung Pajajaran


Maung - Pajajaran

Salah sahiji nyaritakeun zaman harita,aya 3 macan nu dijadikeun ciri.:

Macan bodas, ciri elmu2 nu ngajurus kana ngubaran. Teu make menyan, sajen,atawa wirid.Ditungtungan ku muntang jeung nyerahkeun diri ka Allah SWT. Elmu nyieun ubar tina dangdaunan,akar jeung sajabana. Ubar panyakit katempo jeung teu katempo. Pajajaran geus ti baheula ngarti jeung nyaho kumaha ngubaran. Teu dicampur ku mistik. Teu ngalanggar akidah..

Macan Hideung, ciri elmu2 nu ngajurus kana kadunyaan,ngatur hate jalma,ngahijikeun salaki pamajikan nu pipisahan,ngoprek hate jalma,miceun hate jalma nu kedul, bedegong, harak,jeung sajabana…Sarua teu make sajen, menyan, atawa kudu wiridan atawa puasa… Istuning tina kakuatan diri…

Macan loreng, lodaya, maung loreng, ngajurus kana elmu2 heuras,saperti silat pamacan, sinuwun tilu jeung sajabana,nempo ti kajauhan,ngoet ti kajauhan, ngarusak jeung ngajaga supaya teu rusak…Teu make menyan,sajen atawa ngawirid jeung puasa. Estuning tina kakuatan diri…

Kunaon teu make wirid atawa puasa ? Saba eta mah jang ibadah ka Gusti Allah.. Teu meunang dipengkolkeun kana tujuan eta. Kunaon teu make menyan atawa sajen ? Kusabab lain menta bantuan jin,jeung kudu make aturan muslim.. Dimana ayeuna eta elmu2 teh ? Di nu tiluan…Teu bisa diteangan,ke oge datang…Datang ka saha ? Ka jalma2 nu geus ka ukur ka alusan jerona…Akidahna… Nu tiluan dimana ? Boa-boa nu sapopoe aya hareupeun anjeun…Wallahu’alam…

18 July 2008 • 10:08PM -0400
(Serat :8) SILIWANGI & KI SANTANG


Hampura kasadayana nu ku kuring dianggap dulur. Kuring mah jalma bodo, teu ngarti kana elmu2 nu dicaritakeun ku kuring dina postingan2 kamari…Hampura kuring teu nunjukkeun jati diri kuring heula…

Sakitu heula ti kuring saparakanca,hampura ka sarerea nu maca…..Sugan kuring dibere keneh mangsa engkena ,jang mawa bukti nu bisa kaciri. Nu bisa karampa ku panca indra…Ngenaan Karajaan Sunda teh kumaha sabenerna…

Hampura kuring lain kumawani,kuring ngan nepikeun ngarah teu salah harti. Ampun paralun lain hayang kapuji,kuring ngajak ngoreh nu jadi misti…


Hormat Kuring



Nonggerak

20 July 2008 • 9:38PM -0400
(Serat :9*)(SILIWANGI & KI SANTANG) - Bahasa


Bahasa Resmi (Salah Sahiji Bangsa Jin).

Budala wiko wakajabu,reolna samu,majalate nedi,limo minuku. Wati ? Mandirene situ. Wendosima,mandakutu mina wadabu. Barok badar.Bentomalaku wakinasuta.

Bakawulu mastina biko,wastina maruk bisutana Siliwangi. Sutana Baduga, winggiwisesan Pajajaran. Mintuna baka,mintuna madui. Madui minggala ramaya naguro manusa.

Sutana naguro Sancang sumana kula ambarakuna,jumbuna bilu panggalipana Santang.

(Teu kabeh bangsa Jin ngarti bahasa manusa, Kitu deui sabalikna - red)

21 July 2008 • 4:33PM -0400
Serat :10)(SILIWANGI & KI SANTANG) - Khabar 1


Khabar : 1

Kuring menta hampura ka sarerea,ayeuna kuring nepikeun nu teu biasa,bangsa nu ku anjeun sok disangka di kuburan ayana,sabenerna kuring leuwih nyaho alam ti heula. Lain ngaliwat kanyaho nu can laksana,lain ngarampa mangsa kahareupna,tapi kuring boga elmuna,nu noong alam engkena.

Rek aya angin gede. Barudak ulah loba ulin ka luar,angina mawa panyakit. Rek aya angin gede pisan.

Panyakit ispa,jangar kana sirah,otak kurang suplay oksigen,aya sumbatan. Bakteri,virus, jeung jasad renik laina haliber. Ka seuseup. Narapel ka awak,kana kulit,buuk,kana panon. Panyakit Mencret oge.

* Panyakitna teu ngahariwangkeun, angina nu ngahariwangkeun. Demam berdarah menurun.

22 July 2008 • 3:42PM -0400
(Serat :11)(SILIWANGI & KI SANTANG) - Nonggerak ?


Nonggerak ?

Kuring nonggerak,hartina kuring aya,katempo,katingali,kaciri sapopoena ku aranjeun. Tapi hanjakal teu dipalire. Wayahna kuring milu icikibung. Da geus wayahna. Geus mangsana. Kuring nyaah ka urang sunda. Nu geus lila tibra. Teu inget kana purwadaksina. Poho kana wiwitanana. Era mawa sundana.

Teu kudu gujrud kuring timana,kuring nyaah ka urang sunda,bangsa nu geus ampir leungit cirina,teu hayang kaciri sundana. Sunda ngan saukur tinggal ngarana,jalmana geus robah pindah wujudna,era ngaku jadi urang sunda. Kuring datang,kuring miang aya maksudna. Jang urang sunda sayaktosna.

