Tampomas - Sumedang

Loading...

Sabtu, 20 Agustus 2011

MUSTIKA PURAGA JATI SUNDA






MUSTIKA PURAGA JATI SUNDA
“Ngama’naan falsafah sarta ajén-inajén
kamanusaan Sunda dina
nata diri, nata raga keur hahirupan”

Sanggian:
Ki Laras Maya


























 Mustika Puraga Jati Sunda

2
“BUBUKA ANJINING RASA”
Ki Laras Maya Poerba Sasaka

Niat kuring aji-ning rasa.  
Rasa goib titipan nu Maha Tunggal. 
Tunggal sarasa , tunggal sa-pangawasa,
Jalan  nu rahayu mapag alam kabagjaan, 
Eunteungeun  diri pribadi.
Basa mah gambaran rasa. Budi  mah  gambaran ati.
Ngancik’na raga salira.
Dina batin anu sidik, anutara daek nga-bohong,  jeung
di bohongan.
Jaga diri ati-ati.  Pinasti hirup taliti
Dumugi mapagna pati.
Hirup pasti,  ku cageur na, ku bageur’na ku bener’na.
Sing taat ka pamarentah.
Repeh rapih, beres roes, tur akur reujeung sasama.
Mahluk nu sugih hartina, beunghar harta, salamet
hirup kumbuhna.
Amjalu papadang ati.
Awaking bujang ka sakti.
Bisa maca bisa ngaji.
Ngajina na tungtung ati.
Macana na tungtung rasa.
Nu hurung dina jajantung.
Nu herangna, di kalilipa.
Hurung tanding dammar hurung.
Siang tanding dammar herang.
Anu hurungna, kurungan.
ANu herang, eusi rasa.
Kadi bulan, kadi sarangéngé ngahing medal.
Remet ménténg dina angen.
Anu ngilo dina tikoro.
Nu ngintip dina lalangit.
Buka ini buka rohani.
 Mustika Puraga Jati Sunda

3
Buka sintung, bukakeun gedongan ati.
Pang mukakeun cahaya ti anu maha kawasa.
Supaya kapanggih bukti.

Nu puguh diri sajati.
Kudu nyata ceuk tuduhna.
Bray cahaya, bray cahaya.
Cahaya anu kawasa.

Ka anu nyepeng  dinten tujuh dawuh lima.
Pager duawelas.
Kasaderek anu opat, kalimia pancer salira.
Ka saderek anu medal,
Ka sederek nu teu medal.
Ti putra anu medal.
Ti putra anu teu medal.
Guru lahir, guru batin.
ti guru sidik. Ti guru permana.
Ti nu ngukur tangtung,
Ti nu kagungan rahayu.
Ti nu kagungan darajat.
Ti anu ngandung. 
Ti anu ngayuga.
Ti luhur anu mayungan.
Ka handap anu nganparan.
Ti gigir anu ngajaring.
Ti tukang anu ngagiring.
Ti hareup anu nampian.

Aki sakti, Nini sakti. Nu nunggu di birit leuit. 
Ibu ratu, Rama Agung. Nu ngaping geusan nyalindung.
Nu calik Di pasir layung. Nu geulis putri rengganis.
Nu ngancik di pasir  panggung. Nu kasep kang
Kamajaya

Gunung purba, panungkeban Para-Hu-na Mustika Puraga Jati Sunda

4
Nu nyalungkran pasir asih, nu ngabinih.
Pa-gelaran alam kandung asih indung.
Pa- ngawit-an  pangrungruman tuturunan.

Bukti Tunggul, 
Nya muga, tunggul  anu ngarahayu, ti sunan ambu.
Nya muga, tangkal anu ngadarajat, ti sunan rama.
Turun pulung ka Galuh agung.
Galuh geusan di nyalindung.
Mangsa di bentaran gelap
Gunung gelap reureuh mijah,
Ku aji ning halimunan, 
Di sieuman ku handeuleum.
Di caangan ku hanjuang.
Meleberna pulo sari, ning mangari.
Pangrungruman  menak ti gunung haruman.
Gunung geulis, ci ibun anu ngareumis, 
Papandayan, ngukir tangtung ku tulisan.

 
Ka para Hyang nu suci.
Nu mancer cahyaning Gusti.

Nu Murba, anu wisesa.
Nu Agung anu maha’na.

Anu kersa anu karsa.
Nu ngersakeun nu ngarsakeun.


Tabé Pun ahung nya ahung.
Amit sun hampura ingsun.

Nya paralun, seja ulun
Kapara luluhung agung.
Nu ka agungan ku pangagung. Mustika Puraga Jati Sunda

5
Nu ngadeg di uwung-uwung.
Nu ngadeg di awang- awang.
Anu sirna di mandala panta panta.

1.  Di Mandala  Méga Manggul
2.  Di Mandala  Méga Malang.
3.  Di Mandala  Méga Beureum.
4.  Di Mandala  Méga Si karembangan.
5.  Di Mandala  Méga Si kareumbingan.
6.  Di Mandala  Méga Si antrawela.
7.  Di Mandala Pa-Guruh, Pa-Guntur, Patapan Guntur.
8.  Di Mandala  Bumi suci kerepek séah.
9.  Di Mandala  Bumi Beureum.
10. Di Mandala  Bumi Hideung.
11. Di Mandala  Bumi Héjo.
12. Di Mandala  Bumi Konéng.
13. Di Mandala  Bumi Hawuk.
14. Di Mandala  Bumi Putih.
15. Di Mandala  Bumi Céngcéréngan.
16. Di Mandala Bumi Sanghyang Sorong Kancana.
17. Di Mandala  Bumi Sang Hyang Ribut.
18. Di Mandala  Bumi Suci  Alam padang.

Galura bakti ,ka luluhur 
Ka -Papara karuhun urang sakabéh.
Urang mimitian ku surat anu biasa.
Nu ilahar di paraké jampé.
Tibaheula nu jadi tari paranti.

Pun sampun ka sang roh Pun.
Ka handap ka sang Batara.
Ka luhur ka sang Batari.
Batara raga salira, Batari batin nu sidik.
Anu ngancik dina ati sanubari séwang-séwang.
Anu tara ngabohong jeung di bohongan.
 Mustika Puraga Jati Sunda

6
Ka Batara Sunan Rama.
Ka Batari Sunan Ambu.
Karadén caang gumelar, cahaya sakti.
Ka nyimas gumilang seblak.
Seja nyanggakeun pangbakti.
Sapulukaneun. 
Tik bul ning menyan kaula
Cahaya beurum kanyataan na amarah.
Tik  bul ning menyan kaula.
Cahaya putih loamah
Tik bul ning menyan kaula.
Cahayana sawi yah.
Tik bul ning menyan kaula.
Cahaya na mut ma inah.
Seja mundut ka emban, kanu geulis.
Ka iringkeun kunu kasép.
Nu geulis Sri Sayana.
Nu kasép Bujang Sarana.
Nya ieu ibu jeung rama.
Pang dugikeun ka anu maha Kawasa.
Kukuh kula-kukuh puji.
Kukus dangdayang mantra.
Dangdayang turus na wati.
Turusna karang Pohaci.

Pang maratkeun, ka-sang Hyang Pangéran Parat Nga-
Mohon tembuskan, kepada yang Maha Menembuskan
Sapulukaneun ka sadaya para luluhur.

Karuhun karuhun suci.

Anu ti kalér, sa kalér 
Anu ti kidul,  sa kidul
Anu ti kulon, sa kulon.
Anu  ti wétan, sa wétan.
 Mustika Puraga Jati Sunda

7
Jisim kuring sadayana.
Neda bagja, neda hidayah, neda mangpaat.
Neda maunat, neda caang. Neda padang, narawangan.
Neda salamet, neda barokah..
Kum teu badé di wiji-wiji.
Dunga-na para kasepuhan sadayana.
Anu masih kénéh gelar di alam hirup.
Kikisik lambak sagara.
Ulah ungut ka linduhan.
Ulah gedag ka anginan.
Di siuk ku ibu, di bauran.
Di cokot nya di émbohan.
Nya di bawa, di tambahan.
Si nyimas nama ning sari.
Geura tah mayang larangan.
Geura hudang,geura tanghi. 
Di hudangkeun kunu lenjang 
Di tanghikeun  kunu geulis.

Cag………Rampés.












 Mustika Puraga Jati Sunda

8

BUBUKA CATUR

Tabé, pun.
  Amit sejaning unjuk uninga, réhing dumasar kana
rasa syukur “Nuhun” ka Nu Ngersakeun, Anu Maha Agung,
jisim kuring seja ngadugikeun gerentesna kereteg, anu
mangrupi karyana rasa, kersaning anu ngawasakeun, hasil
tina teuteuleuman, guguaran, kokoréh, tur mulung pulung
ti anu ngalangkung dina jajantung, galuh agung, manawi
bahan katampi, kalayan aya guna katut mangpaatna
kanggo urang sadaya, malar geusan  jadi panungtun  tur 
pangjejer dina  nutur lumakuna léléngkahan hirup,
sasieureun sabeunyeureun, kasanggakeun.
  Tawis rasa anu dumasar kana, rasa “nyaah ka
sasama, béla ka bangsa, bakti ka lemah cai, ngarawat tur
ngarumat budaya, sarta niat ngawangian ka sarining
lemahcai”, malar jadi sambung léngkah, sambung lémék,
sambung rasa, keur  nyambungkeun  uga, tangtuna ogé ti
anu kantos aya ti heubeulna, ti biharina,  sugan ngancik di
kiwari geusan ngambah ka supagi. Buhun ngajadi bahan,
biheunna,  sara ngajadi sari keur pangaji.
Amit, tabé pun, hampura ingsun, anu diguar saukur
gambar, anu dipedar saukur nalar, piolaheun dina polah,
pilakueun dina lampah, malar katimu  rupaning mustika
hirup, anu ngancik dina rasa anu katitipan, naon rupa nu
jadi wujud  tulisan, muga larap jadi tutur, jadi lisan,
pijalaneun tatapakan dina  aweuhan jalan anu kacida
lamparna, nangtu dina   kacindekan Galur. 
Sugrining galeuh kadeudeuh, sugrining galih ka
asih,  tansah mugia, marganing  galuh pangasuh. Tandes, Mustika Puraga Jati Sunda

9
jadi élmu katut pangaweruh. Geusan pituduh jalan anu
lempeng.
Amit, sanés badé ngalalangkungan, sanes badé
nyanyahoanan, sanés badé mayunan anu ti heula, sanés
badé ninggalkeun anu pandeuri. Ieu mah mung  mugia
pareng:

Nu jauh urang deukeutkeun. 
Geus deukeut urang layeutkeun. 
Geus layeut urang paheutkeun.
Geus paheut urang pageuhkeun, 

Geus pageuh urang wangikeun.
Nu kungsi dihandeuleumkeun.
Nu kungsi dihanjuangkeun.
Urang cokot geusan teuleum.

