Senin, 22 Agustus 2011

Sandi - Sunda

Seja kula ngawitan 

*Titis mangsi memeh tulis,marga kalam geus tiheula,lain pilayangeun kuring,gurit puji hyang widhi,gurit bawaning ti qadim,layang bawaning ti qodrat, 
tungkusan para bujangga 
bukaeun ayeuna jaga 

*Galeuh nu mangpirang taun 
untung teu laas ku jaman 
manusa anu sajati 
tilarna bujangga anu linuhung 
Hung...ahung... 
 

1.Lain iwung lain bitung 
haur beuti teu saawi 
kai mah da lain jati 
jinis hiji teu sawiji 
cara sair lain lambit 
hamo saaing sa kuring.. 

2.Saban wayah teu sausum 
beurang teu sareujeung peuting 
sawendu cadu sawanda 
sejen poe beda mangsa.. 

3.Geura ngaca bari ngeunteung 
neuteup deuleu melong tenjo 
nguping keun ceuli jeung dangu 
ngambeuan irung jeung angseu 
nyebutkeun sungut jeung dawuh 
ngalandi kaula-gusti.. 

4.Nilik diri sapribadi 
ngawincik usik jeung malik 
nataan lengkah ku lampah 
lir milang renghap ku nafas 
ngitung umur nya kuhirup 
nyungsi pinasti ku pati.. 

5.Titip insun jati Sunda 
dharma marganing utama 
manjing jatining lastari 
riksa nagara tangkal palias.. 

Asal waru tunggul Ra-hayu 
yuga karesiyan na agama-dirigama 
masing masing ngajisim 
simpay raga rasa acining manusa 
sampurna ning budi paran ning dumadi...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

PADARINGAN

RERENCANGAN

Simkuring

Foto saya
Sumedang, Jawa Barat, Indonesia
Sampurasun Salam pangwanoh kasadayana ... teupangkeun simkuring sibudak angon ti sumedang sanes agul ku payung butut sanes oces ku karung soek ngan ukur nyimpenan arsip kolot urang bahela teungarasa asa pangpinterna teu ngarasa asa pangnyundana... tpi ngaraos nyaah kana kasundaan nana bilih aya catur nu teu matut hapunteun da simkuring mah nuju di ajar Cag Pun Budak Angon Rampes