Kuring hirup lain keur urang sunda,da bangsa jeung basa urang beda. Ngan ukur ku katalian jangji jeung manehna. Nu kungsi bareng ngalalana. Ngan hanjakal geus euweuh dikieuna. Kuring ngageuing jalma sunda,nu daek dihudangkeun tina tapana. Kuring rek datang,ka jalma-jalma nu alus kasundaanana.

Kuring saparakanca bakal datang,mantuan aranjeun,lain titah muja ka kaula. Ulah nitah ka kaula, atawa hayang nempo kaula. Tuturkeun we caritana, Carita urang sunda, nu ajeg ngaku urang sunda. Ayeuna geus mangsana.

Wassalam


Kuring…Nonggerak

23 July 2008 • 8:30PM -0400
(Serat :12) (SILIWANGI & KI SANTANG)_- Hoyong Pendak Sareng Nonggerak ?.


Sumangga ka sadayana,nyanggakeun,abdi jalmi biasa. Bilih hoyong eces abdi saha, mangga tingal ku bathin salira. Abdi didieu ngantos bade iraha, teu kedah hariwang abdi yaktos aya,abdi percanten seueur nu tiasa,ngebrehkeun abdi ku elmuna. Sumangga lebet ku sukma,sumangga geura anggo elmu nu netra,

Sumangga geura buktoskeun cariosan salira,abdi ngantos nonggerak katingalna. Sing saha nu tiasa sa ecrag nyata,muka halimun di sakuriling kuring gaduh raga,eta tandana Ki Santang tea. Mangga di antos ku kaula. Kuring nonggerak ti sunda sami sareng salira sadaya. Abdi nyata,abdi aya.

Wassalaam


Nonggerak

27 July 2008 • 6:22PM -0400
(Serat :13)(SILIWANGI & KI SANTANG) - Wicaksana.


Wicaksana Sing saha mawa tanda,hiji jalma nu wicaksana,geura ngagero
anjeun aya dimana,ngarah buru ngahiji jeung nu geus aya.

(Serat :14(SILIWANGI & KI SANTANG)_Ageman Sri Baduga Maharaja.

Ageman Sri Baduga Maharaja_1.

Sri Baduga Maharaja raja sunda nu ngawasa,nu katelah sarua jeung Hyang Dewata, sakti mandraguna,pageuh nyekel kayakinan lila,kayakinan ka Hyang Widi. Saha nu nyangka aya guratan beda, robah ngagem nu leuwih misti. Hiji mangsa nu geus pisan lila,hawar-hawar ngadenge beja,aya pamingpin di hiji nagara nyekel elmu luhung tur wicaksana jeung pageuh kuat nyekel agama. Jorojoy aya hate suka, suka kana beja jeung kawentaranana,sugan bisa meunang batur nu sawawa.

Hiji mangsa tumiba kana takdirna, Baduga tepung jeung nu sawawa,pamingpin Nagara Kalifah ngarana,mere beja nu teu disangka.

Lain ngadu lain balitungan tungtungna,Baduga kalah kaburu rempag omongana,ucap jeung laku lampah nu lempeng aturan,kajeun boga kawasa nu sakitu gedena Baduga raja nu wicaksana,ngaku tina jero dasar manahna : Ieu geuning nu diteangan kamana-mana, ajaran jang ngajawab kahirupan anu fana.

Ku rohmatNa Hyang Wenang Sajati,Baduga nenjo kalawaning bukti,ajaran nu geus jadi misti,asa lewang bisi kaburu pinanggih jeung pati. Baduga nanya ka eta jalma, timana meunang kasaktian jeung elmuna,eta jalma ngan ukur ngasongkeun wasta, Kitab Suci
Qur’an ti Nu Kawasa. Istuning ku kanyaah MantenNa, bathin Baduga ngudupruk euweuh tangan pangawasa,sakabeh kasakten karasa euweuh gunana,kalimpas ku jajaran papatah nu netra nyata.

28 July 2008 • 8:28PM -0400
(Serat :15)(SILIWANGI & KI SANTANG) -_Kanggo Ka Nu Tos Nampi Serat Ti Halimun.


Kanggo Nu Tos Di Calukan.

Anjeun nu geus digero ku halimun,geura beunta ulah ngalamun,geura ngahiji jiga sapu ayun,boga hate sarua rek ngawangun.

29 July 2008 • 6:26PM -0400
(Serat : 16)(SILIWANGI & KI SANTANG) - Ageman Sri Baduga Maharaja_2


Ageman Sri Baduga Maharaja_2

Hampura mun ageman Baduga loba nu teu sarua,keun urang handeuleumkeun dina jero iga,urang diajar hirup bareng bari beda,fitrah nu geus diciptakeun ku Allah Nu Maha Kawasa.

Kuring amit ka balarea,kuring ngan katitipan carita,bari kuring tetep ngarasa,jalma anu euweuh kabisa.

Wassalaam


Nonggerak

3 August 2008 • 9:18PM -0400
(Serat :17)(SILIWANGI & KI SANTANG) - Hayu urang babarengan maluruh mana nu enya_1.


Hayu urang babarengan maluruh mana nu enya_1.