Urang téang geusan midang.
Nya midang, di banjar karang.

Lebak panitisan bentang.
Nya bentang ti para Hyang.

Nu murba di alam padang.
Sapasini, saparanti, 
Sa jalan, sareureujeungan, 
Sareundeuk, saigel, sabobo, sapihanéan, 

Ka cai jadi saleuwi,  
Ka darat jadi salogak,  
Malar hirup runtut raut sauyunan, 
Pataréma rasa. 

Geusan  nyukcruk  uga ti para luluhur, 
Mapay tapak  ti para Sanghyang Pudak,   Mustika Puraga Jati Sunda

10
Nu dipuluk mustikana,  
Salaku pancer sajati,  

Nu dihin ajaring  tangtu, 
Nu misti élmuning  pasti, 
Geusan ngadadali diri.
Dadalina uga ludra, 

Manuk leuweung ménak lawung,
Lawungna di palawangan.
Nya lawangna geusan luang, 
luangna ti pada urang. 

urang  nu nyorang , urang nu nyaring, 
Nyorangna jalan séwangan,
Nyaringna ugeran kuring
Seja tandang seja tanding. 

Tandang bari ngarawang, 
Tanding bari ngariding.  
Bari,nabeuh kohkol awi , 
Bahanna ku haur bitung, 

Meunang nuar luhur gunung, 
Sorana nyaring tang-ting-tung. 
Ngelentrung lir anu ninun, 
Nu sidongdang dina sahung, 

Hateupna ku rangrang kawung
nu dijieun songkét Bandung. 
Songan iket banda indung

Pun!!!
 Mustika Puraga Jati Sunda

11
Sakitu bubuka catur, pangjajap, panyabda  teda. 
Hatur punten bilih kirang,  luput tina lelepitna,  nu disanggi
mung ukur sieur jeung beunyeur, tebih tina saenyaan.
Panyampurna tangtuna ti nu ahlina.  Seja tampi masing
tepi, ka para pupuhu kanca, anu surti, nu sasawa,  nu
sasiwi,  nu saini, nu sasunda,  nu saindung, nu sasia: 
I n d o n é s i a.
Dina mangsa kiwari, anu kanyataanana teges,
hususna keur bangsa urang anu pada-pada ngalalakon
kahirupan manusa, sangkan tepung jeung naon anu
dipaluruh, nyatana kasajatian diri, kamanusaan, mampu
nepikeun kana lalaku jeung lumakuna hirup anu ngama’na,
sarta bisa diwujudkeun dina sipat jeung tabéat anu nyata.
Taya bayana saupama ieu guaran urang bedah
jeung dipedar dumasar kana tata cara adat budaya pribadi,
geusan nanjeurkeun tangtungan diri kasampurnaan. 
Sangkan pangajegna  sajatining diri  anu sampurna, pikeun
ngawangun tatanan hirup:
1.  Katuhanan:   sangkan ngadeg kasajatian diri 
kamanusaan.
2.  Kamanusaan: sangkan ngadeg kasajatian diri
kabangsaan.
3.  Kabangsaan: sangkan ngadeg kasajatian diri
karahayatan.
4.  Karahayatan: sangkan  ngadeg kasajatian  diri
kaadilan.
5.  Kaadilan: geusan ngadeg kasajatian diri kamardiikaan.
Dasar anu lima di luhur, nyatana hiji gambaran pasti
pikeun nata lajuning hirup kumbuh pikeun nyahayakeun
wujud anu kasipatan ku karsa jeung kersana anu Ma-Ha,
geusan wawuh ka kujur katut  pangeusina diri, sarta apal Mustika Puraga Jati Sunda

12
ka papancén hirup salaku “Abdi anu ngabdi  ka anu
kagungan abadina”.
Dina medar tur ngaguar harti anu misti ku mustari,
pikeun ajén-inajén kamanusaan, numutkeun anu
kapibanda jeung anu dipiwanda, dina kapribadian Manusa
Sunda anu disebut  “Talari Paranti”. Hamo kudu landung 
ku  catur, hamo kudu  panjang ku panalar,  dina lumaku-na,
ngadadaran ku carita, pibahaneun ngudag élmu, ning rasa
kasampuraan, jeung , ning rasa  ka- sampurnaan  geusan
diri, dina hiji ajén anu tangtu, nyatana  Ngolah  Diri,
geusan: 
  Kasampurnaan: sipat laku  (ules, watek), anu
nyahayakeun sinar (cahaya, asal) ti anu wasaNa, 
geusan  ngawasakeun ka anu diwasana, pikeun
ngabasakeun wasa pangawasa ku kersana.  Sinarna
atawa pancer diri
  Kasampuraan:  wujud jeung  laku anu nyinarkeun
cahaya sinar wasaNa,  anu dina ngawasa-keunana.
nyinarkeun atawa mancerkeun                       
“Sampurna di wasa Gusti anu Ma-Ha, sampurna di basa
ingsun anu nga Ma-Ha.”
(Gusti Pancerna Sipat, Ingsun anu mancerkeun dina
kasipatanana).
Hirup geusan manceran dina sagala pangawasa
kersa anu geus di kersakeun pikeun nuju kana aji ning ka
sampurnaan hirup,  tangtu mudu metik élmuning hirup
geusan ngahontal,  tur ngagema keun diri, pangajian laku,
keur pangajén diri anu mangrupa: 
1.  A j i l u h u n g:  sangkan diri (kaharkatan).
2.  A j i  K o m a r a: wibawa sangkan diri (kadarajatan).     
3.  A j i  W i w  a  h  a:  sangkan diri (kamartabatan).  Mustika Puraga Jati Sunda

13
Tilu pangaji di luhur, dasar élmu keur nyipatan
lakuning lampah, ciri diri nu ngagema  kasinaran ku
panceran asal,  sangkan wawuh ka nu  tilu dawuh nu
nyangking nyinaran galuh salaku jagat panataan rasa ti anu
ngarsaanana. 
  Tilu Dawuh nu nyangking di jagat panataan
(tempat cahaya Suci) anu aya dina diri  nu nebaran
cahyaning ules watek,  nyaéta  sinar anu dawuh :
1.  Nga  –  Sanghyang:  (diri  mijati katuhuan di  alamna)
keur pangaji élmu suci anu apal ka anu kagungan
Wasa.
2.  Nga – Rahyang: (diri  mirasa kamanusaan di alamna)
keur pangaji élmu suci anu apal diri anu kahirupan.
3.  Nga  – Danghyang:  (diri miraga kanusaan di  alamna)
keur pangaji élmu suci geusan   apal kana hak jeung
pancén mahluk anu pada-pada dicipta saalam
(kanusaan), anu campur sangkan sampurna.
Cahayana anu jadi ules watek tina tilu dawuh anu nyinaran
galuh, tangtu diri kawandaan sipat :
1.  Ka-Wisnu-an  (kawasanaan): hirup, mampu 
ngadalikeun rasa jeung wasana.
2.  Ka-Shiwa-an  (kasahawaan): hirup, mampu
ngadalikeun hirup jeung sasamana.
3.  ka-Brahmana-an  (kabarahmanaan): hirup, mampuh
ngadalikeun laku jeung alamna. 
Tilu cahaya anu nyipatan jadi cahaya nu disebut
ules watek diri,  udagan anu dihin ku katangtuan, pikeun
nétélakeun kasampurnaan dina nataran tatapak
pahirupan, anu bakal jadi adeg pangadegna diri, pikeun
nyubadanan kabutuhan pasti. Ngahartian, patujuan
hirupNa,  sabab:     Mustika Puraga Jati Sunda

