Rabu, 16 Februari 2011

HIJI coretan Ti Rosyid É. Abby

(Milang léngkah ti mangsa ka mangsa ngitung umur waktu demi waktu ngijir-ngijir wanci ti bihari ka kiwari. Ki Sunda cenah mah leungiteun dangiang leungiteun tapak leungiteun lacak Nu aya ukur kari ngaran ukur kari ngaran!)



Sakséni tuh langit nu paul, sakabéhna paul atra walatra dipapaés ngeplak bodasna méga Sakséni tuh tanah angar nu ngan kari saheureut di gédéngan ku imah-imah beton ngajungkiring mapaésan dayeuh Bandung  Di gédéngeunana deui villa-villa alagréng masieup lemah sarakan

Bihari

karuhun ngawariskeun kanyaah Tanah nu héjo ngémploh sagara pulas paul langit lénglang, méga bodas

kapan nu urang

Kiwari urang kari nyawang tanah nu héjo ngémploh tinggal saheureut sagara kelirna rupa-rupa kacampuran mangpirang kokotor langit lénglang bet jadi ngemplong dirogahala ozon Kapan éta gé geus jadi milik urang

Baringsupagi tanah, sagara, langit biheung kumaha jadina biheung kumaha engkéna



2



Duh, si miskin jadi kaom terusir si kaya bisa mungkir Si miskin dibuligir si kaya jadi kafir Duh, si miskin jadi kaom terasing si kaya ngabaheuhay di menara gading Si miskin jadi maling si kaya teu ambil pusing



(Lawang si kaya lawang si miskin ngajega jungkrang nu lungkawing)



3



Mangsa pangawasa nagri raos-raos calik na korsi gilang kancana aya nu gupuy-gapay néang puntangeun pabeulit reujeung eusi beuteung nu taya kendatna melas-melis ménta eusi Ari di ditu, nu raos-raos calik teu engeuh dunya nu di handap



(riceuw-riceuw sual démo sual undakna bahan-bahan poko, rékening listrik jeung telepon sual milih pikadéseun jeung pigubernureun pabaliut jeung sawatara katugenah rayat kaom cacah kuricakan)



Di dieu urang leungiteun beungkeutan rempug jukung sauyunan saukur sloganismeu anu cumah kecap “menjalin persatuan dan kesatuan” ukur payus mapaésan layar télévisi



4



(Ki Sunda nu ti mangsa ka mangsa pinuh dangiang Geus dicatet ‘na lambaran sajarah Geus dicutat ‘na lambaran lontar ti jaman raja-raja bihari tug tepi ka jaman konglomerat kiwari tétéla masih kénéh poékeun ngararampa jalan sorangeun)



Ka mana Ki Jurupantun ngapung-ngapung ngaprak méga ngabaladah buana Ka mana ronggéng-ronggéng makalangan da geuning kasilih héab ti kulon mangsa rock, slowrock, heavy metal, rap geus teu nyemah deui di tanah urang



5



Tuh, pasawahan, balungbang, pasir jungkrang nu lungkawing geus keuna ku héabna pangwangunan



(Pangwangunan! Pangwangunan! Cenah mah demi karaharjaan?! Cenah mah demi ma’murna nagri?! Di pakaleran Bandung kuring mireungeuh kebon-kebon sugih jadi wangunan alagréng Di tegalan upluk-aplak kuring mireungeuh lapangan golf dibudayakeun Di mana-mendi kuring mireungeuh pabrik-pabrik dug-deg Di langit nu geus kahéaban ozon kuring mireungeuh parapangawasa nagri bentik curuk balas tutunjuz Di satukangeun méga kuring mireungeuh diri gupuy-gapay muntangan méga



6



Barudak seunggah ulin di buruan sab buruanana ngan sacangkéwok Barudak seunggah rék ulin mangsa bulan keur béngras Ucing sumput ditéma bancakan jeung bébénténgan atawa oray-orayan reujeung slépdur sab di puseur-puseur pertokoan sadia kaulinan ti kulon Tamiya, vidéo games, games-watch, pé-és mahabu di mana-mana Basa rumaja Sunda geus jadi basa nu mandiri Basa Batawi elu-gué pacampur basa gogog direumbeuy basa Inggris little-little younkey

Laju, Ki Sunda di mana? Dangiangna kumaha?