Assalaamu'alaikum warohmatullahi wabarokatuh,
sampurasuuun,kuring Nonggerak menta hampura ka sakabeh sepuh,kuring meunang
parentah deui jang maluruh,sugan bisa urang
nyaho carita anu puguh. Sumangga ka sadayana nu nyaah ka urang sunda,urang
pagedrog make carita,teu meunang make rasa,urang kahareupkeun maksud
mimitina,urang mimitian dina poena,nuturkeun carita nu teu puguh timana
asalna,kuring mawa carita nu mistina,lain ngan saukur nu bisa katara.Sawareh
mawa carita nu asa enya,dumasar kana kitab nu jiga enya. Jieunan manusa nu
teu kungsi aya dina kajadianana nu enya. Ngan hanjakal tarung carita sok
pang hayangna diaku enya. Sawareh mawa carita ti kolot2na nu enya,ngeunaan
kajadian nu teu kalakonan enya,ngan hanjakal ngabela ngan ku rasa asa
enya,teu inget lambey manusa sok jauh ti enya. Sawareh ngan saukur
ngadenge carita nu katingali enya,asa milu jeung katingali enya,keun wae
carita jauh ti enya,jeung sarua hanjakal sok pa enya-enya. Sawareh
nungguan nu mana nu enya,hayang maluruh karuhun pituin nu enya,ngarah bisa
nyulusup kana hate nu enya,ngarah teu haben unggal poe teu nyaho nu enya.
Sawareh teu paduli nu mana nu enya,da geus ngarasa euweuh patali jeung
kajadian nu enya,jeung ngarasa euweuh untungna malire nu enya,nu penting
bisa hirup jadi jalma enya. Kuring ngawakilan ¡jalma¢ nu ngalaman nu
enya,dumasar kanu karasa,katingali,kainget nu enya,nu masih kumalendang
ngalakonan di alam dunya nu enya,ngan ukur hayang nepikeun kajadian nu
enya. Hampura mun ceuk aranjeun teu enya,hampura mun teu kasawang ieu
enya,hampura ulah kabawa hate nu enya,hampura mun kuring mawa carita nu
teu biasa enya.

Siliwangi
kataji ku ajaran Islam,diajar jeung ngadatangkeun guru2 Islam,nepi ka
ngaku dirina Islam,kunaon bet gujrud mun dirina Islam ?Ki
Santang Islam,jadi batur dalit jeung guruna jang nempo kalam,kajeun
maranehna hirup beda alam,tetep pageuh mapay jaman nepi ka salah sahiji
tinggal makam.

Ulah
jadi bancang pakewuh,anggur geura haget urang maluruh,kuring panggih jeung
nu kungsi wawuh,sugan jeung sugan ieu anu puguh.Lain
teu hayang anjeuna mawa bukti ka kiwari,ngan hanjakal nu tiluan can wani
ngahiji nunjukeun ciri,anjeuna oge teu bisa sangeunahna
nyiliwuri,kawatesan ku aturan makhluk dina diri.Anjeun
makhluk,kuring makhluk,anjeuna makhluk,oge nu geus tilar makhluk. Anjeun
mawa bukti,kuring mawa bukti,anjeuna mawa bukti,makam nu tilar jadi buktiKuring
wawakil nu di amanatan,ngaikhtiaran nu ngahandeuleum lain di wetan,sugan
jeung sugan tinekanan,geus aya mah moal beunang beak dihakan. Bari
ngahaok ka urang sunda,naha
sawareh teu percaya ka Sri Baginda,nu geus ngahaja neundeun benda,jang
bekel aranjeun nu geus lawas ka tunda.

(Serat :18)(SILIWANGI & KI SANTANG) -_Hayu urang babarengan maluruh mana nu enya_2.

Ceuk Saha ?

Ceuk saha
Ki Santang nu ngahandeuleumkeun anakna? Ceuk Saha Baduga ngagem keneh
kayakinan lilana? Ceuk saha panggih jeung nyabut iteuk Sayidina Ali nu
beda jamana? Rek nepi ka iraha aranjeun urang sunda euweuh sajarahna?
Lamun carita Cirebon bener ayana,lamun carita Sumedang bener ayana,lamun
carita Subang bener ayana,lamun carita Bogor bener ayana,Kunaon Pajajaran
tetep euweuh laratanana? Kunaon aranjeun euweuh nu bisa nunjukkeun ayana
di mana?Mun Ki Santang anak manusa,kunaon sarua teu ninggalkeun sesa, padahal
Ki Santang sarua makhluk teu wasa,sarua ciptaan Gusti Nu Maha Esa.

15 August 2008 • 5:50PM -0400
(Serat: 19)(SILIWANGI & KI SANTANG) - Ngeunaan Hiji Jalma.


Ngeunaan Hiji Jalma

Ngalengkah
laun katebak angin mapai-mapai kebon eurih.Ngahaleuang hawar-hawar tembang
pinuh ku kapeurih. Hiji lalaki ngalakonan dunya bari hate ngagerih. Asruk-asrukan
neangan jalan hirup teu malire suku barabak katurih. Hayang geura balik
nimuan indung bapa,hayang geura balaka yen diri asa teu wasa,hayang geura
balik kapangkuan aranjeuna jiga keur budak harita,hayang bisa ceurik
nepikeun sakabeh nu karasa. Tapi iraha ?

Engke
hiji mangsa bakal panggih jeung jalma jiga kuring,ceuk Siliwangi ka Ki
Santang. Nu jiga kumaha ? Nyaeta jalma nu ngajadikeun nanaon cukup ku
gerentes. Bisa ngahaokan angin,bisa marentah guludug,bisa nyalukan
cai,bisa ngigelkeun seuneu. Bisa nyaho gerents hate batur,bisa ngagulak
gilek hate batur,bisa ngawasa awak batur,bisa nyaho kahareup bakal kumaha.
Bisa ngubaran panyakit nu euweuh ubarna,ngahudangkeun nu lumpuh
sakahayangna,bisa ngodok ka jero awak manusa sejena,bisa ngarusak jero
awak batur ukur ku gerentesna,bisa mawa suka loba manusa,oge bisa mawa
karusakan ka jalma loba.