14
Hirup anu ngusikkeun, hirup anu  ngobahkeun, 
hirup anu ngawasakeun, hirup anu ngarasakeun, geusan:
hirup kudu mawa cageur,  hirup kudu mawa bageur,
hirup kudu mawa bener, ku alatan hirup nu kahirup, nu
kahirupkeun ku hirupna anu suci, ngabukti kalawan nyata.
Hirupna keur nuju kasampurnaNa. 
Tri Pancer Silah
Tri Pancer Silah, nyatana tilu cahayana diri anu
mancerkeun sipat geusan ngahontal kasampurnaan diri
anu mibanda sinar:
1. Aji Luhung
Hartina, munel ku pangaweruh   rasa jeung jiwa  salaku
sarining diri  anu  teguh pengkuh tur ampuh timpuh
sarta awas dina ngawasakeun tur ngawaskeun pangawasa-
na, nebarkeun élmu pangaweruh kasam-purnaan, ku dasar
taliti sarta nastiti saperti:
  Tékad niat anu suci
  Ucap lampah anu bukti 
  Pari polah nu merenah, sarta
  Budi basa nu katata, bémakrama.  
“ Patalina Diri ka Gusti ”
2. Aji Komara (Wibawa).
Gelaran lakuning diri anu nyangking patokan pasti, dina
ngajaga tur ngariksa ules watek tiap-tiap anggota badan,
anu masing-masing mibanda pakomna pancén séwangan
tapi teu luput tina ugerannana, kalawan mungsina, tétés
ngalumakukeun dina kahadéan. Tutup hasil
kamangpaatan. Naon rupa anu jadi lalakuan, tinangtu
ballik hasil ka sorangan, naon rupa sorangan anu geus Mustika Puraga Jati Sunda

15
disorang, atawa anu tacan ka sorangan, dasarna mah, tetep
dina tapak paniatan. 
Aji Komara mangrupa wangunan diri anu pinuh ku
sinar kasajatian hirup, tegesna mah laku paripolah,
kauleswatekan ku naon rupa nu dilakonan, pageuh ku
dadasarna kaihlasan, tur dibarengan ku Pancerna rasa  jadi
sipat: ajénan, anteuran, hampuraan, mujian, jeung
hémanan. Jauh kana sipat dengki, ujug hiri jeung takabur.
Panceran  Aji Komara, aya dina sinarna rasaning:  
  Pancerna  laku:  jujur ka diri, kukuh kana jangji, lemes
usap teuas peureup, heureut keupeul, lega awur.
  Pancerna gawé: geusan mingpin diri sakujur,  batur
sakasur, dulur salembur kalayan baraya sabuder awur.
Geusan  hirup anu munel ku aji jeung  pangaji  diri nu
diolah  ku karancagéan,  budi jeung  parangi salaku
wawangi  diri, soméah, daréhdéh sarta hormat tilawat
ka sasama hirupna. Éta hasil tina  ngasah akal  jeung
pikir, sangkan lébér wawanén, jembar ku panalar, dina
ngolah jeung ngariksa hirup, ngudag tujuan geusan
ngajayak tapak, lalampahan sorangeunana:  “Suci hing
pamrih rancagé haté”.
“Patalina diri ka sasama”
3. Aji Wiwaha 
Hartina ajén-inajén kaparigelan diri dina  ngolah
kamotékaran élmu nu weruh salaku  kembangna diri,
munel ku warna  rasa,  budi jeung daya,  karya jeung
karsana, pikeun panalar buah cipta (karya diri). Sugri 
pangbakti sajining lemahcai, ngapak méga mébér jangjang,
hiberna lir manuk julang, ngambah  saaweuhan dunya, 
pakeun jaya weruh sadurung winara. Karsaning ngarancah
béntang, tinawur nebar caraang, pakeun ngembangkeun
talatah keur ngawangi lemah cai. Mustika Puraga Jati Sunda

16
“Patalina Diri ka Alam”
Kawiwahaan  (martabat) salaku diri diwangun ku
olahan dasar  anu ngalahirkeun karya jeung karsa dina
kamotékaran élmu, ngolah  hirup jadi kahirupan nu hirup
keur ngahuripan  geusan nyumponan kabutuh alam
waruga. 
”Niat anu hadé, tepung ahir jeung kahadéan,
Niat anu goréng, tepung ahir jeung kagoréngan”.
Ajén pangajén salaku diri 
Ajén pangajén salaku diri numutkeun  Sunda: lalakon
lampah dina pahirupan kudu diwangun ku olahan dasar
élmu dina tuturan adat jeung budaya tuturunan, karuhun
anu buhun, pikeun panataran tur panuturan ules watek 
jeung paripolahna anu ngagambarkeun salaku manusa
Sunda  sangkan mampu  nyumponan: kabutuh  alam jiwa,
kabutuhan alam pikir, jeung kabutuh alam waruga,
sangkan dina nata rasa  jeung  niti diri, aya kadali atawa
elésan, teu mangprung ngaberung sakama-kama, sakarep
ingsun.   Aturan Hirup di alam panyorangan. Kudu
pengkuh kana aturan anu di sebut:  “tata,  titi,  duduga,
kalih  peryoga. 
  Tata   (aturan léngkah) = tatapakan laku anu kudu
napak kana ugeran aturan talari paranti sangkan  teu 
ngarempak aturan, teu   “pamali”  (hasil kalakuan anu
sok jadi mamala goréng).  
  Titi   (tahapan léngkah) = titincakan laku anu nincak
kana paniatan anu surti jeung nastiti.
  Duduga  (sawangan) = rupaning anu rék dilakonan
tinangtu kudu disawang heula saméméh disorang,
sangkan hasilna caina hérang laukna beunang, anu Mustika Puraga Jati Sunda

17
karasa pikeun kasalametan.    (Wiwaha Yuda na
Raga).
  Peryoga  = ukuran kamampuh pikeun ngajurung laku
dina hiji tujuan (kasanggupan anu diukur ku
kamampuh).
Saperti Ngolah jiwa, keur ngalelemu rasana, bisa di
geteran ku cara ngageterkeun sora-sora alam (Rahyang
Sora Pagendingan) anu mangrupa  alat alat seni Buhun (
tradisi).  Anu ngumandangna dina geteran  galura   jeung
daya geterna.
Conto leutik tina alat seni Buhun Sunda, anu
mangrupa : 
  Kacapi, Alat seni anu di jentréng atawa anu dipetik.
  Suling, toléat taléot, tarompét, alat seni anu ditiup. 
  Kendang (alat seni tepak), dogdog, jeung réa-réa deui.   
  Karinding, celempung, kohkol  jeung sajabana. 
Alat alat anu nyangking galumbang, salaku
panggeter rasa anu bisa dirasakeun béda béda sérédétna,
tangtuna aya maksud jeung tujuan  taya lian geusan 
ngahudangkeun  rasa,  sangkan rasa  ka hudang geter nu di
sebut:  Jiwa Ngaras, jiwa ngarus-ras, jiwa  nga Raas, jiwa nu
ngawaas.  Ka jerona  jiwa  sangkan  kahudang  rasa anu 
Rumasa.
  Basa seni anu didangdingkeunana, nangtu  jadi basa
keur  pangjejer pikeun pangartian, nepikeun  rasa anu
éling, jamparingna.
  Basa seni anu dihaleuangkeunana, (ku Tembangna)
ébréh teges, salaku mawa  “wawanti”  tina sora jadi
sari  keur  panepi, tina sora iadi sari  keur panghudang
rasa. Mustika Puraga Jati Sunda

18
Sari sora nu maranti wawanti tangtuna mawa hiji
wawanti,atawa wanti wanti   basa amanat atawa basa
talatah, anu ngajadi tali paranti  geusan guareun, geusan
bacaeun , sangkan jiwa  tetep kahudang  sari  rasa na
rumasa.   Jiwa anu kageter  jadi rasa anu: NgaRas-,
NgaRaas,  Ngarus-ras, jeung Ngarumasa-keun.
Leuwih teges nu pasti dina  ngawanti  rasa, anu
nalutur dina galindengna catur, dina kecapna  saur, tétés
jéntré eusina  ukur pitutur, geusan:  “pépélingan,
pepedaran,  wasiatan,  amanatan pikeun diri lumaku
hirup, wawuh ka kujur  sangkan akur geusan  diri keur 
ngadirian nana.
Seni Buhun  , salah sahiji  cukang luang,  anu
munel  pisan  ku aji ning diri reujeung ajén pangaji rasa, 
geusan ngaguar diri  anu mampu ngahudang sari na  ka
wening ati:  
  Geusan  nembrakeun rasa karumasaan. 
  Geusan  ngalayeutkeun  pangdeuheusan kawasana.
sarta
  Geusan mentangkeun jamparing Dunga, PaNuhun diri;
ka dirina, kaalamna, tur ka Gustina.   
Sakabéhna,  nyata ka  Ungkara,  dina kecap nu di 
susun jadi guguritan basa,  dihaleuangkeun,di iring ku sora
gending, ngajamparing melesat ka alam wening, ngajajap 
jiwa nu nyaring, ka jagat raya sinangling.  Nya diri  mirasa
éling……………………  
Ka jembaran rasa 
Kajembaran rasa mangrupakeun salah  sahiji adeg
pangadeg rasa, anu jadi dasar panataan hirup salaku
manusa, anu kamanusaan. Mustika Puraga Jati Sunda

19
Kajembaran rasa, mangrupakeun pondasi diri anu
kukuh, anu nguatan wangunan hirup, sangkan ajeg tur
pageuh, moal régrog dina nyanghareupan masalah hirup
sakumaha beuratna.
Sabab eusining sipat anu nyangking dina
kajembaran rasa. Nyata mibanda sipat-sipat  diantarana :
  Nyaahan, deudeuhan, asihan, hémanan, béréhan,
mujian, jeung anu nutama Hampuraan.
  Tara: Sirik, pidik, jail, kaniaya, cegékan, cedikan,
cawadan, irén pinastrén, dudupak, rurumpak,
cawadan, geureuhan, teu kaopan, jeung teu payaan.
“Sing Saha anu miharep KaMulyaan, Kudu sanggup,
ngajauhan Dengki “
Mustikana ngancik jadi pamatri,   dina ati anu
wening, dina rasa nu rumasa,  jiwa nu wiwaha, kalawan 
pikir anu ngarti. Teges cirina  sipat  anu ngaJati diri. 
Kajembaran rasa tara kapolés ku rasa  hayang
témbong diri, lain ucap anu gelar, lain lisan anu nyora tapi
témbongna  jadi rasa, anu bisa dirasakeun ku rasa-rasa anu
sarasa.
”KaHadéan anu gelar ngan ukur lilisanan,
kahadé ngan ukur  popolésan (basa - basi).
T   a   p   i,
KaHadéan anu gelar ku laku jeung lampahna ,
Nyata teges Sarining kajembaran diri anu ngajati”.
Ka jembaran Rasa, ti nangtu, bakal teges buktina,
nyata aya salaku anu jadi cirina, ku kapribadianana, nyata
mancerkeun cahaya  budi jeung basana anu katata.
---------oo0oo----------
 Mustika Puraga Jati Sunda

20
Kajembaran rasa
Usik sajero ning cicing.
Obah sajeroning dada,
Usikna , maranti diri,
Obah na maranti rasa.

Nu nganteur ka lemah sungka
Nyangkaruk geusan kapuluk.
Pasir liuh peupeuntasan.
Ajrih ning rasa panggalih.

