Kamis, 17 Februari 2011

PEPELING TI KOLOT

anom :mungguh kitu ari hirup,mudu leumpang nyorang leuweung hurip
na.halangan harungan,taya towongna,megatan di jajalaneun.urang mudu
eling,kumelendang teh hanteu nyorangan,dina harti asa aing
pangpunjulna.dia mudu inget,di beh ditueun langit teh apanan aya langit
deui.legana awun-awun,legana jagat buana panca tengah,rempeg ku hurip
jeung kahirupan nu teu kajeujeung ku mata lahir.mangkeluk-mangkeluk
jirim jisim nu lalemes,nyaraksian sabudeureun kahirupan urang.

manusa leuwih punjung,sabab dibere akan jeung pangabisa.

pangabisa eta gumantung kumaha lantipna pamuhit urang..

urang mudu apal reujeung lilinggeranana.mudu nyaho hirup jeung kahuripan
nu kumeling di ieu buana,nyaho kalawan jero-jeroanana.jampena,ajenan
sakabeh nu kumelip,ti mimiti tongo tepi ka gajahna,ti mimiti lukut tepi
ka tangkal kiara na,ti mimiti nu teu kajeueung tepi ka nu teu
kajeueung.eta teh kabeh ge ciciptan nu diancokeun pikeun maturan hirupna
urang,maranehna teh babagian tina kahirupan urang....

2 komentar:

  1. sae.. reueus..!!
    lamun lain ku urg . rek ku saha deui ngamumule BUDAYA SUNDA..

    BalasHapus
  2. hatur nuhun gan nya eta tapi hapunten sanes asa pang sundana sanes asa pang aingna tapi nyaah kana kasundaan nana

    BalasHapus

PADARINGAN

RERENCANGAN

Simkuring

Foto saya
Sumedang, Jawa Barat, Indonesia
Sampurasun Salam pangwanoh kasadayana ... teupangkeun simkuring sibudak angon ti sumedang sanes agul ku payung butut sanes oces ku karung soek ngan ukur nyimpenan arsip kolot urang bahela teungarasa asa pangpinterna teu ngarasa asa pangnyundana... tpi ngaraos nyaah kana kasundaan nana bilih aya catur nu teu matut hapunteun da simkuring mah nuju di ajar Cag Pun Budak Angon Rampes