Ngadeg
ka dunya bari teu sarua jeung sejenna. Istuning pinuh ku kabingung
ngahartikeunana. Euweuh jalma nu kungsi bisa ngebrehkeun nu
ditanyakeunana. Ngan ukur bisa ngaheruk nginget kana nasibna. Ya Allah aya
naon ieu teh ? Ya Allah saleresna saha abdi teh? Ya Allah bade kumaha abdi
teh? Ya Allah kedah kamana abdi teh? Sajuta kabingung nyurulung,bathin
jumerit menta tulung,ngan ukur bisa nuturkeun jalan euweuh tungtung,bari
nungguan katerangan ti Nu Maha Agung diuk di juru bari neuteup ka langit,ceudeum
sarupa jeung bathina nu jumerit,dibulak balik tetep ngarasa aya nu
leungit,sakabeh nu kalakonan pait.

Lumpat
ka nu bisa niat rek tumanya,geuning angger keneh teu bisa nerangkeun nu
ditanya,lumpat nepi karasa geus ditungtung dunya,tapi bathin tetep asa
beda dunya. Beda beda beda jeung beda,kalah sering disebut jalma
rada,fitnah jeung kanyeri lalar liwat ngajeuwang dada,ngan ukur bisa
nyarita bari dareuda. Hatena ukur bisa ngarenghik,ceurik balilihan
disangka ku jalma loba jelema musyrik,Gusti Allah,Demi Allah abdi sanes
musyrik,jagi bathin abdi ulah musyrik,Gusti abdi tulungan,bathina ceurik
ngabangingik. Diusir tina kumpulan kulawargana,disebut budak euweuh
baktina,disebut jalma loba dorakana,dirina mung bisa tumarima narima
nasibna. Carita hiji budak manusa,nu diciptakeun teu jiga manusa,mapay jalan lain
paragi manusa,tetep manusa?

Nepi
ka hiji mangsa pinanggih jeung nu diteangana,aya jawaban nu salila ieu
dikorehan dimana-mana,geuning sakabeh aya maksudna. Geus kuduna tinekanan
kana waktuna,datang nyelesep kana sukmana,ngartikeun sakabeh
kabingungna,negerkeun sakuriling manahna. Hadir dina ngimpina,negeskeun
kudu kumaha manehna,ngarah mangfaat sakabeh nu dipibogana,jang memener
karusakan dunyana. Sairing cahya nu nyaangan kalbuna,hadir guru nu salila
ieu geuning nalingakeun teu aya petotna,guru nu teu dinyana eta ngarana.

Teu langsung percaya kana omongna,da rumasa teu katempo wujudna,sieun goreng balukarna,komo mengpar tina kayakinan agamana. Kayungyun ku sabarna,eta guru nuturkeun kahayangna,nepi ka pinanggih ku sorangan hartina,nungguan nepi ka ikhlas narimana. Hiji guru lain ti bangsa manusa,dibantuan ku baturna opat welas ayana, dikudukeun nalingakeun jeung ngagiring jalana,nepi ka siap jang ngalalana.

Guru
nu nunjukeun kudu kumaha,guru nu nunjukeun aturan agamana,guru nu
nerangkeun rek kumaha,guru nu menerkeun mun aya salahna.

Guru nu jadi guru baheula,nu kungsi ngaguruan karuhuna,nu mingpin Karajaan Tatar Sunda,nu kaamanatan ngajaga jeung ngariksa. Sugan jeung sugan laksana,kajeun geus tangtu loba hahalangna,mugi Allah ngalangsarkeun jalana,dibarengan keukeuh pageuh nyekel akidahna.

Alhamdulillah hiji dua panggih jeung buktina,hiji dua kabuktian caritaan guruna,hiji dua aya nu milu sairing ngusahakeunana,hiji dua ka ubaran nalangsana.

Ngoreh kasundaan nu tinggal sesana,mapay galeng neangan nu sarua nyaah kana kasundaanna,ngasruk leuweung dibarengan kaludeung,bari memener jalma nu keur baluweng. Nyoba ngageuing urang sunda nu sakitu reana,nyalukan geura buru inget barangbang semplak dina sirahna,ngarah teu geura leungit ciri nu mustari dina dirina.

Lain ngarasa asa pang sundana,lain ngarasa asa pang bisana,lain ngarasa asa pang aingna,tapi ngarasa nyaah ka kasundaana.

Geus aya nu tiluan maturan,kari nungguan tinekanan,bari tetep inget kana wiwitan,euweuh mahluk nu aya dina kalanggengan.

Pun Sapun Kuring Jurungkeun,nyampeur nu dihandeuleumkeun,tunda poho nu bareto,nu mangkuk di saung butut. Menta dijurungkeun ku nu diamanatan,muka sesa nu dihandeuleumkeun di daratan,nu ampir kapopohokeun jaman,kajadian di saung jalma duaan.

Sakabeh
carita geus ngaruntuy jeung buktina,mang taun-taun diebrehkeun
sawareh-sawareh,istuning runtuyan carita nu loba hartina,sajarah Pajajaran
nu geus pageuh katoreh. Tadina hate teu narima bari mangmang ,nempo
untuyan sajarah jiga di awing-awang,anging kersaning Gusti geuning bisa
kasawang,dibarengan muntang ka Pangeran bisi nyalimpang. Ngan ukur bisa
sumujud ka Nu Kawasa,padahal diri teu rumangsa bisa,mugia tinekanan ka nu
jadi mangsa,ngawujudkeun amanat ngadegkeun deui ieu bangsa.

Jang sakabeh urang sunda,nu ngarasa
rahayat sunda,ulah poho aranjeun sunda,geura wani ngaku bangsa sunda

19 August 2008 • 7:56PM -0400
(Serat :20)(SILIWANGI & KI SANTANG) - Ageman Sri Baduga MAharaja_3


Ageman Sri Baduga Maharaja_3

Kacaritakeun
Baduga mulang bari mawa kamelang,geuning manahna saparat ngalalana kalah
mawa kamelang,geuning nu tadina tandang malik jadi manggul kahariwang,Baduga
beak dengkak mulak-malik uteuk jang ngalaeungitkeun nu
jadi baluang.