Milih rabi minda rasa
Rabi na ka sang gumati .
Rasa na sang guruh minda   
Guru na  weruh pituduh.
Japa na Aji ning diri. .geusan  midiri!
Japa na Aji ning rasa….geusan  mirasa !
Japa na Aji ning harti..…..geusan ngarti !
Japa na Aji ning kersa …geusan ngersa !. 

Nyumput buni nembrak caang, 
Buni sotéh niat ati, anu suci, 
Nembrak caang, ku laku lampah nu nyata.   
Nu di teundeun di handeuleumkeun, 

Geusan paneuleuman nana. 
Nudi tunda dina Hanjuang . 
Geusan diri ngadaya juang,  
Nya hamo luntur ku waktu, 

Kapan tapak dina tindak
Kapan galur dina catur
Mun di téang tangtu panggih
Mun dipénta tangtu mikeun. 

Nya hamo laas ku jaman  Mustika Puraga Jati Sunda

21
Pastina bakal ka pangggih, 
Mangrupa balungbung timu, 
Sabab jangji nu bihari,

Hamo nya sulaya pikir, 
Anu misti, anu musti, tandes
diri nu nyakséni
Geus natrat tulisanana,  

Mo sulaya, ka jangjina,   
Teges nétés tur tétéla
Nya diri suratanana, 
nya alam tulisanana 

Kitabna jagat buana
Moal luntur ku mangsina.
Moal soéh daluangna.
Bacaeun sa tungtung umur

Nya haté kudu rancagé.
Teges nétés tur tétéla
Nya diri suratanana, 
nya alam tulisannana 

Kitabna jagat buana
Moal luntur ku mangsina.
Moal soéh daluangna.
Bacaeun sa tungtung umur

Cirina satangtung diri, 
Carana sa tapak jagat, 
Jembar rasa Nagara na,
 Bukti na,  Raga salira.

 Mustika Puraga Jati Sunda

22
Ciri bukti, kajembaran rasa na manusa,  teges
mapaésan hirup, ku  nebaran sinar rasa, anu ngadangiang
kamulyaan  sabab  :  
Hirup anu ngagema keun diri,  pastina,  tepung
jeung  ka sajatian. Kudrat  Pasti.  Bakal apal  kana  Titis
jeung Tulisna.  (C a g e u r ).
  T I t I s,  anu ngajadi wujud  (manusa).
  T u l I s, anu ngajadi sipat   (kamanusaan).
Hirup anu   ngagema diri jeung rasa ,pastina  
tepung jeung ka Élingan. “kadar diri, Dihin jeung Pasti.             
  Dihin: kayakinan (hirup lain ka haying).
  Pasti: Pasti ti anu mastikeun anu moal bisa dipungkir. 
Apal  kana Rasa jeung  Rumasa
Rasa anu katarima,
Rumasa panarimaan.
Hirup anu  ngagema diri jeung Pikir, pastina tepung
jeung kaparigelan. Geusan nanjeurkeun diri, dina nyungsi  
Tapak  jeung lacak  palakonannana.  (Bener).
  T a p a k: alam nu geus di sorang,
  L a c a k: alam panyungsian  pilalakoneun.
Dina nyungsi lalakon diri geusan pilakueun, nuju
lengkah ka alam anu bakal di sorang, anu ngajadi upayana,
yén diri tetep nyawang alam ka tukang geusan narawang
ka alam anu bakal disorang, tinangtu bakal ngahasilkeun,
jalan tatapakan anu moal nyasar. Anu ngandung harti
bakal salametnya diri.  silokana  bihari ngancik kiwari,
nganjang ka alam pagéto (Supagi), pameulina nyata hirup
kudu :
 Mustika Puraga Jati Sunda

23
Nyepi di leuwina diri.
Tapa di sagara rasa.
Geusan nga balungbung timu.
Jalan gedé sasapuan.
Tapak geusan pangeunteungan.
Ku semu, jembarna rasa.
Galeuh bitung haté kangkung.
Hurung nangtung siang leumpang.
Pangjugjugan, alam caang poé panjang.
Nagara tunjung Sampurna.
R a m p é s… 
                                                             
Dasar pikeun ngalalaku, pahirupan di alam hirup
kumbuh, alam jagat raya (dunya). dina sorangan atawa anu
kasorangan, tangtu aya nu marengan,  dina masing masing
alam hirupna anu  miwanda ciri jeung cara anu béda. Boh
ukurannana, tangtunganana, sarta pancéna, gumantung
kana kudrat pastina anu geus di kersakeun jeung di
karsakeun ku anu Mahana, tapi ukuran urang salaku anu di
gelar dialam jagat raya ieu, miwanda titis anu ngajadi
wujud, jeung tulis anu nga jadi  sipat, salaku mahluk anu
leuwih ti sagalana, anu kapancén pikeun milaku
kamulyaan anu ka sampurnaan, sangkan wujud manusa
mibanda sipat  kaManusaan.  
Kamanusaan
Manusa dileuwihkeun ti mahluk anu lianna, lain ngan ukur
di aku leuwih dina kamulyaannana, tapi teges
dileuwihkeun sotéh dina rasa tanggung jawabna salaku
mahluk anu bakal jadi tunggangana mahluk-mahluk
sasama hirup anu di cipta geusan campur marengan dina
hirupna manusa,   yén manusa téh salaku Parahu Hyang na,
geusan nganteur sakumna ciptaning gusti, kuda sampurna. Mustika Puraga Jati Sunda

24
Ngan Manusa anu disebut sampurna tur Mulya téh
teges mibanda sipat kajembaran rasa. Diantarana boga ciri:
Welas Asih, Undak Usuk, Tata karama, adat,  jeung
wiwaha Yuda Naraga.
   Jalma digelar tina pangasalan cangkang geusan
Jalmaan (wadah hirup anu kosong). ngandung Harti, ngan
ukur di titipan pangawasa awal anu masih suci, tacan
kabangun tur tacan ka adegan. Tacan kasipatan. 
Anu nyampurnakeun pikeun adegan, sipat jeung
ules watekna jalma bisa ngawujud ukur mahluk jalmaan
,anu ka wangun tur ka ules watekan ,ku sipat-sipat mahluk
lianan anu ka inum tur ka dahar ku dirina, lamun teu
mampu nyampurna keun nana sangkan sampurna. nu
buktina mahluk jalmaan sarupa kitu, tacan pas disebut
manusa, jajauheun disebut manusa anu kamanusaan, 
sabab sipat anu ngancik dina ules watekna saperti sipat
Dengki, Sombong, Bohong. Amarah jeung sarakah, éta
sipat, anu dipibanda ku ules watek  sato,jeung  tutuwuhan, 
  Sipat Jalma sarupa kitu bisa di sebut   “Wanara: teu
béda jeung sipat urang leuweung, ngumbar nafsu,
ngumbar amarah, licik, téga, tur sarakah. 
Dina nata diri, dina nata rasa, jeung dina nata
kahirupan samar, bener, jeung hadé ukur pupulasan, nyata
ucap anu teu nyata, lampah teu bukti, ku alatan sinar haté
ngan ukur kabébénjokeun ku kahirupan anu dasarna,
Dunya jadi udagan.
Dunya, ngawatek, poho ka diri, poho kana rasa,
jeung poho kana jiwa. Sabab dunya atawa kadunyaan mah,
watek anu kuat, ngan ukur gambaran kahayang leuwih,
bari kapuasan moal ka panggih. Iwal ti ku Manusa anu
daék Tumarima. Mustika Puraga Jati Sunda

25
Jalma anu  di gelarkeun dina alam kadunyaan,
leuwih kuat hawa dunya, tibatan jalma anu di gelarkeun 
dina alam Manusa.
Teges lamun manusa, anu di gelarkeun di alam
kamanusaan, tinangtu, leuwih kuat ujian jeung cobaan
hirup, geusan kasampurnaan, keur nga hontal kaMulyaan.   
Sipat Jalma anu nitis manitis Manusa, anu
kasipatan, kamanusaan, bakal teges,  dina lakuning diri
jeung ules watekna ,mibanda tujuan hayang 
nyampurnakeun hirup  anu ngarumasakeun  yén hirup
dipentés pancén, yén hirup boga hak jeung kawajiban, tur
yén hirup téh, aya anu campur dina dirina,  anu kudu
disampurna keun, pikeun kamulyaan dina lajuning laku
anu bakal di sorangna.
   Manusa anu kamanusaan  teges jalmaan anu
kapilih salaku palakon hirup anu geus jadi titis tulis na.
Kudrat pasti ti anu Ma-HaNa, sabab iwal ti manusa  anu
bakal mampu ngalaksana pancén  pikeun ngurus jeung
ngatur ,atawa  ngarawat alam salaku titipan, ogé salaku 
sasama hirup anu di cipta,
Manusa sampurna, campurna  gumulung, geusan
ngajadi tangtung salaku mahluk anu linuhung, anu ka
Gungan ku kersaning anu maha AGung, anu maha kersa
jeung karsa, “Gusti anu maha kawasa”. 
Sipat Jalma anu ka, manusaan  disebut na; Cai
Ahung (CiHung atawa Ciung) hartina  hirup anu di karsa,
rumasa yén hirup nyata papancén ti anu kawasa. ku nu Ma-
Ha linuhung. 