(Geus béakeun dangiang cenah Ki Sunda téh geus leungiteun tapak geus leungiteun lacak alaguanana gé cenah geus béakeun wirahma béakeun wirahma; Rék kumaha ketak Ki Sunda Rék ka mana nya lampah kudu ngaléngkah?)



7



Ki Sunda Ieu kuring urat nu manteng jeroeun awak anjeun Ieu kuring balung kadeudeuh nu nganteng na lelembutan Ieu kuring getih kaasih nu ngamalir saawak-awak Rék di mana nya kudu ngarereb? Rék kumaha nya pilampaheun? Kuring katambias di tanah ciciptan parapohaci kiwari Kuring ngalungsar di tanah nu ngan kari saheureut  Kuring leungiteun lacak Kuring leungiteun tapak di jaman kiwari Sajarah bihari nu kacaturkeun léndo ku cai ma’mur ku tatanén kiwari ukur jadi catur tanpa bukurukur aya dina dongéng-dongéng ukur aya dina seminar-seminar ukur aya dina sawala-sawala parabudayawan



(Ema, dikamanakeun tanah sacangkéwok nu baheula dipaké ngubur bali?)

(Bapa, rék di mana barudak urang mun rék mulan?)



8



Hyang karuhun, hyang batara-batari tutunggul kamerdékaan geus ditanjeurkeun di ieu nagri tapi bulan pias angger ngaririwaan luhureun langit tapi béntang bet teu nembongan saendeng-endeng



(Boa ngan ukur ririwan mangsa urang pules ku rupaning katugenah Boa ukur ririwan mangsa kaadilan méhong ku mangsi hideung kakawasaan)



9



Geus! Teu kudu deui nyarita perkara bulan jeung béntang da langit geus nyakséni getih hangru jeung bugang nu patulayah ukur jadi saksi jaman nu pireu ngabigeu

Tuh! Bulan jeung béntang mah ukur papaés mangsa urang keur lindeuk ku katunggara cinta

Teu! Teu kudu deui nyarita perkara; langit nu lénglang, bulan nu béngras, atawa béntang nu baranang da saksi jaman réa kénéh nu kudu dipaliré dipiroséa



(Sakséni tuh geus sabaraha metér-kubik cimata nu sakeclak-sakeclak dipaké tumbal nyeungceurikan saksi-saksi jaman nu teu kapaliré teu kapiroséa!



Bandung, 21 Januari 1995

1 komentar:

  1. Tandang menak Pajajaran
    Kadiya banteng bayangan
    Sinatria pilih tanding
    Tohpati jiwa jeung raga
    Seja angkat mapag jurit

    Najan di luhur langit
    Hamo burung rek disusul
    Sumujud ka ingkang rama
    Prabu Agung Silihwangi
    Layang domas layang domas didamel jimat nolak bala

    Sinatria Pajajaran
    Putra silih Silihwangi
    Estu panceg mamanahan
    Seja moal waka mulih

    Najan nemahan pati
    Mun guriang tacan tumpur
    Ngesto ka ibu ka rama
    Sumambat ka Maha Suci
    Teguh pengkug teguh pengkuh, henteu unggut kalinduan

    -------(Tembang Salaka Domas)-----

    BalasHapus

PADARINGAN

RERENCANGAN

Simkuring

Foto saya
Sumedang, Jawa Barat, Indonesia
Sampurasun Salam pangwanoh kasadayana ... teupangkeun simkuring sibudak angon ti sumedang sanes agul ku payung butut sanes oces ku karung soek ngan ukur nyimpenan arsip kolot urang bahela teungarasa asa pangpinterna teu ngarasa asa pangnyundana... tpi ngaraos nyaah kana kasundaan nana bilih aya catur nu teu matut hapunteun da simkuring mah nuju di ajar Cag Pun Budak Angon Rampes