Dimimitian
ku tekad awaking hayang ngudag nu sajati,Baduga mulang ka lembur mawa hiji
bukti,yen diri manusa sakumaha wae disebutna sakti,euweuh nu bisa
nandingan ajaran ieu nu bakal mawa mukti. Bari ngaliwatan poe-poe nu jadi
sesa,Baduga ngamimitian muka hate jang papatah Nu Maha Kawasa,beuki jero
asa beuki euweuh tangan pangawasa,hate melang bisi teu kaburu mayaran
dosa. Dibarengan ku niat anu kuat,Baduga muntang menta diajar nepi ka
parat,ngarah bisa bisa tengtrem nyanghareupan sakarat,ngarah kaburu keneh
bebekelan nyanghareup akherat. Ku kersana Nu Maha Kawasa,sobat dalitna
tungtungna balaka bari teu maksa,ngaenyakeun eta ageman jang nyalametkeun
bangsa manusa,ngarah di akherat engke teu meunang siksa. Ki Santang
leukeun nuturkeun ti taun ka taun nu geus kaliwat,hayang milu menerkeun
kahirupan Baduga nu jadi sobat,nepi ka tinekanan baturna tobat,sujud
syukur ka Allah dipaparin waktos teu nepi ka telat. Robah jaman,robah
mangsa,robah cara nempo dunya,emutan Baduga teu ngan ukur ngudag-ngudag
dunya,geus ngamimitian nyawang alam saenggeus alam dunya,bari
diomat-omatan sobatna ulah ninggalkeun kawajiban dudunya.

Baduga
tungtungna nyekel pageuh ageman ka-Islam-an. Nu bakal mawa robah sajarah
kahareupna rahayat Pasundan,silih genti jeung Santang nyi¢arkeun ieu
ageman,babarengan naratas jalan jang ngadegkeun kabeneran. Mimiti eta
Baduga ngarobah ngarana,di julukan Sunan Rohmat ayana,dimakamkeun haying
jiga rahayatna,ngan ukur menta do¢a ti anak-anakna. Gelar anyar jang
ngukir kayakinan anyar,

Tah
ayeuna geus diterangkeun Baduga teh
Siliwangi nu disebut Sunan Rohmat tea.

(Serat :21)(SILIWANGI & KI SANTANG) - Ageman Sri Baduga MAharaja_4

Ageman Sri Baduga Maharaja_4

Moal enya ari karajaan talukanana boga masjid agung, ari pamarentah pusatna teu boga?

Lamun pamarentah daerah kabeh Islam,maenya pamarentah pusat Hindu? Intina pamarentah pusat pasti Islam,rajana oge.

Sri Baduga Maharaja teh Islam,mun hayang bukti,tingali karajaan talukana,Islam lain? Mun Hindu,sunda bakal didominasi ku Hindu,aya tapak arca-arca Hindu. Eta buktina ! Eta buktina !

(Serat :22)(SILIWANGI & KI SANTANG)_- Kunaon Pajajaran Leungit ?

Kunaon Pajajaran Leungit ?

Penghianatan
ti jero istana,kalakuan Satria Hideung,leuwih ngora ti Sri Baduga
Maharaja,anak bibina…,lalim,mawa pasukan
rorokidul,siluman-siluman jabrig saawak-awak,bentrok maung jeung pasukan
rupa-rupa bentukna. Pajajaran luhur gunung,dihandapna dikuriling
sawah-sawah,maung-maung diposisi sawah-sawah,dayeuh geus dikepung,luareun
sawah-sawah,euweuh jalan kaluar. Pasukan musuh mawa siluman-siluman.
Dibantuan rorokidul,dayeuh dikepung, Bakal loba korban,Sri Baduga Maharaja
jeung nu tetep satia ngaraleungit,kabur ka kidul,malipir gunung,ngajauhan
dayeuh.

Dayeuh
paburisat,rahayat kalabur,nu nyesa pasukan Satria
Hideung,kabingungan,dayeuh ngemplong euweuh eusian. Musuh ngabagi,ngudag
ka lima
jalan,dayeuh molongpong,Ki Santang nutup ku halimunan,jadi leuweung
geledegan. Musuh paburisat beuki teu ngartieun. Ngarumpul di hiji tempat
luareun dayeuh nu nepi ka ayeuna pinuh ku siluman,nungguan mangsa muka
halimunan. Ayeuna eta tempat jadi tempat pamujaan,jang nyegik,melet jeung
sajabana. Nu ku aranjeun dideukeutan kamari bari leumpang opatan. Curug tujuh.

Ti
semet eta Ki Santang ngarasa dinyerikeun Nyi Dewi,pangawasa laut kidul.. Nu
ayeuna beuki ngarajalela,ngawut-ngawut akidah manusa. Dayeuh tetep
dikepung. Nu ngadeukeutan atawa boga niat napak tilas ka dayeuh bakal
digoda,dipengkolkeun ka tempat muja. Siluman-siluman disebar neangan nu
bisa muka dayeuh. Can kapanggih. Eta nu dipikahariwang Ki Santang. Kunaon
bet titah bias nyumput dinu caang. Can kuat ngalayanana,moal bisa ngalawan
siluman-siluman eta ngan ku opatan,komo bari teu yakin mah. Matak cilaka. Ulah
nanyakeun ka Ki Santang kunaon can muka. Tingali ka aranjeun
opatan,tingali diri,can siap anjeun,loba kasieun,teu wani. Padahal geus
waktuna,kudu pageuh pacekel-cekel leungeun. Anjeun teu nyaho naon nu bakal
disanghareupan engkena. Siluman. Nu kungsi ngancurkeun Pajajaran. Ulah
nyalahkeun guru kuring. Anggur giatkeun diri,meungpeung aya
keneh umur. Sing boga tapak nu mulia jang balarea saencan aranjeun tilar
dunya.