“Paralun , mung ukur gagambaran, tur sisigaan, tebih ka-nu
sa-enyana, yen dua sifat anu ngajadi ules watekna jalmaan Mustika Puraga Jati Sunda

26
anu di simbulkeun tadi , bias ngabedakeun diri anu
kasipatan mana anu ngancik nyarungsum dina puraga jati
ning diri
Pikeun ngalarapkeun naon anu jadi udagan
pancénna hirup,  anu ngarana Manusa, tangtu keuna ku
dihin (kayakinan) jeung tangtu (dasar), aturan hirup anu
nuju kana lalakon anu saenyana.
Ageman Kamanusaan
Tinangtu patokan jeung ukuranana aya dasar 
agemannana, nu disebut Ageman KaManusaan.  
Ageman. asal kecap tina  “Gama, (Gema atawa
Gema, Na), nu disebut   Sa-Wa-Ra,  Sinar Wasa Na”, anu
ngajadi cahaya diri,  anu dihin ku pastina, anu teu bisa
robah, dina katangtuan aturan gerak jeung gerik  manusa.
Nyangking aturan jeung  tata cara dasar ku élmu jeung 
weruh. 
Gerak  nyatana  hirup nu ngusikeun.
“Ka mi, Ka ma, Nu Sa” 
Kamanusaan  mangrupakeun élmu panemu pikeun
ngalokat diri sangkan apal ka :
1.  Diri Na: mahluk anu di cipta ku kersa jeung karsa sang
Hyang Maha Cipta,…….. di sebut .hing “Sun Na.   
2.  KaLam Na: mahluk anu di gelar di alam na geusan
ngalalaku  tulisan hirup jeung dihinna hing  “Sun   Da –
Na.  
3.  DaRah Na: mahluk anu marengan  campur jeung
nyampur marengan hirup anu ngahuripan nana  hing
“Sun  Ha – Na.
Manusa Gelar ku tilu Tangtu, Mustika Puraga Jati Sunda

27
1.  Ka mi: Asih na Gusti  anu nga jati Ruh Hyang, atawa
Ruh Suci.
2.  Kama: Asahna Bapa, jeung asuhna Indung
(Gumulung), nu ngajati panitisan wujud atawa 
RahMani, jeung nu ngajadi panétésan Ules watek (Sipat
rasa)  RaHim.
3.  Nusa: wangina sari ning Nagari. 

K a  m i  :
Sipat mahluk anu ”T u h u”  kana hirup, anu ngalaksana
pancén titis tulis, ti anu ngersakeun nana anu ngancik di
sang kuringna, sajatining wasa-wasa Na. 
Hirup ku usikna, hurip ku obahna, sagalana
kersaning anu kagungan wasa.  Ingsun darma lakoni, Geus
ti nu Murba hing wisésa. TuHu, ka anu nyiptakeunana,
“Gusti Pa Ngasih”,  Katuhanan.  
K a – M a:
Sipat mahluk anu  “TuMut”   ka anu jadi cukang lantaran,
ngagelarkeun ka alam dunya  :
  Indung anu ngandung, Tungulna Rahayu, salaku
(“Ambu PaNgasuh”). 
  Bapa anu Nga Yuga, tangkalna darajat salaku  (”Bapa
PaNgasah”).


Indung jeung Bapa : 
Cukang lantaran anu nebarkeun  binih bibit awit
pangawitan  (PaWit).
  Wit = S I r.  Mustika Puraga Jati Sunda

28
  Pa Wit  =  gumulungna Sir anu Nga Jadi.
  PaNgaWitan  = Tempat ruang waktu, pangancikan
hirup  awal (Lamut Kasih Indung, nu di sebut  alam
Kandung Indung).  Basa Simbulna, di sebut Palawangan
atawa Gowa PaIbuan, atawa Guha Pawon.
Indung jeung Bapa, salaku Karang Pawitan,anu
ngajadi cukang Lantaran gelarna Tuturus anu bakal nga
jadi  “SaWa, SiWi , anu jadi Seuweu Siliwangi, hasil tina Sili,
Wangina  kanyaah bapa, tur wangina ka asihna Indung,
Salaku Tingkeban ParaHu. Atawa  SasakaNa. Tuturus  anu
disebut anak = “SaWa SiWi salaku Kado emasna, atawa
PusakaNa. (KaWaHa Domas). 
Kawah Domas, salaku  Tungkeban Para Hu
Hyang, anu jadi Bibit awit  di Palémbangan, geusan
Pamedalan salaku mahluk anu ngajadi pibakaleun, 
gumantung kana patalian, anu nyipatan terah jeung Darah
na, dina Jangji awal (PaTaKa), mangkana saupama mahluk
anu di gelarkeun jadi  Jalmaan, ti luluhurna, lamun teges
Sampurna dina Kamanu-saannana, mangka hing geusan
kudu nyahayakeun Mahluk jadi Jalmaan anu ka Manusaan, 
aya dina patalékan para Guru Hyang, anu ngabédakeun ti
mahluk anu liana, atawa NgaHing Sun Medang KaHuripan. 
Bapa.  Anu nuruskeun  Terah, teges Kapapancén
geusan ngajayak tuturus dina ngolah hirup, nurunkeun
élmu pangaaji   Panalar diri, pikeun darajatna,
(Komarana).
Indung  anu nuruskeun  Darah, teges kapapancén
geusan ngaasuh tuturus dina ngalarapkeun  élmu pangaji 
Pangulas rasa pikeun  Martabatna, (Wibawana). 
Indung jeung Bapa salaku SasakaNa,
Tuturus salaku Pusakana Indung Bapa
 Mustika Puraga Jati Sunda

29

N u – s a :
(Sari Pati Alam) = Ku Dat na, Anu ngajadi cahaya. Cahaya
rupa, cahaya daya, cahaya rasa, tina sari patina,
paHirupan, anu nyampur ngawaruga (Bugang), dina
kahirupan anu ngahuripkeunana.
Alam kahirupan jeung Kahuripan, pikeun
nyampurnakeun sakumna mahluk anu kumelit di alamna,
nyampurnana, ku alatan   “NuSa”  ,jadi bahan pikeun
pahirupan, kahirupan, tur pahuripan jeung kahuripan.
Gumulungna Sari pati alam, dina sawarugana
mahluk, mampu medarkeun hiji sipat, atawa ngajadi ules
watek anu nganteur laku jeung lampah na atawa adat
jeung kabiasaanana.  Contona  sipat Sasatoan, gurat
badagna, nimbulkeun pasipatan diantarana:
1.  Sipat Nafsu birahi,
2.  Sipat Nafsu Sarakah,
3.  Sipat Nafsu Amarah,
4.  Sipat Nafsu Ngawasa, jeung réa-réa deui.
Sipat Tutuwuhan, gurat badagna pasiatan,
diantarana:
1.  Lungguh,
2.  teguh,
3.  ngasuh,
4.  angkuh.
Ules watek sasatoan jeung tutuwuhan, ogé
kageteran ku sipat pangasalan hirup, sari patina, sipat
Bumi, sipat Seuneu, sipat Cai jeung Sipat Angin.
Diantarana: Mustika Puraga Jati Sunda

30
  Sipat Bumi: Sabar, subur,   sebar, nyurup Nga-adegan.  
  Sipat Seuneu: Panas, caang, niyurup Nga-Sinaran.   
  Sipat Cai: Hirup, hurip kahirupan. nyurup Nga Huripan 
  Sipat angin: seger, dalingding. Hawa, nyurupna Nga-
Hawaan
Gema atawa Gemana 
Hirup anu Ngagema katuhanan, Teges laku ning diri dina
hirupna mibanda rasa karumasaan kana karsa jeung kersa
Gusti anu Maha Kawasa (kaluhungan).
Hirup anu ngagema kamanusaan, teges  lakuning
hirupna mampu  ngalaksana sipat anu nga wanda  darajat
na Bangsa (Komara).
Hirup anu nga gema Kabangsaan,teges lakuning
hirup, mampu ngalaksana sipat anu mi banda  daya cipta
karya jeung karsa geusan mibanda (Wiwaha). Atawa 
mibanda  ajén pangajén diri, ajén ka sasama hirup anu,
surti kana hak hirupna alam anu lian, anu ka RahHayatan.  
Hirup anu  ngagema  keun tilu tangtu  dasar 
pakeman hirup:   
“KaTuhanan, kamanusaan tur  kabangsaan, anu
kaRohHayatan, dihin jeung pastina diri, dina nga asuh
hirupna,  bakal mampu  nataran jeung nuturan  Rah  jeung
hayatna keur ngajagangan carita anu dilalakonkeun di
alamna ku sipat KaAdilan”.
Hirup anu mibanda  sipat  ka adilan,    ta ngtu
lakuning hirup anu nungku, pinuh ku kajembaran rasa    
jeung rumasa diri. 
Dina ules watek anu jadi lakuning kaAdilan dirina,
nyata ngawujud jadi “CahayaNa (Nur),  atawa Wujud  anu: Mustika Puraga Jati Sunda