(Serat :23)(SILIWANGI & KI SANTANG)_- Keur Nu Dicalukan.

Keur Nu Dicalukan

Bisi aranjeun
hayang leuwih telek kana diri aranjeun sorangan,kuring InsyaAllah
bisa mantuan mapay nu ku aranjeun geus kungsi kaliwatan,sakalian nunjukeun
yen kami teh lain heuheureuyan,istuning ngalengkah satekah polah
ngusahakeun jang nyukcruk galur ngarah bisa ngadeg deui urut Pajajaran..

Kanggo Ceu Ambu,
saha nu boga dedegan lalaki sedeng eta ? Dedegan kyai seseg,osok
mere papatah nu niiskeun hate lain? Osok datang kana ngimpi lain? Make
baju bodas,panjang nepi ka satengah bitis,sok disebut Ki Haji lain? Geus
lawas bareng ngabaturan lain?

Kang Ema,
kalem,pinuh kayakinan,sarua anjeun oge keur nungguan,hayang bisa muka
nu jadi wiwitan. Hayu urang geura ngamimitian,didasaran ku sarua nyaah
kana kasundaan. Bisi aya nu can kapanggih nu ku anjeun diteangan,sugan
kuring oge bisa saeutik mantuan,ngarah mangfaat kana kasundaan,kuring aya.

Kang Tirta,
kuring nyaho anjeun geus boga jawaban,ulah salempang nepikeun
bebeneran,geura milu babagi nanjeurkeun Kasundaan,geus mangsana urang
ngalengkah babarengan. Kuring apal anjeun geus lawas nungguan,ieu mangsa
jadi kanyataan,kajeun teu kaharti mun dipikiran,ulah ngan ukur dijadikeun
lamunan.

Kang Tirta,
kuring nyaho anjeun boga jawabana,ulah hariwang geura tepikeun
kabalarea,salam ka anu sok mere anjeun beja. Urang bareng ngaguar deui
sajarah sunda,nu geus lila ngacapang ku reka-reka. Kuring bakal
datang,sugan saeutik bisa mere caang,ngarah mere hiji kayakinan,nu ayeuna
ngan ukur kasawang. Kuring wakil ti Sancang,nepikeun nu kudu
ditepikeun,ngajaga nu kudu dijaga,mulangkeun nu kudu mulang. Salam ti
kuring saparakanca.

Ua Duq,
ulah era miluan,da nu kieu mah moal kaharti ku akal pikiran. Sabab
urang sakabeh mahluk ngan saeutik nu dibikeun ka urang-urang,uteuk urang
aya watesna,moal bisa maca kajadian sakabeh alam. Anjeun ge pan teu bisa
nerangkeun kunaon sok kaimpikeun jalma make komprang hideung,iket
hideung,barangbang semplak,nu sok rajeun datang nepungan,kajeun ngan kana
ngimpi anjeun wungkul? Ulah era,lain ukur anjeun nu ngalaman,sing tumarima
dicalukan.

Mang Ucup,
bisi panasaran elmu naon wae nu aya di Pajajaran,kersaning Gusti
sugan kuring bisa mantuan.

22 August 2008 • 6:13PM -0400
(Serat :24)(SILIWANGI & KI SAANTAANG)_- Kanggo Nu Dicalukan


Kanggo Nu Dicalukan

Kang Ema,
ke oge datang.

Ua Duq,
Susuktunggal lin? Ceuk Ki Barangbang Semplak nu sok make iket? Aya
Sanding Taman,Nyi Galuh,Dewi Anggraeni,Siti Masyitoh,Siti Hotijah,nu mana?
Inget kuring lain Baduga,kuring nyaho mun harita dibejaan ku Baduga. Nu
dirusiahkeun manehna ka kuring mah teu nyaho.

Kang Iman,
lain incuna incu Baduga nu hianat teh,tapi ti anak bibina,dedegana
jangkung leutik,boga hubungan deukeut jeung Majapait,rorokidul,teu
dibantuan ku Gunung Jati. Baduga awakna teu jangkung. Rada lintuh.

Kang Iman,
Lemah Dewasasana,Jaya Dewata,Jaka Lalana,Dewa Jagat Nata,jeung
sajabana mah ngan ukur landihan…Kuring leuwih ngeunah nyebut Sunan Rohmat.

Saha nu kungsi hirup jaman baheula,nepi ka nyaho taun-tauna. Karunya teuing Baduga diduruk ditungtung hirupna,padahal anjeuna mulang dibarengan katenangan dina bathina. Saha nu nyaksian Baduga sapopoena,nepi ka apal bukur-bukurna,watir teuing disangka
euweuh jasana,padahal boga ngaran nu sakitu ahengna. Saha nu milu nempo jalan
hirupna,nepi ka yakin asa milu ngalamana,deudeuh teuing disangka jalma loba
dosana,padahal gede baktina

Kang Agus,
ari Batarakarang di jaman kiwari rek dipake jang naon? Jang narik
harta? Aya anu kabuktian? Moal..Batarakarang loba dipake jang nyedot duit
jsb. Disebut BK. Elmu nu dipiboga Sri Baduga keur can pindah ka
Islam,kadugalan oge. Dipiceun teu dipake saenggeus asup Islam.Aya
jimatna,bentukna jiga kalong. Hirup mun dibere getih.