31
  ka sinaran   (“Mardhi Ika“).  Diri salaku anu jadi
Cahaya Gusti, dina (Pari polahna).
  Cageur awakna, Bageur lacuna, tur Bener élmuna.
  Kamardhi Ika an  atawa Wujud anu Ka sinaran, 
  Katuhanan: nga ules watek, “Kersana”: sadar, sadrah,
Pasrah jeung tumarima.
Kamanusaan: nga ules watek  ku cara cirina, ku  dihinna: 
  welas asih.  
  Undak usuk
  Tata karama.  
  Adat  istiadat …jeung 
  Wiwaha Yuda Naraga. 
Kabangsaan: ngaules watek ku cara cirina, ku pastina:
  Bangsa   mibanda    R u p a
  Bangsa   mibanda    B a s a 
  Bangsa   mibanda    A k s a r a
  Bangsa   mibanda    Adat Istiada
  Bangsa   mibanda    B u d a y a
Kabangsaan  nyangking  salaku darma wangsa ka
Nagara, pikeun nyangking papancén pasti panebaran ules
watek anu kaRohhayatan, ciri bukti béla diri jeung sasama
natar nutur lajuning ajén pangajén, geusan ngolahlaku, 
diantarana
  Diri  Nyaah ka Sasama.
  Diri  Béla kaBangsaan.
  Diri  Bakti ka Lemah Cai. Mustika Puraga Jati Sunda

32
  Diri  Ngarumat  ngaramat ka Budaya.
  Diri Ngawangi keun Nusa sari Nagari. (turunan).
Wawuh ka Diri ( wawuh ka kujur). Luyu kana ajén
Sari ning Sunda pikeun Manusa Sunda Geusan Nyunda di
alam Panyundaan ieu, milarapna, ku ules watek sipat tur
paripolah, anu natrat teges geusan:
SUNDA
Sunda anu jadi tutur  dina  Panglokatan Panyundaan-
nana, geusan pangadeg na anu teges, pikeun Jelma,
(Jalmaan),  sangkan jadi “Manusa”.  
Diri Na (IngSun Na).
Diri , sangkéhan tina kecap awal  Da jeung Ra.
  “Da”, ngandung harti  buana (Alam).
  ”Ra”, cahaya, Sinar, ules watek,  atawa   saNur   nu di
kawasaan.
  “Na”, Anu kagungan karsa jeung kersa, anu “teu wujud,
teu ngaran, teu ngarupa. 

Tunggal dina tunggul.
Manunggal sarta manunggul.
Ngancik  sajeroning  ancak.
Usik sajero ning cicing.
Obah sajero ning rasa.
Nu asal ngahirupan usik.
Nu asal ngahirupan rasa.
Nu Maha Agung ( AHung).
Dat asal, pa asalan.
Pangasalan, Pangawitan (Wiwitan).
Anu jadi bibit kawit anu nga Wit , (KaAWitan).
Tampa wates ku ambahan.
Tampa wangen ku pedaran. Mustika Puraga Jati Sunda

33
Tampa mampu di basakeun.
Geusan medal babasaan.
Tina basa ku wasana.
Unggeukna : “Anu Maha Sagalana” ..Pun !.

Tegesna anu disebut Diri,   cahaya alamna salaku    
Pancer Silah,  atawa sipat  tina kawujudan.
KaLam Na, atawa alamna ( Da – Na),
  Ka  = pangancikan ,
  La  = pahirupan, 
  Ma  =  PaJatian. 
Tegesna   alam sorangeun, anu bakal di sorang, tur
sorangeunana pikeun panyoranganana disebut lalakon 
titis tulis (Sorangan ‘Na).  
SaSaMa Na (Sa Ha – Na). Sasamana = anu marengan tina :
  Hirup  = usik jeung obahna pangawasaNa. 
  Hurip    = nu di usikeun jeung  nu di obahkeun
pangadayaNa. 
Nyata anu nga Hana (Aya hirup kersana),dina sajeroning
usik, jeung obahna, tur  saluareun, rupa jeung wujud Na. 
MANUSA
Jatining Gumulung Campur anu bareng, Parahu panganteur
ka sampurnaan anu campur, geusan “Nyorang” ka Alam
Caang, poé Panjang, Jalan gedé Sasapukan, Nuju ka NaGaRa
Pangkonan Gusti, Nagara Tunjung Sampurna, SaWaruga,
SaWara Jati : 
Sunda, ngandung harti tatanan pari polah hirup,
anu  Dihin  ku  Tangtu  carana,  Papastén  ku  Pasti  dina
cirina, pikeun ngawujudkeun, ngabuk-tikeun, yén mahluk
anu gumelar di ieu alam jagat buana pancer tengah. Teges: Mustika Puraga Jati Sunda

34
kudu  ngalaksana sagala anu geus jadi pancén keur
nyubadanan  nampa Hak  jeung Kawajiban  lalakon  anu
geus jadi titis tulis ti dituna (Kudrat Pasti).
Asal anu tuna sagalana 
Tuna nyaeta Sagalana ti anu ngarsakeun
  Tuna - r a g a 
  Tuna - r u p a 
  Tuna  -   r a s a 
  Tuna  -   b a s a 
  Tuna  -   w a s a.  
  Tuna  -   w a n d a. 
  Tuna  -   b a n d a.
Urang darma ngalalakon, ngalaksana
(Ngamalakeunana). Éstu  sagalana dikersakeun, tur
dikarsakeun, ti anu ngersakeun jeung  ngarsakeunana (ku
Dia Hyang), anu Maha  Agung  (ku datna)  sangkan :  
  Ngadegna, karsa jeung kersana, anu jadi wasa dina
kawasana. 
  Mampu “Ngawasakeun ka anu di kawasaannana,
pikeun ngawasaan sagala pangawasana, sangkan Awas 
kana pangawasana”.
Ngadegkeun  anu  Maha Agung, dina  Ngamaha
keunana, ku anu kaunganana, teges, dina   Ngamala
keunana, (Ngamana):
  Ngamaraga jadi miraga.  
  Ngamarupa jadi mirupa. 
  Ngamarasaj adi mirasa.  Mustika Puraga Jati Sunda

35
  Ngamabasa jadi mibasa. 
  Ngamabanda jadi mibanda.
  Ngamawasa jadi  miwasa. 
  Ngamawanda jadi miwanda. 
Ka  -  Ma,   Sari ning Pati  Cikal Bakal, cukang
lantaran ti nu sa asal, pi bahaneun wadah Sukma , RahMani 
ti sajatining nu kagungan Jadi.
Nga  Ma = Nyawujudna RahMani  nu sa asal  pikeun
ngawaruga jatiNa. sajati ning Hirup. Jadi Pangakuan, jeung
Pangalakuan. Mun diaku kudu jadi Laku jeung Lampah.
Sunda,  nyangking pancén, nyusun deui anu
katunda, dina sasari ning waruga anu  geus ngajati,
sangkan  Sampurna   nitis   Sawaraga, (sawaruga). dina
Sora Uga nu Sampurna.
Sampurna na, nyata dina Campurna sakabéh anu
kawasaan kunu asal,  gumulung nyangking sajeroning
Cangkang ngawujud rupa nu kasipatan (Waraga).
Satiap Anggahuta  badan, anu miwanda ciri dina
sadirina, teges mibanda cara saragana,  ngawatek Pancer
Séwangan, tetep ngarujak-ngarujuk, Tunggal SaDaMi, sa
wasa-wasana, aya pangawasa jeung awasna:
  Awas   kana  wasa, keur ngaAwas  keun naon anu di
wasakeun ku, pangawasana. 
  Wasa anu di kawasakeun jadi pangawasana, teges dina
ngawasakeunana. 
Susunan wali Sawaraga anu Nawaruga:
Wasana  Panga-
wasana
Ngawasakeun-na-na.
1. Panon     Tingal.           Sidik =  ka anu di Reungeu Mustika Puraga Jati Sunda

36
keunnana
2. Ceuli.      Dangu           Seukeut = ka anu di Rungu
keunnana
3. Irung.      Ambung.       Teges = ka anu di
Angseukeunna-na
4. Biwir.       U c a p.        Tetes = ka anu di  
Lisankeunna-na.
5. Uteuk.     P i k i r.        Telek = ka anu di 
Sawangkeunna-na.
6. Sarap.    R a s a,        Teteg  = ka anu di  
Rusraskeun-na-na
7. Jantung    Renghap.  Teger = ka anu di
Lenyapkeunna-na
8. Leungeun  Rampa.     Tapis = ka  anu  di 
kupiskeunna-na
9. S u k u.              Lengkah            Tandak = ka  anu  di 
Tincakkeunna-na.