24 August 2008 • 8:48PM -0400
[Baraya_Sunda] (Serat :25)(SILIWANGI & KI SANTANG) - _Kanggo Nu Dicalukan.


Kanggo Nu Dicalukan…

Kuring nonggerak,
saacana menta dihampura ka balarea,rumasa make basa nu garihal
karasana,supaya euweuh nu ngarasa dibeda-beda,kuring ngahaja make basa
sunda nu ayeuna. Kuring nonggerak,teu ngarasa mikaboga elmu luhung
ayana,kuring ngan ukur makhluk biasa,nu sapopoe kumalendang di alam
dunya,nuturkeun cai kamana ngucurna.

Kang Agus Pakusarakan,
eta ajian kungsi jadi cecekelan sobat kuring,ngan
hanjakal dipake bari ngandelkeun bantuan bangsa kuring,eta oge nu teu ngarti kana
aturan,da sabenerna teu meunang dina agama. Kuring teu wawuh jeung nu sabangsa
kitu,kajeub ajiana kuring bias,lain mawa waluya.

Kang Iman,
kuring hormat jeung muji kana kategesan anjeun ngeunaan Baduga
(Siliwangi),keun urang teundeun mun manggihan nu beda,urang gedekeun jeung
hijikeun nu sarua,sabab urang kudu taki-taki mapag mangsa kahareupna.
Kuring bungah nu euweuh papadana,geuning loba keneh urang sunda nu nyekel
kasundaana,eta tanaga nu teu leutik gunana,jang ngalengkah nimukeun deui
jati diri sunda nu ampir euweuh dikieuna.

Sakali deui Kang Tirta,
keun kuring nu rek tandang,teu kudu ngahaja datang ka Sancang,kuring ti Sancang
tilu ngawakilan sakabeh sancang, kuring katitipan salam sadulur ti Ki Santang.

Kang
Ema,tuturkeun we caritana,ke oge bakal pinanggih jeung anu
kuduna,tuturkeun we caritana.

Kang Roche,
budak cicingeun hayang disebut budak baong? Teu kudu hariwang kuring
bakal sabisa-bisa noong,ke oge ngalaman nu sok rajeun ngaliwat kana
pikiran,sugan jeung sugan ku Allah diijinan. Kuring muji kana pikiran nu panasaran,
sabab bakal metot jelema jang neangan,ngorehan sesa-sesa nu bakal jadi
cecekelan, ngarah teu kasasab ka alam kangeunahan.

Kang Dekky Mulyadi,
nu ngawakilan budak kiwari mentingkeun eusi nu pondok bari
nyari,teu ngan saukur hayang kaciri,mugi pinanggih jeung jati diri.

Waliwis Bodas,
hiber di awang-awang,boga hate nu kerep baluang,nuturkeun indung suku mapay-
mapay alam anu ngambang,muga anjeun hirup mawa seungit kembang.



Waluya,
hiji ngaran nu diudag ku sakabeh jalma di dunya,hampura kuring teu wani muka
anjeun boga sukma,ari teu diijinan ku nu mikabogana.

Netta,
Sunda bakal pinanggih deui jeung kadigdayaan,asal urang teu poho kana
wiwitan,teu miceun nu geus jadi ciri kasundaan,teu ngaleungitkeun jasa
jalma nu kungsi ngagedekeun Pajajaran.

Kang Kumincir,
hampura kuring teu pati apal anjeun saha,ngan kuring teteg na
hate anjeun jalma nu moal ngasaha-saha,kuring aya ukur ngahaok supaya
sunda ngarasa lain nu saha,ngajak urang sunda leuwih ngahareupkeun usaha.
Nitip salam ka urang lembur,kudu bisa duduluran kajeun lain dulur,urang
babarengan geura nyukcruk galur,muka deui jalan jang ngaraketkeun sakabeh
urang sunda sing asa jadi dulur.

Ceu Roro,
hampura mun kuring salah tetempoan,ngan kuring tetep gede harepan,teu
kahalang umur nu geus elat-elatan,urang mangfaatkeun sugan teu kahalangan.

Hampura
kanu geus disebutan ngan teu kaburu dikorehan,sugan isuk jaga aya mangsa
digeroan.

(Serat :26)(SILIWANGI & KI SANTANG)_- Cirebon Menta Misah.


Cirebon Menta Misah

Cirebon
menta misah lain kusabab Pajajaran lain Islam,aya hiji satria nu hayang
leuwih meunang kakawasaan,ngahiji jeung karajaan tatangga nu geus lila
mumusuhan,niupan hasutan supaya teu ngaku deui ka raja Pajajaran. Geus
kasawang ku Siliwangi saacana,aya kajadian nu bakal ngarusak
karajaana,kusabab Siliwangi boga hate nu wicaksana,milih malipir ngarah
teu loba nu jadi korbana. Siliwangi geus teu pati ngagungkeun dunya,teu
kabita ngan ukur ngudag-ngudag dunya,Siliwangi geus loba tafakur nyiapkeun
bekel saenggeus dunya,ngarah tegep teger mun geus mangsana ninggalkeun
dunya.