Susunan Wali Sajiwa anu Nawarajati.
1. S  i  r  Geter anu nyangking ka
hayangan,geusan ku pamilih Ati.
2. R a s a  Buah hasil tina tepungna antara
geteran,panyangkingna wasa,
3. Cipta  Geter anu nyangking diantara
pikir,keur ka hayangan (gambaran).   
4. A k a l  Upayaan geusan tepung kahayangan,
panyungsian jalan tujuan.
5. B u d i  Wasa anu nyanking dina pamilihna Mustika Puraga Jati Sunda

37
jiwa geusan nga basa usik rasa.
6. Da y a  Wasa anu nyangking dina waruga
geusan ngabasakeun usik raga.
7. A s m a  Wasa anu nga wasta (nga-ra-na),
warugana
8. S u k m a  Ruh hirup anu ngusikeun, alam pikir
(akal)    
9. lelembutan.      Ruh hirup, nu ngusikeun alam sadar.
Nyusun  Basa anu kudu dibasa keun. jeung Wasa
anu kudu diwasakeun,  Maca keun  lalakon,  salila léngkah
ngasuh hirup, ti awal gelar ka alam na, nepi ka ahir hayat
na,  geusan, masrahkeun ka anu ngagelarkeunana, asal
gelar dina ka aya an  suci, mulang kudu suci, malah
ngantun gé kudu ninggalkeun kalam anu  suci, geusan
nitiskeun tur nétéskeun ka anu di kantun, nyata tuturunan.
Sunda, asal kecap awal tina:
Sun = Ku Réhing, atawa mahluk cipta ning. Kuring Na, anu
mibanda:
o  Cahaya 
o  Jati  
o  Wasa
Da  =  sang Kurung (Ku Ruhung),  (anu di barengan),
nyatana kurung, Na,  
o  Kurung Na.
o  Waruga Na.
o  Wujud   Na (anu kawasa an).
Na  = nu hirup, (nu ngusik keun, nu ngobahkeun, nu
ngarasa keun, nu nganyaho keun, jeung anu ngahartikeun.      Mustika Puraga Jati Sunda

38
Sun, atawa  SunNa, ngandung harti mahluk  nu
dicipta.
   SunDa, atawa  Sun Daha  =mahluk anu di cipta
dipagelaran (alam hirup,na),nu di sebut   DaNya   atawa
DunyaNa, (Ingsun Medal).

Ingsun medal tandang nyangking ka Hyangan
Ingsun medal tandang nyandang   ka Hayang. 
Ingsun medal tandang ku Dia Hyang.
Ingsun medal tandang nyangkuring Caang 
(Sang Kuring, sang Hyang, ka barangan ka beurangan). 
Sunda,  bisa ngandung harti, tataran alam jagat
buwana anu geus dihin ku pasti, pikeun tatapakan
ngalalakon, mahluk anu di cipta, geusan ngalalaku alam
hirup lalakonan, dina patapakan,anu ngeunaan kana
pangalaman, nu di alaman, sangkan ngajadi  alamna,  tur
nga jadi kalamna,  patangtu an  Titis Tulis na. Hasil dina
panyorangan, ku sorangan, nu ka sorangan tur keur sora
ngana.
Sorangana pituturna,  nya  anu Maha, nu nga wasa
keun.  Nyorangana  ngalisanna, nyata ingsun anu 
ngumaha, anu nga basa keun: 
  Sora geusan jadi ucap, Nyora geusan jadi lampah..
  Kedal ucap, ku basa na.   
  Medal lampah, ku wasa na. 
Ucap sora: Nga Ungkara  jadi  lisan jeung haksara.
  U c a p: Pangawasa sora mahluk, pikeun nepikeun
kereteg anu jadi panganteur maksud jeung kahayang,
nu mangrupakeun sorana  eng, ngang.
  S o r a : anu negeskeun  ciri-ciri  sawara na mahluk.  Mustika Puraga Jati Sunda

39
  Sora anu jadi ucap disebut : Kecap,  ngan aya di
Manusa. 
  Kecap:  kedal lisan, anu  nga ungkara nepikeun 
maksud.
B a s a   
  Basa sora: runtuyan kecap anu nga ungkara mangrupa 
kalimat (nyawara). Paparan keur nepikeun  maksud.
  Basa rasa:  paparan nepikeun maksud tina gambaran
anu nga ungkara kaayaan haté, ébréhna aya dina gurat 
Raray,  (beungeut, rupa, pameunteu).  Raray: Cahaya
anu nga ungkara kaayaan haté.
  Basa Awak: paparan pikeun nepikeun pamaksudan
ucapan, anu di lisankeun ku usikna awak, angonan
badan.
  Basa Haksara: paparan pikeun nepikeun pamaksudan
nga ungkara ucapan ku mangrupakeun  simbul tulisan
(Haksara Hurup jeung haksara Angka).
  Basa Badaya: Paparan pikeun nepikeun pamaksudan
dina ngaébréhkeun gerentes haté, pikeun ngaungkara
gambaran ka hirupan, anu di tepikeun ku mangrupa
hasil karya seni.
Lampah  nga  ugara  jadi   tulisan, salaku  tutur
jeung laku pikeun  panga aji  ka diri (pangajén diri), panga 
harti (pangarti).

AHUNG SWASTI ASTU 
PURANA KARSA
Sampurna  di wasana  anu maha.

PURAGA KERSA
 Mustika Puraga Jati Sunda

40
Sampura Na, di Basa ing SunNa, anu NgaMaha.
Tedak ing Wang kawasa Na, tedak ingsun hing  kang di
wasa.
Tedak kang pitutur laku,
Pitutur kang ing Ruhmuhun.
Nu ngarsa linggih Tumuhu
Mager alam ingwang NuSa  SunNa.
Nusa  HaNa,……. Nusa  CaRaKa. 
Nusa  DaTa ,……. NuSa SaWaLa.
Nusa  PaJaYaNya
Nusa  MaGaBaNga.
Nitiskeun sari paaji, nétéskeun  sari paharti,
geusan keur ngarumat rasa, sangkan keuna kana titis tulis
diri, kudrat  pasti ti Hyang widi, keur nangtung keun
kadihinan (kayakin an), takdir diri, kadar awak, dumasar
kana sagala papastén anu geus jadi katangtuan ti dituna.
Pikeun ngawujudkeun tangtungan pangadeg diri, jeung
jati, geusan  kumawula, nyabdakeun ka anu kaGung an. 
NgaRasakeun
Nga Rasa keun, NgaRas keun tur NgaRumasakeun.
Ngarasakeun, tepung:
  Nga= engeuh, 
  Ra=cahya  
  Sa=teges 
Ngaraskeun, Nampanan:              
  Nga= engeuh, 
  Ras= dirasakeun
Ngarumasakeun, Tumarima:  
  Nga= engeuh,  Mustika Puraga Jati Sunda

41
  Ru=nyahayana, 
  Ma= jati ning suci kuringna, 
Ra=cahya  Sa=teges, keun
Wanda jeung Banda
Salaku mahluk  anu miwanda wujud jeung rupa
anu ka Wastaan,  nata tapakna, teu saru, antara pangakuan
jeung Palakuannana.
          Titis:   ngandung harti,  rupa atawa wujud  disebut
(ngawanda).  Tulis,ngandung makna, nu negesan tabéat
atawa sipat, di sebut (ngabanda).
   Contona, lamun mahluk ngaWanda  Sato, tangtuna
ogé, pasti  wiBanda  sipat,  kasatoan.  Lamun  mahluk
ngaWanda  Manusa, tangtuna ogé pasti  miBanda  sipat
kamanusaan.
Wanda  jeung banda, teu misah, tampa diantaraan
ku wates jeung ruang pamisah, dii sebutna (Gumulung).
Wanda gelarna Ules watek (Sipat),   Banda (Pakaya
WasaNa). Upamana, Gula jeung amisna, Uyah jeung asinna,
seuneu jeung panasna, panon jeung tingalna, jeung réa-réa
deui conto anu liannaa nu sarua. Tapi anu béda ngan kadar
jeung pastina, gumantung: paragina, gunana, katang-
tuanana jeung ngamangpaatkeunana, 
Kanda jeung Kara
  Aya Wanda, aya Banda, tangtu bakal  jadi Kanda
atawa kara.
  K a n d a,  lalakon hirup ngangking ka hadéan
sakumaha kudrat pasti ku alamna (bukti wujud nyata).   
  K a r a,  lalakon hirup nyangking kahadéan
kugambaran alamna (panyamaran antara bener jeung
salahna).  Mustika Puraga Jati Sunda

42
   K a n d a  : tatapakan awal  jeung ahirna ciciptan,
anu gelar di alam tempatna, dina titis tulis ku pastina,
datang jeung mulangna di pagelaran ka pangbalikanana,
tinangtu ka asal wiwitanana, nu disebut 
“Mulih ka Jati ning Suci, Mulang  ka jagat ning asalna,
ka alam caang, poé padang, tara bangsa, nagara
tunjung sampurna” (Pang Lokatan).
K a r a  : tatapakan léléngkahan awal jeung ahirna
hiji lalakon, di sarungkeun ku panyamaran jeung
gambaran ,keur nangtu keun  hiji kahayang, ku katangtuan
: Bener jeung salah,  kudu jeung ulah,  karma  jeung pala,
pang bibita jeung panyingsieunan,  anu jadi aturan atawa: 
Dogma: hasil buah pamikiran anu bisa jadi, Aturan
nu lahirna, ku panyarungsuman antara akal nyambung
jeung nafsu, anu di sebut  “KaRa. (olah pikir nu hirup), 
atawana  aturan nu gelarna muraga jati, tepungna  antara
akal jeung rasa. (Pangabaran) nu di sebut  “Kanda.   
K a r a : nyandang pangaraksa nu Murwa  daksi ing
pasti.   
Kanda: nyangking kersa hyang Maha Murba  hing
Wisésa, Tanpa rupa, tanpa sora tanpa warna, , tanpa:  
Panegesan  di luhur, mangrupakeun katangtuan
keur anu NgaMaHa, kanu kaGungan Ma-Ha. Sangkan nuju
kana hiji bener, ku rupaning wujud bebeneran, geusan
tepung jeung tujuan bener anu hiji. ”Anu sa enya-enyana
bener” (Aya Bukti anu Kanyataan).
Satiap wujud, tangtu ngaWanda  rupa dibéré
ngaran atawa(Wasta), tur mibanda Ules watek (sipat).
Teges jadi ciri anu ngabédakeun antara mahluk hiji, jeung
mahluk anu liana,  saperti : 
Wujud  anu di wasta  (ngaran), mi Wanda  (rupa)
Jeung miBanda  (Sipat), mangrupakeun karsa jeung karsa, Mustika Puraga Jati Sunda

43
ti Kudrat   PastiNa. geus ngajadi  “Titis Tulis, jeung
Tulisannana, dina Kalam Sorang-sorangna,  saperti:  
Wastana, sato, tuwuh (tangkal), seuneu, cai, angin,
taneuh, jelema, jeung réa réa deui mahluk anu liana, pada-
pada nga bangsa an séwang séwang (titisan). 
Ka sipatan ku carana hirup séwang-séwang, anu
geus di tangtuan ku kapastian  (tulisan) anu jadi laku jadi
lampah  pari polah kabiasaanana. Tapi anu di sebut alam
hirup jeung pahirupan, tinangtu mampu ngahirupan sipat
ka mahluk anu merlukeun kabutuhan, keur nyumponan
kabutuhan jasadna (parab Jasad), bias mangaruhan sipat
anu ka parabannana.
Tapi lamun Jalmaan  Mahluk anu jadi wadah sipat,
salaku Manusa anu kamanusaan, tinangtu bakal  mampu
nyampurnakeun tur ngimbangan sagalana sangkan katutur
ku sipat anu jadi ka hadéan.

“Hadé tapi Kahadé”
Hirup geus ti di tuna.
Bongan tuna sagalana
Hirup nu ku kersana
Keur nusana
Hirup nu ku karsana
Keur nu karasana
Nu sasawa, nu sahudara
Nu sada, nu sadara
Nuhu, nu tuhu
Ku Dia Hyang, hirup geus ti di tuna, asal tuna
sagalana, ka usikan, ka obahan, ka wasaan tur ka basaan,
(Hirup lain ka hayang, tapi ka hyangan, ku pasti Na  (kersa
Abdi, karsa Gusti).    Mustika Puraga Jati Sunda

44

PARIGEUING  GEUSAN NYUNDA
Pari geuing, mangrupakeun pitutur pikeun milaku  sipat
anu Nyunda, keur ngayoman, cirri  dina diri, tur cara anu
nyoko dina Uga, malar pi bahaneun, bekel hirup di alam
jeung papadana, luyu kana tujuan hirup anu sategesna
nyatana Nyicipta Kamardhi ikaan (Merdéka).
Panegesan kaluhungan élmuning Sunda  geus teu
ka ukur ku catur, atawana katalar ku baca, tapi ébréh teges
dina pari polahna jadi pangakuan dina lalakuan, sabab
tangtuna ogé sagala anu dirasa, anu karasa, tur hasil dina
pangarasaan, ngajadikeun hiji ajén dina nyumponan
pancén pikeun tumarima iwal ti ku medalkeun rasa, ku
karumasaan.
Ayana rasa, rumasa jeung tumarimana  manusa
dina élmu kamanusaan tinangtu bakal nga wujudkeun hiji
Bangsa anu kabangsaan, anu geus di tangtukeun ku Sang
Hyang Maha Kersa ( Gusti anu Maha tunggal), anu geus jadi
hiji papakon patakonan, ti sang Hyang Luluhur Sunda,  anu
negeskeun :
“Nu kangken bijil ti Nirmala ning lemah. (rasa rumasa) 
ngarana inget disanghyang siksa.  (tumarima) mikukuh
talatah ambu, bapa, aki lan buyut, nyaho disiksaan  maha
pandita  mageuhkeun ujarning kerta”.
Éta diluhur negesan talatahna   aturan-aturan
hokum dumasar kana “Cipta, Karsa jeung Kudrat”,  tegesna
yén Manusa Sunda  :
  Ulah mopohokeun ka anu nyipta (Tuhu ka Kersana 
anu disebut KaTuhannan).
  Ulah Nyapirakeun kana talatah tur piwejang para
karuhun. (Tumut ka Luluhur). Mustika Puraga Jati Sunda

45
  Ulah ngaliankeun ka sasama ciptaning Gusti,  ajén ka
lemah caina. Anu jadi pangasalan sarining patina anu
marengan.
Sangkan pinanggih jeung
Kawaluyaan, karaharjaan, tur kamulyaanana, 
Mulus Rahayu berkah salamet,  
Cageur, 
Bageur tur Bener, 
Mulus lalakon jasadna, 
Rahayu lalakon gawéna, 
Berkah ku nilikna, 
Salamet lalakon juangna, 
Cageur Awakna, 
Bageur Kalakuanana. 
Tur, Bener Élmuna.
Dina Papakon diluhur, tinangtu anu utamana,
geusan ngawasakeun jasad sadiri, salaku kawasa Gusti anu
maha Tunggal, sa muduna di jaga di jaring, dina ujaring
talatah luluhur  anu di sebut  “Dasa Kerta.
Dasa kerta   “Pamali”   
1.  Ceuli ulah rék ngadéngé, anu lain déngéeunnana. Sabab
bakal jadi mamala.
2.  Panon ulah sa ténjo-ténjona , lamun anu teu pantes
ténjoeunana.
3.  Kulit ulahnepi ka samara rasa samar polah, alatan karo
béda ku pangaruk panas jeung tiisna.
4.  Létah ulah salah dina mi guna rasa jeung
ngarasakeunana.
5.  Irung ulah sa ambeu-ambeuna mun lain
ambeukeuneunnana.
6.  Sungut ulah rék sambarangan ucap lamun lain
ucapeunnana. Mustika Puraga Jati Sunda

46
7.  Leungeun ulah sa cokot-cokotna,lamun lain
cokoteunnana.
8.  Suku ulah dapon ngaléngkah lamun lai tincakeunnana.
9.  Tumbung ulah dipaké  nu lain muduna, utamana dina
dina harti hubungan badan.
10. Baga purusa ulah dipaké nyacapkeun silih pika asih,
jeung nu lain hakna.
Dasa Prabakti. Tatakrama.
Nata dina bagbagan anu dipaké  pikeun hirup kumbuh
jeung papada, dumasar dina ayana Tatakrama, anu jadi
salahsa hiji cara jeung ciri anu mudu kapibanda ku manusa
Sunda   saperti :
1.  Budak Tumut ka Indung Bapa.
2.  Pamajikan satia tuhu ka salaki, salaki satia tuhu ka
pamajikan.
3.  Siswa Tuhu ka guruna.
4.  Patani tuhu ka Wado.
5.  Wado tuhu ka Mantri  jeung sajabana.
Dumasar kana ayana Undak usuk  dina susunan kulawarga
atawa dina pataréma pancén pikeun nyumponan  harti
tunduk atawa tumut anu jadi pa Tuhuan, kana tangtuan
hokum jahirupan salaku manusa tunduk ka Hyang (nu
maha kersa).

Dasa Prasanta :
Nya éta sapuluh cara pikeun panggih jeung katingtriman
haté, anu kudu dipilampah. Ku singsaha anu keur ngalaju
ning laku dina pahirupanana, saperti:
1.  Guna    (wijaksana). Mustika Puraga Jati Sunda

47
2.  Rama    (ramah).
3.  Hook  (deudeuh).
4.  Pésok   (kataji).
5.  Asih     (héman).
6.  Karunya (mikawelas).
7.  Mukpruk (muji).
8.  Ngulas    (niténan hasil gawé).
9.  Nyecep   (ningtriman haté).
10. Ngala angen ( ngagumbirakeun).
Tegesna dadaran anu diluhur, mangrupakeun anu
katimu, ku manusa Sunda, dina ngolah tapak dasar hirup
anu sategesna geusan nyubadanan tujuan ngamulyakeun
ka sampurnaan hirup, di dasaran ku budi basa anu
merenah katarima ku anu lian , matarémakeun rasa
kasugemaan keur haté nu lian
Jembarna Manusa, nyaéta. Anu bisa méré
kasugemaan, ka genahan ka na haté papadana:
Nulung ka anu keur  butuh.
Nalang ka anu keur susah.
Nganteur ka anu keur keueung. 
Nyaangan ka anu keur poékeun.    
Pari geuing au nyangking dina eusining Dasa
Prasanta, teges némbongkeun atawa nyicirénkeun 
kaluhungannana  jeung kalantipan budi manusa Sunda
bihari, dina nata ngawangun ka sajatian ules watek budi
daya  dina sagala widang saperti :
1.  Nata ngawangun Rasa jeung rumasa. (kaTuhanan).
2.  Nata ngawangun Jiwa (kapribadian, kaManusaan).
3.  Nata ngawangun Pribadi. (kaBangsaan). Mustika Puraga Jati Sunda

48
4.  Nata ngawangun Prilaku (kaRohhayatan).
5.  Nata ngawangun Nagari (kaAdilan).
Pikeun kapengkuhan nyicipta ka tingtriman, 
rahayat jeung somah dina ngawujudkeun lalaku dina sipat’
“Silih asih, silih asah, silih asuh, keur wawangi nagri.
Geusan  ngajembarkeun  rahayat ku kaadilan, ngamerdika
keun Bangsa tur Nagarana.






Tidak ada komentar:

Poskan Komentar

PADARINGAN

RERENCANGAN

Simkuring

Foto Saya
Sumedang, Jawa Barat, Indonesia
Sampurasun Salam pangwanoh kasadayana ... teupangkeun simkuring sibudak angon ti sumedang sanes agul ku payung butut sanes oces ku karung soek ngan ukur nyimpenan arsip kolot urang bahela teungarasa asa pangpinterna teu ngarasa asa pangnyundana... tpi ngaraos nyaah kana kasundaan nana bilih aya catur nu teu matut hapunteun da simkuring mah nuju di ajar Cag Pun Budak Angon Rampes