26 August 2008 • 8:07PM -0400
(Serat :27)(SILIWANGI & KI SANTANG)_- Deudeuh Teuing Sunda.


Deudeuh Teuing Sunda

Kajadian kaluar tina kepungan geus lain kaanehan,loba kaalaman ku jalma-jalma kiwari nu milu peperangan,kunaon bet dianggap carita bobodoan,padahal ngaleungitna eusi dayeuh harita bener kanyataan. Teu kudu bingung kunaon Cirebon menta pipisahan,kajeun sarua Islam tapi besa prakprakan,katambah aya hiji jalma nu hayang kakawasaan,nepi ka tega menta bantuan raja nu ngamusuhan. Teu kudu disumput-sumput ratu laut kidul milu ngarusak Sunda,da kajeun kumaha geus loba pisan buktina,komo dicampur-campur jiga ajaran agama,beuki jauh mengkol hate jalma. Ka sakabeh urang Sunda,nu ngaku atawa henteu anjeun Sunda,sakeudeung deui moal aya bangsa Sunda,sakeudeung deui Sunda tinggal carita. Kuring ngan ukur bisa ngajak nempo diri,kuring ngan ukur nitah geura nempo ciri,saencan leungit ieu nagari,jiga beuki leungitna ngaran Dewi Sri. Geura sosonoan kana kecap Sunda,sabab Sunda bakal euweuh dikieuna,jiga kacontoan ku loba bangsa di dunya,nu ayeuna ngan ukur tinggal
ngarana. Deudeuh teuing sobat kuring Siliwangi,sakitu kungsi boga ngaran anu wangi,geuning bangsa anjeun bakal leungit ti ieu bumi,ngabarengan leungitna dayeuh diteureuy bumi. Pileuleuyan Sunda,pileuleuyan Baduga,nasib anjeun teu beda,ngan ukur jadi legenda. Geuning nu wani teu loba,ngan ukur saeutik nu nyaah ka Sunda,moal cukup jang ngalawan angkara,nu hayang keungit ieu Sunda.
Ki Santang lain mahluk abadi,sarua jeung urang sarerea teu abadi,kawatesan ku umur nu ditangtukeun ku Gusti,boa isuk geto Ki Santang mulang ka Gusti

29 August 2008 • 6:44PM -0400
(Serat :28)(SILIWANGI & KI SANTANG)_- Deudeuh Teuing Siliwangi.


Deudeuh Teuing Siliwangi

Hiji mangsan lahir ka dunya hiji budak lalaki, leutik tur istuning ririwit eta budak lalaki,
matak pikahariwangeun indung bapana, euweuh nu nyangka eta budak bakal terus aya
dikieuna.

Ti leuleutik eta budak beda pipikiran, ngaleuwihan tina umurna, katempo beda jeung jelema sakurilingna.

Siliwangi leutik niliktik hirup di alam pikirana sorangan, lolobana euweuh jalma nu bisa ngabaturan, kusabab loba pisan nu teu kaharti ku akal pikiran.

Mang taun-taun Siliwangi ngarasa sosoranganan, bongan mun mikir siga sakahayang sorangan, jiga nu teu malire kana omongan babaturan, kusabab Siliwangi bisa nyawang nu acan ka alaman.

Kersaning Gusti nu masihan widi, Siliwangi bisa marentah lemah-seuneu-angin jeung
cai, boga kakuatan diri nu moal kaharti, Siliwangi gede jadi manusa nu bener-bener sakti.

Dina kahirupan nu loba sorangan, tungtungna pinanggih jeung nu sadia maturan,
hiji makhluk nu beda kaayaan, istuning eta sobatna sabar ngabaturan.

Kapeurih dina kahirupana nu asa sosoranganan, ka ubaran ku hadirna sobat nu kerep ngadatangan, babaturan nu teu petot mamatahan, mere papatah nu mana nu meunang jeung teu meunang dilakonan.

Siliwangi leutik gubrag ka dunya, ririwit teu nyana bakal terus ngalalana, anging kersana Nu Maha Kawasa, kajeun jiga teu daya eusi awakna beda.

Siliwangi geus bisa ngahijikeun raja-raja satatar Sunda, anu cenah mah pangaruhna nepi ka Sumatra, kunaon saenggeus anjeuna tilar dunya, Sunda bakal ukur tinggal ngarana?

Deudeuh teuing anjeun Siliwangi Raja Sunda, dibere gelar anu mere wawangi ka nagari Sunda, ayeuna bet aya nu norehkeun anjeun ngarusak Sunda, nepi ka tega anjeun disebut mawa angkara murka.

Bener anjeun lain jalma sampurna, ngan kuring apal anjeun gede jasana, bisa mingpin Sunda nepi ka puncak jayana, bisa ngawangun tatar Sunda nu dipikaseuseub ku
tatanggana.

Deudeuh teuing Siliwangi sobat kula, geuning nu ceuceub ka anjeun beuki dieu beuki
loba, geuning ngan saeutik urang Sunda nu masih keneh ngarasa anjeun urut raja Sunda
nepi ka euweuh rahayat Sunda nu apal anjeun dimakamkeun dimana.

Geura ngaca ka nagari Cina, nepi ayeuna apal tulisanana, bari susulumputan na jero hatena ngajungjung carita raja-rajana, teu kawas urang Sunda nu teu apal tulisan Sunda
kumaha, jeung na jero hatena embung ngaku carita rajana.

Kuring ngan ukur bisa ngalengis bari nyurucud cimata, ngaheruk nuturkeun carita anjeun ayeuna, mun anjeun ayeuna aya keneh dikieuna, istuning anjeun bakal ngahelas kungsi
diborojolkeun ka dunya.

Haturan simkuring Suadma, Haturnuhun kuring disebut Aswatama, kuring bungah disangka ngarang-ngarang carita, kuring ngan ngajak aranjeun geura nyaring jadi
urang Sunda jiga baheula.

~Wassalamu’alaikum wr wb..
Kuring Nonggerek~

Tidak ada komentar:

Poskan Komentar

PADARINGAN

RERENCANGAN

Simkuring

Foto saya
Sumedang, Jawa Barat, Indonesia
Sampurasun Salam pangwanoh kasadayana ... teupangkeun simkuring sibudak angon ti sumedang sanes agul ku payung butut sanes oces ku karung soek ngan ukur nyimpenan arsip kolot urang bahela teungarasa asa pangpinterna teu ngarasa asa pangnyundana... tpi ngaraos nyaah kana kasundaan nana bilih aya catur nu teu matut hapunteun da simkuring mah nuju di ajar Cag Pun Budak Angon Rampes